Wah punten memang seueur salah ketik, tapi nu tungtung lepat
pisan. Maksadnya NYAMPAK.


--- In [email protected], Abbas Amin <abas_ami...@...> wrote:
>
> "Hehehehe............B Kombayana, tuh diditu aya balong, kaciri jelas pisan; 
> tuh
> tempo aya manuh Hurang keur ngintip lauk, mun ku urang disampeurkeun pasti
> gamah, eta manuk hurang tangtu bakal kaburna. Nah sampeyan ulah ngadeukeutan 
> ka eta manuk, tapi ti dieu kudu dipanah; tapi eta manuk teu meunang paeh, 
> jeung teu
> meunang aya salambar oge buluna nu bocek. Tapi ku urang bisa 
> katewak.............
> Kumaha sanggup ? Mun teu sanggup atawa dina dipanahna teu saperti nu 
> disebutkeun 
> ku Kaula, sampeyan daek teu daek kudu nyembah ka sarerea bari tomada menta 
> dihampura.................hehehehe...........kumaha kira2 sanggup ?"
> 
> Eta sarat2 nu diomongkeun ku KI Jugala tangtuna ge lain perkara gampang, 
> pasti 
> hararesena malah pamohalan pisan; kabeh anak buah Ki Jugala kaasup Ki Raksa
> sareuri na hate; da kapan pamohalan pisan, tangtu ieu B Kombayana bakal 
> nyembah
> ka sarerea, ku hal ieu oge Ki Raksa saparakanca ngarasa lega mamanahan; 
> lantaran
> eta hiji kahormatan anu gede pisan; tapi pikeun B Kombayana tangtuna ge teu
> ngeunaheun pisan. Puas siah, kitu pikiran Ki Raksa jeung nu sejenna.
> 
> Ari B Kombayana, barang balem Ki Jugala , duka kumaha carana masangkeun 
> jamparing jeung ngeceng , da teu kanyahoan deui eta manuk hurang geus ragrag
> ti na dahan jambu nu ngajorok ka balong nu jadi tempat eunteupna; terus 
> diburu ku
> sababaraha prajurit. Matak helok pisan, eta manuk Hurang teh mulus pisan, teu
> bocel saeutik eutik acan , barang dihiberkeun deui; ngan sakilat eta manuk 
> Hurang
> hiber mani ngabiur, meureun ku reuwas2na.
> 
> Atuh ki Jugala jeung para anak buahna ngan bati olohok, ningal kasakten ieu
> B Kombayana; tina karaget, teu dikomando deui, brek wae eta kabehanana nyembah
> ka B Kombayana :" Nyata sampeyan jalma luhung ku elmu, jembar ku pangabisa;
> Kaula sakabeh ngahargaan pisan ka sampeyan; lamun sampeyan daek ngajar
> ka kuring sakabeh; kuring kacida nuhunna."
> 
> "Eh ki sanak sadayana, nuhun ki sanak sadaya tos ngahargaan ka na kabisa 
> Kaula;
> tapi Kaula tacan boga paiatan ngangkat murid; tah meureun Kaula geus 
> ngajalanan
> naon nu jadi sarat nu disebutkeun ku KI Jugala, tah ayeuna Kaula rek meredih 
> ka
> andika sadaya, ngeunaan ieu orok Kaula."
> 
> Sadayana sami hanjelu, tapi teu bisa kukumaha, teras wae Ki Jugala nyarita:"
> Euh perkara neangan piindungeun orok , aya warta pikabungaheun keur andika,
> rada anggang ti ieu tempat, aya padepokan, nu boga na Hiji Resi, eta Resi 
> jeung
> kulawargana boga adinu kawentar oge geulis; geus loba nu ngalamar, ngan sigana
> eta istri teh, can aya maksud imah tangga; padahal nu ngalamar geus jul jol; 
> nya
> atuh ku sabab didesek ku rakana supaya mere putusan, eta istrina daek nikah, 
> tapi
> kudu ka lalaki nu gagah rongkah cenah, nu bisa ngelehkeun rakana."
> 
> Nyata Resi nu jadi lanceuk eta istri teh, gagah rongkah; da nepi ka danget 
> ieu teu
> aya pamuda nu bisa ngungkulan kagagahan eta Resi. Loba anak Bupati jeung 
> pandita,
> nu kawiwirangan, lantaran kasoran di na tarung jeung eta Resi. Tah meureun, 
> sugan
> sampeyan mah bisa; da kaciri ku Kaula di sampeyan sagala byanpak."
> 
> 
> Hanca
>


Kirim email ke