Teu nanaon, masih kahartos kang. Sok ah lajengkeun. Macana rada ganggarateun yeuh...... sapotong sapotong.. He...he..he. Panasaran ......
--- Pada Kam, 15/7/10, Abbas <[email protected]> menulis: Dari: Abbas <[email protected]> Judul: [Urang Sunda] Re: Bambang Kombayana ka-7 Kepada: [email protected] Tanggal: Kamis, 15 Juli, 2010, 8:36 PM Wah punten memang seueur salah ketik, tapi nu tungtung lepat pisan. Maksadnya NYAMPAK. --- In [email protected], Abbas Amin <abas_ami...@...> wrote: > > "Hehehehe............B Kombayana, tuh diditu aya balong, kaciri jelas pisan; > tuh > tempo aya manuh Hurang keur ngintip lauk, mun ku urang disampeurkeun pasti > gamah, eta manuk hurang tangtu bakal kaburna. Nah sampeyan ulah ngadeukeutan > ka eta manuk, tapi ti dieu kudu dipanah; tapi eta manuk teu meunang paeh, > jeung teu > meunang aya salambar oge buluna nu bocek. Tapi ku urang bisa > katewak............. > Kumaha sanggup ? Mun teu sanggup atawa dina dipanahna teu saperti nu > disebutkeun > ku Kaula, sampeyan daek teu daek kudu nyembah ka sarerea bari tomada menta > dihampura.................hehehehe...........kumaha kira2 sanggup ?" > > Eta sarat2 nu diomongkeun ku KI Jugala tangtuna ge lain perkara gampang, > pasti > hararesena malah pamohalan pisan; kabeh anak buah Ki Jugala kaasup Ki Raksa > sareuri na hate; da kapan pamohalan pisan, tangtu ieu B Kombayana bakal > nyembah > ka sarerea, ku hal ieu oge Ki Raksa saparakanca ngarasa lega mamanahan; > lantaran > eta hiji kahormatan anu gede pisan; tapi pikeun B Kombayana tangtuna ge teu > ngeunaheun pisan. Puas siah, kitu pikiran Ki Raksa jeung nu sejenna. > > Ari B Kombayana, barang balem Ki Jugala , duka kumaha carana masangkeun > jamparing jeung ngeceng , da teu kanyahoan deui eta manuk hurang geus ragrag > ti na dahan jambu nu ngajorok ka balong nu jadi tempat eunteupna; terus > diburu ku > sababaraha prajurit. Matak helok pisan, eta manuk Hurang teh mulus pisan, teu > bocel saeutik eutik acan , barang dihiberkeun deui; ngan sakilat eta manuk > Hurang > hiber mani ngabiur, meureun ku reuwas2na. > > Atuh ki Jugala jeung para anak buahna ngan bati olohok, ningal kasakten ieu > B Kombayana; tina karaget, teu dikomando deui, brek wae eta kabehanana nyembah > ka B Kombayana :" Nyata sampeyan jalma luhung ku elmu, jembar ku pangabisa; > Kaula sakabeh ngahargaan pisan ka sampeyan; lamun sampeyan daek ngajar > ka kuring sakabeh; kuring kacida nuhunna." > > "Eh ki sanak sadayana, nuhun ki sanak sadaya tos ngahargaan ka na kabisa > Kaula; > tapi Kaula tacan boga paiatan ngangkat murid; tah meureun Kaula geus > ngajalanan > naon nu jadi sarat nu disebutkeun ku KI Jugala, tah ayeuna Kaula rek meredih > ka > andika sadaya, ngeunaan ieu orok Kaula." > > Sadayana sami hanjelu, tapi teu bisa kukumaha, teras wae Ki Jugala nyarita:" > Euh perkara neangan piindungeun orok , aya warta pikabungaheun keur andika, > rada anggang ti ieu tempat, aya padepokan, nu boga na Hiji Resi, eta Resi > jeung > kulawargana boga adinu kawentar oge geulis; geus loba nu ngalamar, ngan sigana > eta istri teh, can aya maksud imah tangga; padahal nu ngalamar geus jul jol; > nya > atuh ku sabab didesek ku rakana supaya mere putusan, eta istrina daek nikah, > tapi > kudu ka lalaki nu gagah rongkah cenah, nu bisa ngelehkeun rakana." > > Nyata Resi nu jadi lanceuk eta istri teh, gagah rongkah; da nepi ka danget > ieu teu > aya pamuda nu bisa ngungkulan kagagahan eta Resi. Loba anak Bupati jeung > pandita, > nu kawiwirangan, lantaran kasoran di na tarung jeung eta Resi. Tah meureun, > sugan > sampeyan mah bisa; da kaciri ku Kaula di sampeyan sagala byanpak." > > > Hanca >

