Maraban = nedunan kawajiban salaki pikeun nyumponan kabutuhan dahar minimal. Eta teh konsep ka tilu. Salaki kudu bisa satekah polah nyumponan kabutuhan dahar pamajikan jeung anak anakna. Memang kadaharan anu disyaratkeun teu kudu mahal, nu penting kudu nykupan kena sarat 4 sehat jeung 5 sampurna. Da gening nu kangaranan kadaharan teh loba pisan bentuk jeung rupana. Eta oge gumantung kaparigelan anu jadi pamajikan dina nyuguhkeun hasil kadaharana. Tapi anu wajib dicekel ku salaki, minimal 3 kali dahar sapoe geus dicukupan.
Makean, eta pakait jeung kabutuhan sandang. Pakean anu minimal jeung sederhana, anu di saluyukeun jeung kamampuh salaki. Ulah nepi ka pamajikan teu make baju kusabab si salaki teu bisa nykupan eta pangabutuh. Minimal didinya hartina nyumponan kana sarat utama pakean, nyaeta nutupan aurat. Teu kudu pakean anu mahal jeung ngabogaan merk. Tangtu kamampuh salaki dinya nyumponan kabuthan di selaraskeun jeung penghasilan salaki. Tah dina ieu pasualan, pamajikan kudu leber pangampura lamun seug salaki can bisa nyukupan sakumaha anu dipenta kupamajikan. ah...rada pabaliut. 2010/7/16 jangdede <[email protected]> > tah eta kuring mah apal teh anu 2 wungkul nyaeta tas ngajuru jeung tas moe > kasur. eta oge geus rada lila apal teh. tapi nu disebut rukun sono mah > kakara apal ayeuna apal na teh. > heheheh... > > sok ah di guar sing leuwih jentre ngarah mangfaat........... > > 2010/7/14 oman abdurahman <[email protected]> > > >> >> Aya opat cenah rukun sono teh. Anu 3 sakumaha ceuk Mh (tas ngajuru, tas >> nyaba, jeung tas pasea) Ari anu kaopat: ...? tas moe kasur, cenah (keur anu >> biasa keneh moe kasur tangtuna oge). >> >> manar >> >> 2010/7/14 Kumincir Wikidisastra <[email protected]> >> >>> >>> >>> waduh, mangkaning uing mah unggal poe nyaba ka jakarta... >>> >>> sikandar >>> kumincir.blogspot.com >>> >>> 2010/7/14 mh >>> >>>> ceuk beja mah aya tilu rukun sono teh: >>>> kahiji tas ngajuru, kadua tas nyaba, katiluna tas pasea. >>>> >>> >> >> > >

