Heheu...Kang Irfan mah mamatahan teu bener hahhaha.... Tah cenah dina perkara mingpin, salaki teh kudu tetep ngalibatkeun pamajikan dina hal decision making, ku cara musyawarah. Ulah kena kena salaki anu mingpin, sagala kaputusan kudu "kumaha aing". tah dina konsep sunda mah eta teh teu meunang.
Anu kadua nyaeta MAMATAHAN. Mamatahan hartina leuwih kurang mere pituduh jeung saran kanu jadi pamajikan jeung anak sangkan bisa ngalaksanakeun kakuduan masing2. Dina hala mamatahan tangtu salaki kudu leuwih pinter jeung loba kanyaho tibatan budak. Kukituna istilah MASAGI anu ku MJ diguar eta bener pisan. Jadi salaki teh kudu masagi dina sagala widang elmu pangaweruh, khususon elmu anu gunana pikeun kahirupan kulawarga. Masagi dina elmu agama jeung elmu darigama (sosial kamasarakatan). Meureun mun hayang masagi teh hese kacida, tapi minimal anu jadi salaki teh teu bodo katotoloyo teuing. Mun ngarasa bodo, nya meureun kudu ikhtiar sangkan teu bodo. Ku usaha loba tatanya ka kolot, guru jeung loba maca buku anu mangfaat. Mamatahan teh loba artina, salasarebuna nyaeta ngajak kulawara kana jalan anu bener. Misalna dina hal ibadah, bisi pamajikan can bisa wudu anu bener, tah eta kawajiban salaki kudu menerkeun sakaligus mere conto anu bener. Atawa mun pamajikan can bener maca Quran, sok papatahan nu bener ku salaki. Jadi intina salaki teh kudu leuwih pinter tibatan pamajikan. Sabab salaki teh imam. Pan cenah tiap imam (pamimpin) baris dimenta pertangungjawabanana kunu Maha Kawasa. Cag ah... Ke deui .... 2010/7/14 irpan rispandi <[email protected]> > > > Heueuh nya diulang, terus panganten awewena beda deui he..he..he.. > > > > On 07/14/2010 04:00 PM, dudi mulyadi wrote: > > > > Diulang deui we atuh upama harita teu tenget mah... he..he > > --- Pada *Rab, 14/7/10, Kumincir Wikidisastra <[email protected]>*menulis: > > > Dari: Kumincir Wikidisastra <[email protected]> > Judul: Re: [urang sunda] papatah kolot > Kepada: [email protected] > Tanggal: Rabu, 14 Juli, 2010, 4:48 AM > > > > heheh... kakara ge andekak sila, geus time out deui... ulah hilap > terasanana nya! lain nanaon, soalna uing baheula basa hotbah nikah loba > malaweung... :P > > sikandar > kumincir.blogspot. com <http://kumincir.blogspot.com> > > 2010/7/14 jangdede >> >> Nya meureun eta konsep kawajiban salaki teh geus lumrah, kumaha oge >> kawajiban pamajikan. >> ceuk kolot sikuring Kawajiban salaki teh mangrupa hak anu baris ditarima >> ku pamajikan. Kitu deui Kawajiban pamjikan mangrupa hak anu bakal ditarima >> ku salaki. >> Tah dina hal kawajiban salaki anu kahiji, nyaeta mingpin, salaki teh kudu >> leleus jeujeur liat tali cenah, tong sok gereges gedebuk bin sembrono. Ceuk >> kolotmah kudu asak jeujeuhan cenah..... >> Salaki teh pamingpin, boh dina masalah agama (imam solat jrrd) atawa dina >> masalah hubungan sosial sejen. >> Salaki kudu bisa ngajak jeung mawa rumah tangga sangkan tujuananan >> tinekanan. Tujuana teh cenah SAMARA (Sakinah, Mawaddah sareng Warahmah) tea. >> Sarat nu jadi pamingpin teh cenah kudu leuwih loba kanyaho tibatan anu >> dipingpin, utamana dina masalah cara ngawangun rumah tangga. >> > > > > -- > Sim abdi teu gaduh BlackBerry > > >

