Wilujeng wayah kieu baraya,
Tos lami teu ngadongeng.
Yeuh, nyanggakeun... etang-etang pangbeberah manah.
salam,
ro2.
===================================================
Memasyarakatkan Cilok dan Mencilokkan Masyarakat
Geus sababaraha bulan, di pagawéan kuring boga adat anyar, meuli cilok
babarengan. Dipikir-pikir, timanan abrul-abrulan mareuli cilok séwang-séwangan,
carékaneun dunungan wungkul, mending dikumpulkeun ku kuring meulina sakalian.
Nya ti harita, unggal poé Juma’ah dibéwarakeun boh dina telepon ka “ the
chiloxers” (nu sok mesen cilok) boh dina SMS Novel, dina status Yahoo Messenger
(YM) atawa Facebook kuring dijudulan,”Baradé cilok? Dicilokan…dicilokan…” bari
ditambahan nurutan si Emang tukang buah nu sok ngadadasar di hareupeun kantor…
bu Elly bu Ida, teu meuli kacida…
“Naha poé Juma’ah? Pan geus puguh Juma’ah mah Poé Batik?”, batur kuring nanya
basa ku kuring poé Juma’ah diisitrénkeun jadi “Chilox Day alias Poé Cilok”.
“Ih, pan poé Juma’ah mah teu pati pakepuk teuing ku pagawéan (siga nu sibuk wae
heuheu…), urang téh bisa nyalsé, gawé maké baju batik bari dahar cilok…”, ceuk
kuring bari mésem. Ku ayana poe cilok di kantor kuring, sugan we atuh bisa jadi
jalan ngamumule kuliner Sunda nu geus mimiti kalindih ku kadaharan modern. Heug
deuih, kumaha mun diaku ku Maling sia? Gaswat! Tah, jadi cilok teh kudu
dimasyarakatkeun.
Cilok, aci dicolok. Saha nu teu apal kana ieu kadaharan? Murah, meriah tur
ngeunah. Teuing timana asal muasalna, sainget kuring basa pindah ka tanah
Pasundan kira-kira taun 80an, éta kadaharan geus aya. Dijieun tina aci sampeu
campur tarigu saeutik, maké uyah & daun bawang. Wangunna buleud sagaredé
kaléci, nu leutik garis tengahna kira-kira 1cm. Nu badag, opat kalieun nu
leutik eusina daging atawa endong. Lian tinu buleud, aya ogé nu wangunna
lonyod, eusina gajih.
Aci nu baruleud diwadahan kana palastik, dikucuran ku sambara suuk, saos tomat
jeung kecap amis. Keur nu resep lada mah dibéré sambel, ambih seuhah. Hanjakal
kiwari harga cengek nerekel naek, mahal kacida! Nu beuki cengek ngajerit
maratan langit, ngoceak maratan mega hehehe… Saacan didahar, éta cilok dirameus
sina guley jeung sambarana. Kuring saparakanca resep ngadaharna ku jalan
nyoéhkeun tungtung palastik timanan maké cocolok nu dijieun tina awi, leuwih
babari, kari blem!
Kuring salaku tukang ngumpulkeun mindeng ngarasa lieur ku loba pesenan nu
béda-béda. Aya nu pesen cilok leutik kabéh, lada Rp. 1.500,-. Aya nu pesen
cilok nu gedé wungkul, teu lada Rp. 2.000,- Aya nu pesen cilok campur gede
jeung leutik Rp. 3.000,- sing lada pisan. Geus puguh nu sarébuan mah rupa-rupa
pesenna, aya nu lada pisan, aya nu lada meueusan jeung teu lada.
Dipikir-pikir, nginget-nginget pesenan batur nu sakitu lobana bari kudu luyu
jeung kahayangna mangrupa latihan keur kuring. Enya, latihan uteuk meh teu
gancang pikun, ceuk legegna mah “melatih daya ingat”. Tipada kudu nginum obat
meh teu pohoan nu ceunah ngandung gembolan, eh salah ginkgo biloba, ning keneh
make cilok. Carana?
Ambih teu pahili, kuring ngahaja ngetik pesenan dina komputer maké program
Excell, terus di-short dumasar kana pesenanana. Réang babaturan
ngageuhgeuykeun bin nyeungseurikeun,”Alakh étah, meuli cilok mani gaya kitu…
dicatet na komputer sagala hahahaha…!” Kuring ngan saukur ngelél. Tapi dasar
pohoan, sok aya wé nu teu kacatetkeun, maklum pahibut tuda ari pesen téh teu
puguh bandungkeuneunnana. Mun aya pesenan nu salah atawa teu kabeuli, hartina
ingetan kuring keur turun atawa keur malaweung. Atoh pisan bari surak, mun
kabeh pesenan bener jeung pamulangan teu coceng hartina kuring masih keneh jauh
kana pikun.
Mun pesenan geus ngarumpul kabéh, kuring nguliwed sakeudeung ngajugjug tukang
cilok nu kabeneran dagangna teu pati jauh ti pagawéan. Tukang cilok nu ieu mah
béda tinu séjén nu rata-rata lalaki jeung ngarora kénéh, ieu mah geus
nini-nini. Ningali kuring rentang-rentang ti kajauhan, manéhna langsung
curinghak nanya soméah naker,”Éh, Enéng… mangga badé ngaborong cilok…?”
Kusabab kuring loba meulina, katambah sakapeung aya sababaraha urang nu
ngaliwat meuli, si nini dititah ngaladénan heula batur. Ningali leungeun si
nini pakeupis ngaladenan pesenan, asa watir. Antukna meh gancang, kuring milu
mantuan ngasup-ngasupkeun cilok kana palastik pesenan kuring. Lumayan téréh
bérés, kakara ku si nini disambaraan.
Hiji poé Juma’ah, kuring keur mantuan si nini ngasup-ngasupkeun cilok bari
nyirian pesenan dumasar kana harga jeung ladana. Nu teu lada dicirian ku hiji
nyéré. Nu lada meueusan ku dua nyéré jeung nu lada pisan disoéhkeun beungkeutan
palastikna. Palastik nu tadina melendung aya hawaan, jadi kempes. Keur asyik
ngasupkeun nyéré…
“Aduuuuh! Naon ieu téh? Mani panas…?!!”, ceuk hiji awéwé ngajerit tukangeun
kuring.
“Téh, aduh naha sambara cilok tiasa ngacleng kana soca abdi?” eta awéwé nanya
ka kuring. Kuring reuwas, sihoréng basa nyirian salah sahiji cilok aya sambara
nu ngacleng katojos ku nyéré.
“Aduh, ibu hapunten pisan teu ngahaja…”, ceuk kuring ménta dihampura. Da, enya
teu rumasa ngahaja nyilakakeun batur, bari rungah ringeuh bingung kudu kumaha
ngubaranana?
“Cing Néng ngalamot uyah geura! Kungsi si Ibi gé keuna ku céngék dilandongan ku
uyah… ,” ceuk si bibi nu dagang sangu konéng gigireun si nini. Sanggeus
ngalamot uyah… teu sakara-kara, panon éta awéwé cageur! Kuring ngarasa helok,
naon hubunganan panas alatan ku sambel dina panon, diubaran ku ngalamot uyah?
Tapi da kitu kaayaanana, jadi cageur. Alhamdulillah.
“Tah geuniiiingg… si BCL geus datang!” babaturan kuring pahibut, ningali kuring
mucunghul dina panto bari haruhah-haréhoh mamawa kérésék. Bakating ku mindeng
narima pesenan cilok ti babaturan jeung ambih jadi ciri khas, kuring ngalandih
manéh jadi BCL, lain Bunga Citra Lestari ieu mah, tapi Bu CiLok.
ro2