Nu Jualana, BCL = Bu Cilok. Nu Meulina, BCL = Bareuki CiLok! Nu Macana, BCL = Baca Carita CiLok Sent from my AXIS Worry Free BlackBerry® smartphone
-----Original Message----- From: roro rohmah <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 15 Jul 2010 22:25:40 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Memasyarakatkan Cilok dan Mencilokkan Masyarakat Wilujeng wayah kieu baraya, Tos lami teu ngadongeng. Yeuh, nyanggakeun... etang-etang pangbeberah manah. salam, ro2. =================================================== Memasyarakatkan Cilok dan Mencilokkan Masyarakat Geus sababaraha bulan, di pagawéan kuring boga adat anyar, meuli cilok babarengan. Dipikir-pikir, timanan abrul-abrulan mareuli cilok séwang-séwangan, carékaneun dunungan wungkul, mending dikumpulkeun ku kuring meulina sakalian. Nya ti harita, unggal poé Juma’ah dibéwarakeun boh dina telepon ka “ the chiloxers” (nu sok mesen cilok) boh dina SMS Novel, dina status Yahoo Messenger (YM) atawa Facebook kuring dijudulan,”Baradé cilok? Dicilokan…dicilokan…” bari ditambahan nurutan si Emang tukang buah nu sok ngadadasar di hareupeun kantor… bu Elly bu Ida, teu meuli kacida… “Naha poé Juma’ah? Pan geus puguh Juma’ah mah Poé Batik?”, batur kuring nanya basa ku kuring poé Juma’ah diisitrénkeun jadi “Chilox Day alias Poé Cilok”. “Ih, pan poé Juma’ah mah teu pati pakepuk teuing ku pagawéan (siga nu sibuk wae heuheu…), urang téh bisa nyalsé, gawé maké baju batik bari dahar cilok…”, ceuk kuring bari mésem. Ku ayana poe cilok di kantor kuring, sugan we atuh bisa jadi jalan ngamumule kuliner Sunda nu geus mimiti kalindih ku kadaharan modern. Heug deuih, kumaha mun diaku ku Maling sia? Gaswat! Tah, jadi cilok teh kudu dimasyarakatkeun. Cilok, aci dicolok. Saha nu teu apal kana ieu kadaharan? Murah, meriah tur ngeunah. Teuing timana asal muasalna, sainget kuring basa pindah ka tanah Pasundan kira-kira taun 80an, éta kadaharan geus aya. Dijieun tina aci sampeu campur tarigu saeutik, maké uyah & daun bawang. Wangunna buleud sagaredé kaléci, nu leutik garis tengahna kira-kira 1cm. Nu badag, opat kalieun nu leutik eusina daging atawa endong. Lian tinu buleud, aya ogé nu wangunna lonyod, eusina gajih. Aci nu baruleud diwadahan kana palastik, dikucuran ku sambara suuk, saos tomat jeung kecap amis. Keur nu resep lada mah dibéré sambel, ambih seuhah. Hanjakal kiwari harga cengek nerekel naek, mahal kacida! Nu beuki cengek ngajerit maratan langit, ngoceak maratan mega hehehe… Saacan didahar, éta cilok dirameus sina guley jeung sambarana. Kuring saparakanca resep ngadaharna ku jalan nyoéhkeun tungtung palastik timanan maké cocolok nu dijieun tina awi, leuwih babari, kari blem! Kuring salaku tukang ngumpulkeun mindeng ngarasa lieur ku loba pesenan nu béda-béda. Aya nu pesen cilok leutik kabéh, lada Rp. 1.500,-. Aya nu pesen cilok nu gedé wungkul, teu lada Rp. 2.000,- Aya nu pesen cilok campur gede jeung leutik Rp. 3.000,- sing lada pisan. Geus puguh nu sarébuan mah rupa-rupa pesenna, aya nu lada pisan, aya nu lada meueusan jeung teu lada. Dipikir-pikir, nginget-nginget pesenan batur nu sakitu lobana bari kudu luyu jeung kahayangna mangrupa latihan keur kuring. Enya, latihan uteuk meh teu gancang pikun, ceuk legegna mah “melatih daya ingat”. Tipada kudu nginum obat meh teu pohoan nu ceunah ngandung gembolan, eh salah ginkgo biloba, ning keneh make cilok. Carana? Ambih teu pahili, kuring ngahaja ngetik pesenan dina komputer maké program Excell, terus di-short dumasar kana pesenanana. Réang babaturan ngageuhgeuykeun bin nyeungseurikeun,”Alakh étah, meuli cilok mani gaya kitu… dicatet na komputer sagala hahahaha…!” Kuring ngan saukur ngelél. Tapi dasar pohoan, sok aya wé nu teu kacatetkeun, maklum pahibut tuda ari pesen téh teu puguh bandungkeuneunnana. Mun aya pesenan nu salah atawa teu kabeuli, hartina ingetan kuring keur turun atawa keur malaweung. Atoh pisan bari surak, mun kabeh pesenan bener jeung pamulangan teu coceng hartina kuring masih keneh jauh kana pikun. Mun pesenan geus ngarumpul kabéh, kuring nguliwed sakeudeung ngajugjug tukang cilok nu kabeneran dagangna teu pati jauh ti pagawéan. Tukang cilok nu ieu mah béda tinu séjén nu rata-rata lalaki jeung ngarora kénéh, ieu mah geus nini-nini. Ningali kuring rentang-rentang ti kajauhan, manéhna langsung curinghak nanya soméah naker,”Éh, Enéng… mangga badé ngaborong cilok…?” Kusabab kuring loba meulina, katambah sakapeung aya sababaraha urang nu ngaliwat meuli, si nini dititah ngaladénan heula batur. Ningali leungeun si nini pakeupis ngaladenan pesenan, asa watir. Antukna meh gancang, kuring milu mantuan ngasup-ngasupkeun cilok kana palastik pesenan kuring. Lumayan téréh bérés, kakara ku si nini disambaraan. Hiji poé Juma’ah, kuring keur mantuan si nini ngasup-ngasupkeun cilok bari nyirian pesenan dumasar kana harga jeung ladana. Nu teu lada dicirian ku hiji nyéré. Nu lada meueusan ku dua nyéré jeung nu lada pisan disoéhkeun beungkeutan palastikna. Palastik nu tadina melendung aya hawaan, jadi kempes. Keur asyik ngasupkeun nyéré… “Aduuuuh! Naon ieu téh? Mani panas…?!!”, ceuk hiji awéwé ngajerit tukangeun kuring. “Téh, aduh naha sambara cilok tiasa ngacleng kana soca abdi?” eta awéwé nanya ka kuring. Kuring reuwas, sihoréng basa nyirian salah sahiji cilok aya sambara nu ngacleng katojos ku nyéré. “Aduh, ibu hapunten pisan teu ngahaja…”, ceuk kuring ménta dihampura. Da, enya teu rumasa ngahaja nyilakakeun batur, bari rungah ringeuh bingung kudu kumaha ngubaranana? “Cing Néng ngalamot uyah geura! Kungsi si Ibi gé keuna ku céngék dilandongan ku uyah… ,” ceuk si bibi nu dagang sangu konéng gigireun si nini. Sanggeus ngalamot uyah… teu sakara-kara, panon éta awéwé cageur! Kuring ngarasa helok, naon hubunganan panas alatan ku sambel dina panon, diubaran ku ngalamot uyah? Tapi da kitu kaayaanana, jadi cageur. Alhamdulillah. “Tah geuniiiingg… si BCL geus datang!” babaturan kuring pahibut, ningali kuring mucunghul dina panto bari haruhah-haréhoh mamawa kérésék. Bakating ku mindeng narima pesenan cilok ti babaturan jeung ambih jadi ciri khas, kuring ngalandih manéh jadi BCL, lain Bunga Citra Lestari ieu mah, tapi Bu CiLok. ro2

