Saleresna kecap "wawayagon" sanes kecap enggal, tos tijaman sim abdi budak
pun aki sok nganggo eta kecap, contona :
"kade ulah wawayagon" anu hartosna : kade ulah sagawayah, kade ulah nganggap 
enteng,
kade ulah sambarangan.
Numutkeun kamus yasana R. A. Danadibrata, kecap wawayagon mangrupi kecap asal
anu hartosna : dangdanan saheulaanan, sok dianggo oge kana adegan/wangunan anu 
saheulaanan, tangtos kirang weweg.
Wawayagon sabalikna weweg.

ssw
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda  Tapi talungtik naon nu bisa 
dibikeun ka kiSunda

oman abdurahman <[email protected]>





 



  


    
      
      
      
Lian ti eta, seratan bah Usep anu didugikeun ku kang Maman, abong sastrawan, 
karasa pisan tos maparin conto kumaha nyerat nu sae dina basa Sunda. Tina eta 
seratan anjeunna anu kaasup kritik kana sastra Sunda, aya hiji - dua kecap anu 
karasa anyar wanoh pikeun si kuring. Salah sahijina nyaeta kecap "wawayagon". 
Sanggeus maca salengkepna padalisan anu ngamuat eta kecap, karek kaharti naon 
maksus satemenna ieu kecap "wawayagon"


Salengkepna seratan bah Usep anu ngandung kecap "wawaygon" teh ieu: 
"...Pelu disebut pangarang Ena Rs. Kawilang produktip pisan nulis carpon,
artikel, jsb.nu dimuat dina 
“Mangle” atawa “Sunda Midang Tapi henteu
dibarung ku usaha kreatif pikeun ningkatkeun ajen karya. Sabada
carponna nu alus “Telembuk” (Mangle 2110, dimuat deui dina “Kanagan 2”,
carpon-carpin Ena Rs kadieunakeun wawayagon pisan.Ukur semet “carita
biasa” nu mangrupa “laporan” atawa “beja” dina wangun carpon (fiksi).
Sababaraha carponna dina “Mangle” taun ieu, tacan nembongkeun hasil
gawe nu enya-enya...".

Timana asal kecap "wawayagon" teh? Upama nuturkeun ugeran kecap-kecap model 
"paguron", "pabukon", "papagon", jsb anu masing-masing asalna tina kecap 
"paguruan", "pabukuan", "papaguan", jst, tangtu eta kecap "wawayagon" teh 
asalna tina kecap "wawayaguan". Paguruan asal kecapna tina kecap "guru", jadi, 
"wawayaguan" asal kecapna tina "wayagu" (suku kecap diulang 2x nuduhkeun loba 
atawa mindeng?). Naon ari harti asal tina kecap "wayagu"? aya anu tiasa maparin 
"pencerahan"? diantos.


manar

 



  




      

Kirim email ke