Tos lengkep pisan nu ti Kang Eman, mung ieu mah bilih bae aya keneh nu panasaran. Ceuk KUBS, *wawayagon *teh hartina *lumayan, kurang weweg (adegan).
*sikandar kumincir.blogspot.com 2010/7/18 Eman Suherman > Ngiring nimbrung saeutik soal kecap wawayagon, eta kecap di lembur > tempat kuring lahir jeung digedekeun di Kawali (Ciamis kaler?) tos lumrah > pisan diparake. Wawayagon ngandung harti jijieunan anu asal-asalan bae; asal > jadi; jauh tina alus atawa jauh tina kuat Contona: Nyieun sasaungan teh > ilaing mah wawayagon pisan, ku hujan leutik tadi peuting oge geus rubuh. > > --- Pada *Ming, 18/7/10, oman abdurahman *menulis: > > Nuhun kang Maman, reportase salira ngeunaan kamekaran Sastra Sunda, tos > ngubaran kasono - tapi teu kalis kacacapkeun alatan pakepuk ku balas cicing > :) - salila ieu. Nyaan, karasa antare pisan kamekaran sastra Sunda teh. Sok > sanajan kitu, dibanding seler sejenna, urang Sunda tetep masih rada onjoy > dina hal miara jeung mekarkeun sastra daerahna. Contona wae, sakumaha > laporan kang Maman ieu, di Sunda masih hirup kalawan cukup dari majalah > lokal anu mindeng ngamuat karya sastrawan Sunda kayaning: "Mangle", > "Cupumanik", sareng "Sunda Midang". Bandingkeun, upamana jeung Lampung anu > teu boga pisan majalah-majalah kadaerahan model di urang. > > Ngeunaan media elektronik samodel internet pikeun tulas-tulis atawa > mintonkeun karya sastra atawa pangaweruh memang di urang teu acan umum. > Sagigireun ti eta, buku (hardcopy) atawa media citak sejenna nepi ka iraha > wae sigana tetep moal bisa kaelehkeun ku media elektronik samodel e-book. > Hal ieu kusabab sababaraha kaunggulan buku anu ditepikeun ku kang Jalal dina > hiji kasempetan payuneun presiden Iran, Ahmadinejad (asana, reportase hal > ieu kungsi ditepikeun di ieu milist ku kang Ahmad Sahidin). Sok sanajan > kitu, presiden Iran ngawanti-wanti pentingna merhatikan media elektronik > model e-book keur generasi ngora ka payun (sikep Ahmadinejad ieu tangtu > nuduhkeun oge pentingna media elektronit pikeun kamajuan sastra oge elmu > pangaweruh). > > Lian ti eta, seratan bah Usep anu didugikeun ku kang Maman, abong > sastrawan, karasa pisan tos maparin conto kumaha nyerat nu sae dina basa > Sunda. Tina eta seratan anjeunna anu kaasup kritik kana sastra Sunda, aya > hiji - dua kecap anu karasa anyar wanoh pikeun si kuring. Salah sahijina > nyaeta kecap "wawayagon". Sanggeus maca salengkepna padalisan anu ngamuat > eta kecap, karek kaharti naon maksus satemenna ieu kecap "wawayagon" > > Salengkepna seratan bah Usep anu ngandung kecap "wawaygon" teh ieu: > "...Pelu disebut pangarang Ena Rs. Kawilang produktip pisan nulis carpon, > artikel, jsb.nu dimuat dina “Mangle” atawa “Sunda Midang Tapi henteu > dibarung ku usaha kreatif pikeun ningkatkeun ajen karya. Sabada carponna nu > alus “Telembuk” (Mangle 2110, dimuat deui dina “Kanagan 2”, carpon-carpin > Ena Rs kadieunakeun wawayagon pisan.Ukur semet “carita biasa” nu mangrupa > “laporan” atawa “beja” dina wangun carpon (fiksi). Sababaraha carponna dina > “Mangle” taun ieu, tacan nembongkeun hasil gawe nu enya-enya...". > > Timana asal kecap "wawayagon" teh? Upama nuturkeun ugeran kecap-kecap model > "paguron", "pabukon", "papagon", jsb anu masing-masing asalna tina kecap > "paguruan", "pabukuan", "papaguan", jst, tangtu eta kecap "wawayagon" teh > asalna tina kecap "wawayaguan". Paguruan asal kecapna tina kecap "guru", > jadi, "wawayaguan" asal kecapna tina "wayagu" (suku kecap diulang 2x > nuduhkeun loba atawa mindeng?). Naon ari harti asal tina kecap "wayagu"? aya > anu tiasa maparin "pencerahan"? diantos. > >

