Dua incu mitoha poe ieu mimitian sakola. Sakola di suwasta, ngarana Pelita
Nusantara, di jl Sukaasih Setiabudi bdg. Asana nu boga yayasan sakola eta,
putrina Prof Dr Yuyun Wirasasmita -kungsi jadi rektor Unpad. Nu cikal asup
s-1, alias SD, TK na di dinya oge. Tah ayeuna adikna milu sakola, s-0, alis
TK urut lanceukna, di dinya. Alesan milih sakola eta, ku indungna. Sangkan
praktis nganteurkeunanan, sakalian. Nya si kuring sok neben barudak nepi ka
dinya. Ti dinya kana angkot ka pangulinan, Itenas, di jl Phh Mustapa 23,
sekitar jl pahlawan-cikutra. Tadi nempo kolot ngora loba ngagimbung, sarua
sigana nganteurkeun barudakna sakola munggaran, boh TK boh SD. Mudah-mudahan
we kawaragadan nyakolakeun barudak nepi ka kuliahna. Budak kadua, dianteur
ka kelasna, indungna neangan tempat parkir da jalan eta pinuh. Dibikeun ka
guruna, nu di sakola eta mah make sebutan miss da dwibahasa. Budak teh
ngasokeun leungeun ka guruna terus nyium tonggoh dampal leungeun guruna.
Kaciri sumanget pisan. Haha, sakola TK teuing kumaha da teu kungsi kaalaman.
Lanceukna mah teu kudu dianteur ka kelasna da TK na di dinya, geus apaleun
pisan.

Asa hawar-hawar na ingetan, taun 1973 asana mah, pun bapa nganteurkeun si
kuring ka SDN Gunungcupu I (katelah sakola panjang). Ngadaptarkeun si
kuring. Cenah bari diolo jeung dianteur tatangga saluhureun,  Asep Herli
Guntara, anak urut kepala desa, babaturan ulin. Da harita si kuring embung
sakola. 

Bet jadi inget ka (kang) Asep Herli ayeuna geus teu aya dikieuna. Lulus STM
Negeri Tasikmalaya, manehna milu nini akina di Semarang nu mabrik kurupuk.
Terus taun 1982-1983, asana, milu program depnaker, tenaga kerja sukarela,
ka Maluku Utara, di pulau Sahu asana. Nyaeta, manehna milu kitu teh,
minangka miceun maneh-da harita kolotna pipisahan. Nasibna kurang hade. Basa
kerusuhan sara kamari di Maluku, cek beja manehna diculik, terus teu aya
kabarna, layona oge duka dimana. Mugia manggih kabagjaan di akherat kang.
Anjeun geus mere tapak ka si kuring, pikeun daek sakola. Kapeurih kanyeri
anjeun nempo kolot papisah, karasa oge ku si kuring.


Kirim email ke