Wah pi ingsinyureun yeuh...
Yah..diduakeun mugia sing jadi "jelema" jiga bapakna jeung mamang mamangna.
Hahhah....


2010/7/19, mj <[email protected]>:
>
>
>
> Dua incu mitoha poe ieu mimitian sakola. Sakola di suwasta, ngarana Pelita
> Nusantara, di jl Sukaasih Setiabudi bdg. Asana nu boga yayasan sakola eta,
> putrina Prof Dr Yuyun Wirasasmita -kungsi jadi rektor Unpad. Nu cikal asup
> s-1, alias SD, TK na di dinya oge. Tah ayeuna adikna milu sakola, s-0,
> alis TK urut lanceukna, di dinya. Alesan milih sakola eta, ku indungna. 
> Sangkan
> praktis nganteurkeunanan, sakalian. Nya si kuring sok neben barudak nepi ka
> dinya. Ti dinya kana angkot ka pangulinan, Itenas, di jl Phh Mustapa 23,
> sekitar jl pahlawan-cikutra. Tadi nempo kolot ngora loba ngagimbung, sarua
> sigana nganteurkeun barudakna sakola munggaran, boh TK boh SD. Mudah-mudahan
> we kawaragadan nyakolakeun barudak nepi ka kuliahna. Budak kadua, dianteur
> ka kelasna, indungna neangan tempat parkir da jalan eta pinuh. Dibikeun ka
> guruna, nu di sakola eta mah make sebutan miss da dwibahasa. Budak teh
> ngasokeun leungeun ka guruna terus nyium tonggoh dampal leungeun guruna.
> Kaciri sumanget pisan. Haha, sakola TK teuing kumaha da teu kungsi kaalaman.
> Lanceukna mah teu kudu dianteur ka kelasna da TK na di dinya, geus apaleun
> pisan.
>
> Asa hawar-hawar na ingetan, taun 1973 asana mah, pun bapa nganteurkeun si
> kuring ka SDN Gunungcupu I (katelah sakola panjang). Ngadaptarkeun si
> kuring. Cenah bari diolo jeung dianteur tatangga saluhureun,  Asep 
> HerliGuntara,
> anak urut kepala desa, babaturan ulin. Da harita si kuring embung sakola.
>
> Bet jadi inget ka (kang) Asep Herli ayeuna geus teu aya dikieuna. Lulus
> STM Negeri Tasikmalaya, manehna milu nini akina di Semarang nu mabrik
> kurupuk. Terus taun 1982-1983, asana, milu program depnaker, tenaga kerja
> sukarela, ka Maluku Utara, di pulau Sahu asana. Nyaeta, manehna milu kitu
> teh, minangka miceun maneh-da harita kolotna pipisahan. Nasibna kurang
> hade. Basa kerusuhan sara kamari di Maluku, cek beja manehna diculik,
> terus teu aya kabarna, layona oge duka dimana. Mugia manggih kabagjaan di
> akherat kang. Anjeun geus mere tapak ka si kuring, pikeun daek sakola.Kapeurih
> kanyeri anjeun nempo kolot papisah, karasa oge ku si kuring.
>
>  
>

Kirim email ke