Catetan ulikan tina Surat At- Takwir di sunda.

*Panganteur*

I

Di lembur tangtung kampung karang adeg wewengkon samar taya nu aya di
mumunggang sakawayana-na sunda mah geus jadi kabiasaan ti babaheula nepi ka
ayeuna mun aya seuweu siwi nu geus dewasa akal/pikirna geus daek lampah
agama jeung geus katingali keyeng ngadu’a “ihdinas shiratal mustaqim” nu
jadi bagian bubuka kitabna (da ayeuna mah sareatna ku agama islam) sok
digentraan ku kolot kolot para sasakana:

“Prak geura baca heula surat At- Takwir sa ….balikan”, atawa “puasaan ieu
surat sakitu poe…..engke datang ka Aing,…..Aing aya bikeuneun”.

Atawa,...

“Euy tepungan Anu di Anu tapi kudu bari deuheus nepunganana…. sebutkeun
‘mugi keresa masihan tuduh ngeunaan maksadna ieu serat At-Takwir …...

(nu didatangan dasar geus pangkat satmata ulama enya ahli waris Nabi nu geus
weruh ka jati… geus surti kanu dimaksud).

Mun pareng ditanya ku jalma nu alamna nyantri naha bet miwarang kitu
walerana teh cekap ku: ’eh apan aya hadisna dina agama maneh,…mun hayang
nyaho kiamat ku sorangan kudu maca ieu surat’ (mangga kunu ngaos tingal…HR
Ahmad, At Tirmidzy & Ath Thabarniy ti Ibnu Umar).

Tapi, lamun nu nanya katimbang bener bener keyeng kayaning nanya: Naon
peryogina terang ngeunaan kiamat? Nya keresa ngawaler: ‘heueuh mun nyaho
kiamat meureun hayang…da ngan karek mun geus kiamat ‘Alimat nafsun maa
ahdarat’ (At-Takwir, 81:14) nyatana tiap jiwa bakal nganyahokeun kana sagala
rupa nu geus dipigawena/diagemna/dijadi
keun payakinanana moal ham ham deui da kapanggih kasaksi ku sorangan bari
enya’.

Ari ayeuna mah,… lin dongeng poe ahir teh ngan mercayakeun ngandel ka euceuk
beja/euceuk cenah? Kumaha mun maneh salah ngandel kana eta beja
cenah?...salah ngahartikeun kana eta dongeng euceuk?….kumaha nimbang
narajuna salian ti ngandel ka pamanggih batur deui?...
...tah mun bari hirup keneh tuluy pareng bisa kiamat ku sorangan meureun
genah……


II

Nganyahokeun kiamat???.....

Rada kaharti sabab ari kiamat teh pan rukun iman hal penting ‘crucial’ nu
teu meunang henteu dina agama islam, nya yaomil kiamat ieu nu jadi
pamustungan ‘judgment’sakabeh amal didunya. Warna warna versi dongeng kiamat
ayeuna mah geus pabalatak tinggal maca naon susahna sanajan bener henteuna
pamanggihna lolobana nyebutkeun wallahu alam hartina teu nyaho teuing
pastina.

Tapi,…

bisa kiamat keur hirup??...malah kiamat tuluy ?? tangtu rada beda lamun teu
kasebut beda pisan.

Ieu ‘kabiasaan’ kampung diluhur, utamana ngeunaan ulikan nganyahokeun jeung
bisa kiamat malah kiamat satutuluyna, rada hese manggihan nu sarua di
tempat-tempat lain komo bisa nibanan tur ngajelaskeun maksud na mah –
sanajan mun dek neangan natanyakeun nalungtik mah tangtu/pasti aya wae,… da
ari elmu panemu mah rasiah pasihan nu murbeng alam dibikeun jeung henteuna
lain hak ‘monopoli’ jelema/tempat/paguron, komo ieu geus jelas goler hadis
ungkara ayat qur’anna.

Salah sahiji buktina,...

Ditempat/dijalma lain di sunda, AYA. Malah ieu mah geus katulis/dituliskeun
nyaeta tina pamendak/seratan Haji Hasan Mustapa (HHM) Bujangga sunda
pinunjul (malah aya nu nyebutkeun Bujangga sunda pangbadagna) puluhan taun
ka pengker nu ngahaja dibarukukeun ku nu raresep kana pamendakna tur geus
jadi/bisa kanyahokeun/kabaca ku urang sunda sabab geus aya diantarana di
pabukon umum (misalna di Perpustakaan Prof. Dr. Doddy - Buah Batu Bandung).

Kahiji, dina “patakonan jeung Jawabna”:

*“Mana nu bener: ceuk pribadi atawa ceuk batur?*

Henteu beunang disebut bener, lamun jalma rasana bener ceuk pribadi, sanajan
salah ceuk batur. Henteu beunang disebut bener, jalma rasana anu bener ceuk
batur, sanajan salah ceuk pribadi.
Anu kahiji, eta jalma beurat teuing ka aherat, nyaah teuing ka pribadi,
kajeun dipikageuleuh batur.
Anu kadua, beurat teuing ka dunya, henteu nyaah ka awak pribadi, lamo
ngeunah batur.
Tah anu matak guyur bae Saumur-umur jeung pada batur nya ieu, marebutkeun
perkara ieu, loba nu cilaka dunya aheratna, sakur anu goreng timbanganana.
*Nu matak Saumur umur taya putusna marebutkeun bener, euweuh anu
mertelakeun, tepi ka yaomal qiyamah. Saha nu geus yaomal qiyamah, tangtu
bisaeun nyarita.” *

Tina nu dicutat diluhur,...

Tangtu bisa katingal, HHM gaduh pamendak nu sawarna ngeunaan perluna bisa
kiamat sabab ngan nu GEUS KIAMAT nu moal tuluy marebutkeun bener da deus
nyaho di bener nu enya jeung engkena bisaeun nyarita mertelakeun da ngalaman
kiamat/geus nganjang ka poe ahir na mahluk. Sanaos dina ieu bag HHM teu
nyebatkeun kumaha cara jeung referensina tapi nu disebatna teh sawarna pisan
jeung ‘kabiasaan masihan kanyaahna’ Para Sasaka sakawayana, Hadis ti Ibnu
Umar jeung maksud ayat Qur’an ‘Alimaat nafsun maa ahdarat’ dina surat
at-Takwir nu disebut diluhur.

Kadua,...

Dina bagian nu lainna (Martabat Tujuh, no 95)., HHM nyerat ngeunaan Kiamat –
nu lain sakali dua kali tapi satutuluyna sapapanjangna.* ”Runtag ceuk nu
liwat alamna. Pindah alam poho kana alam anu urut. Anu matak Kiamat
sapapanjangna…” jst,…jst.*- Bagian ieu mah malah leuwih ngajelaskeun
sabagian proses ngama’naan ngeunaan bisa kiamat sapapanjangna nu
kahontal/mampuh salila masih keneh hirup…atawa hirup deui/tuluy/ keneh kawas
jelema.

Euweuh bukti tinulis ngeunaan hubungan HHM sareng para sasaka sakawayana.
Jadi lamun dicaritakeun didieu ge ukur jadi omong ‘debatable’ teu guna komo
kawas engke katingal di bagian satuluyna (bag XXI) proses/teknik/metodana
dina “maca” surat at-Takwir nohonan buktos Kasauaran Sang Rahmatan lil
alamin dina hadis ge loba bedana nu nunjukeun hasanah ulikan nu warna warna
di sunda jeung (adumanisna) sunda-islam di sunda. Najan kitu, hasilna sarua
nunjukeun pangkat metoda ulikan karibadian nu empirik nu bisa ditaluturkeun
ku nu pandeuri.

Tulisan ieu,… rek mukakeun sababaraha lalangse ngeunaan ulikan diluhur
kayaning perelean jeung pertelaanana, metoda/teknik/tarekah empirikna
ngeunaan kiamat jeung kiamat sapapanjangna nu kapanggih di sunda -nu boga
saksi atawa nyoko kana Qur’an surat At- Takwir nu ciri-cirina aya ditepikeun
nepikeun ka 13 ayat na-, sabisana.

Kirim email ke