henteu kulan, teu sami pisan .
Langkung paos malikan deui maosna ti kahiji dugi ka tungtung.
Mangga da pasti Filena aya keneh di Urang Sunda.
Mangga wilujeng ngotektak.


--- In [email protected], Eman Suherman <emankutam...@...> wrote:
>
> Punten ngaganggu nyelang heula bade tumaros ari bojo B. Kombayana adina Krepa 
> tea sami kitu sareng kuda bikang anu meuntaskeun manehna?
> 
> --- Pada Sen, 19/7/10, Abbas Amin <abas_ami...@...> menulis:
> 
> Dari: Abbas Amin <abas_ami...@...>
> Judul: [Urang Sunda] Bambang Kombayana ka-11
> Kepada: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" 
> <[email protected]>
> Cc: [email protected], grek_2...@...
> Tanggal: Senin, 19 Juli, 2010, 10:12 AM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>  
> 
> 
> 
>   
> 
> 
>     
>       
>       
>       Laju lampahna B Kombayana nuju ka Pancala; ayeuna mah anjeunna 
> ngalangkungan
> seueur pakampungan, da sigana eta nu dijalanan ku anjeunna teh Hiji wilayah 
> Karajaan nu ageung oge. Di dinya meureun Krepa dijadikeun Guruna teh, 
> gerentes B KombaYana.
> 
> Anjeunna teu sumpang simpang, teras wae laju, nuju Pancala.
> 
> Disatengahing marga....... ......... kakuping ku anjeunna aya nu nuju gunem 
> catur, imbal wacana; ku margi memang B Kombayana sakti, iasa nguping jelas ti 
> katebihan; anjeunna
> kaget, margi nu nyarios teh hiji guru sareng muridna; sareng aya kasabit 
> sabit soal PANAH.
> Hehehehe, naha enya di ieu Nagara aya Resi Jago Panah ? Ah panasaran.
> 
> Enggalna wae B Kombayana nyaketan ka sonten nu nuju gunem catur; katingal aya
> RESI nu potonganana kacida jagkung badagna; najan tos sepuh katingal gagah
> keneh pisan;
>  dipayuneunana calik hiji nonoman nu ditingal sareret saluhureun anjeunna;
> eta murid teh sababaraha kali rekes ka guruna nu sepuh tea; tapi si nu sepuh, 
> teu
> weleh nolak. 
> 
> "Yeuh geus sababaraha kali Kaula ngomong, yen Kaula moal daek mere elmu
> Pangaweruh ka Golongan Ksatriya; Kaula ngan ukur rek ngajar ka Brahmana
> wungkul; ari ka sampeyan mah beda, lantaran Kaula kayungyun ku polah andika,
> tuhu ka na Jangji; hormat tilawat ka sepuh; tah komo ayeuna sampean oge geus
> Satriya pinandita. Nu matak ka sampeyan mah teu dikoretkeun elmu Kaula teh.
> Ditamplokkeun kabehanana. Kaula dititah ngajar nu sejen mah, moal teuing. 
> Barina
> ge Kaula mah ngamusuh tah ka Bangsa Ksatriya teh."
> 
> E ta nonoman, nu calik payuneun guruna nu tes sepuh, teu kecet2, calik we bari
> ngupingkeun sagala kasauran guruna.
> 
> Barang nguping eta kasauran nu sepuh, nu nganggo anggoan Resi, enggal wae
> B Kombayana kaluar nyampeurkeun, bari teras
>  ngandika :"punten Kaula lancang
> pipilueun ka na imbal wacana Sang Resi sareng ieu Satriya, Kaula putra Resi 
> BaradWaja, panginten ka Kaula mah, sang Resi teh moal koret nya ?"
> 
> "Anak saha ? Baruk Resi Barad Waja ? masih aya keneh eta Resi sobat kaula teh 
> ?!
> Jeung boga anak sakieu gagahna.Hahahaha"
> 
> Kaget manah B Kombayana, teu nyana di ieu daerah anjeunna bakal tepung sareng
> sobat ramana. Enggalna ngandika :"Rama parantas ngantunkeun, ayeuna kuring
> nunggelis; jadi kuring ayeuna bungah pisan, tepang sareng sobat bapa kuring; 
> kuring
> ge sakalian rek guguru, tapi punten pisan, rehna Kaula baheula geus diajar ku 
> Bapa
> Kaula, jadi Kaula samemeh guguru rek nyoba heula ; bok bisi sampeyan teh Resi 
> nu
> aku2 nyobat ka Bapa Kaula, padahal henteu aya hubungan naon2; sarengna deui 
> memang Kaula hayang guguru pisan; da nyiar elmu panemu mah kapan kawajiban. 
> Tapi Kaula
> hayang mastikeun yen nu diguruan ku Kaula teh, nyata miboga
>  elmuna."
> 
> Barang nguping kasauran B Kombayana kitu , eta pamuda nu titatadi ngeluk 
> tungkul
> payuneun guruna, enggal wae ngandika:"Eeeh lancang temenan sampeyan, Guru 
> Parasurama,Rama Bargawa; punten nyuhunkeun idin Kaula bade nguji ieu jalma
> lancang."
> 
> Guru nu disebat Rama Bargawa teh, gumujeng, saterasna ngidinan.
> 
> Eta nonoman cengkat, teras ngadeg, nyata kaciri warugana jangkung badag, 
> sluhureun
> B Kombayana; wah rek naon ieu murid bodo teh, hayang dibabetkeun? Kitu manah 
> B Kombayana.
> 
> "E Ladalah, teja sulaksana, teja wong becik, sulaksana wong anyar pinanggih.
> Cik geura sebut aran andika, ti mana sampeyan datang? Ieu Kaula Bhisma
> Dewabrata putra Astina, Kaula murid Rama Guru Rama Parasu. Samemeh sampeyan 
> nyoba2 Ilmu Guru, cobaan heula Kaula, muridna."
> 
> 
> HANCA
>


Kirim email ke