Heuheu jadi rada patali jeung Harry Potter yeuh. Dina harry potter, penjahat
atawa tokoh nu dipikasieun, teu disebut ngarana langsung. Voldemort atawa
saha kitu, biasana sok disebut you-know-who atawa
yang-namanya-tidak-boleh-disebut. Nya bisa jadi basa wewengkon/dialek tina
kajajaden. Kecap nu asalna jadi. Kajadian. Ngajadi naon kitu. atawa jadina
teu bener, jadi kajajaden, siga endong kacingcalang. meureun

 

Tah di urang ge sigana aya adat kitu. maung tara disebut maungna, ngaran
generikna, tapi sebutna sejen ku alatan sieun atawa patali jeung mitos soal
tokoh nu ngahiang atawa salin rupa jadi maung. Ari kecap aden, aden-aden mah
sigana kamekaran ti kecap asal raden, rahadian, cenah rah/ruh, adhi. Ruh
utama. Beh dieu jadi menak, beh dieu deui pikeun sarupaning nu dipikasieun
atawa nu dipikaajrih/hormat.

 

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of jangdede
Sent: Wednesday, July 21, 2010 12:40 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Aden-aden

 






Ari ceuk sikuringmah aden aden teh Maung Kajajaden jeung Monyet kajajaden.

Da enya sikuring pernah manggihan baheula keur rame, kira kira taun 2000-an.

Sikuring panggih jeung maung di tengah jalan jeung bapa kuring, ari ceuk
bapa uing teh eta teh maung siliwangi cenah.

Tah basa keur rame monyet kajajden, sikuring pernah manggihan monyet bodas
keur diuk dina tukangeun imah nini uing. ari ceuk nini uing teh cenah eta
monyet sabenernamah jelema, tapi boga elmu bari jeung keur apes jadi teu
bisa balik deui kana wujud asalna manusa.

 

Jigana sikuring disingsieunan yeuh...

 

2010/7/21, Nana Suwargana <[email protected]>: 

  

Peuting tadi si kuring ngawangkong jeung bapa-bapa tatangga imah,
ngomongkeun masalah aden-aden, ceuk cenah salah saurang manehna pernah
manggihan aden-aden.


 

Tah ieuteh asa ngingetkeun mangsa keur leuting sok disingsieunan ku kolot
baheula (ayeunamah seseueurna tos almarhum) cenah tong ulin di cai pas keur
hujan ngariricik, arek di balong, tampian, walungan naon wae nu loba caina.


 

Cing tah baraya sugan aya nu uninga naon ari aden-aden teh, naha etateh
jelema, juring, sato. naha ayana ngan ditatar sunda atawa di wewengkon
sejenge aya?


 

sugan wae aya nu kantos paamprok, cing caritana alungkeun 


 

hatur nuhun


 


 

Nana Suwargana

urang majalengka cicing di bekasi

 









Kirim email ke