ceuk cenah tatangga kuring nu nyaritakeun kungsi paamprok, rupanateh jiga aki2 atawa nini2, make dudukuy, irungna teuing demes teuing euweuhan, nyaritana ngirung, kulitna loreng jiga maung tea meureun, etage "cenah"
________________________________ Dari: mj <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Rab, 21 Juli, 2010 15:15:40 Judul: RE: [Urang Sunda] Aden-aden Heuheu jadi rada patali jeung Harry Potter yeuh. Dina harry potter, penjahat atawa tokoh nu dipikasieun, teu disebut ngarana langsung. Voldemort atawa saha kitu, biasana sok disebut you-know-who atawa yang-namanya- tidak-boleh- disebut. Nya bisa jadi basa wewengkon/dialek tina kajajaden. Kecap nu asalna jadi. Kajadian. Ngajadi naon kitu. atawa jadina teu bener, jadi kajajaden, siga endong kacingcalang. meureun Tah di urang ge sigana aya adat kitu. maung tara disebut maungna, ngaran generikna, tapi sebutna sejen ku alatan sieun atawa patali jeung mitos soal tokoh nu ngahiang atawa salin rupa jadi maung. Ari kecap aden, aden-aden mah sigana kamekaran ti kecap asal raden, rahadian, cenah rah/ruh, adhi. Ruh utama. Beh dieu jadi menak, beh dieu deui pikeun sarupaning nu dipikasieun atawa nu dipikaajrih/ hormat. ________________________________ From:urangsu...@yahoogro ups.com [mailto: urangsu...@yahoogro ups.com ] On Behalf Of jangdede Sent: Wednesday, July 21, 2010 12:40 PM To: urangsu...@yahoogro ups.com Subject: Re: [Urang Sunda] Aden-aden Ari ceuk sikuringmah aden aden teh Maung Kajajaden jeung Monyet kajajaden. Da enya sikuring pernah manggihan baheula keur rame, kira kira taun 2000-an. Sikuring panggih jeung maung di tengah jalan jeung bapa kuring, ari ceuk bapa uing teh eta teh maung siliwangi cenah. Tah basa keur rame monyet kajajden, sikuring pernah manggihan monyet bodas keur diuk dina tukangeun imah nini uing. ari ceuk nini uing teh cenah eta monyet sabenernamah jelema, tapi boga elmu bari jeung keur apes jadi teu bisa balik deui kana wujud asalna manusa. Jigana sikuring disingsieunan yeuh... 2010/7/21, Nana Suwargana <nanaca...@yahoo. co.id>: Peuting tadi si kuring ngawangkong jeung bapa-bapa tatangga imah, ngomongkeun masalah aden-aden, ceuk cenah salah saurang manehna pernah manggihan aden-aden. Tah ieuteh asa ngingetkeun mangsa keur leuting sok disingsieunan ku kolot baheula (ayeunamah seseueurna tos almarhum) cenah tong ulin di cai pas keur hujan ngariricik, arek di balong, tampian, walungan naon wae nu loba caina. Cing tah baraya sugan aya nu uninga naon ari aden-aden teh, naha etateh jelema, juring, sato. naha ayana ngan ditatar sunda atawa di wewengkon sejenge aya? sugan wae aya nu kantos paamprok, cing caritana alungkeun hatur nuhun Nana Suwargana urang majalengka cicing di bekasi

