hehe. upami kitu mah, milari deui nini sanes/gantina, sigana panjang
deui yuswa aki teh. haha
punten ka nu rumaos aki-aki

On 7/14/10, Tata Noers <[email protected]> wrote:
> "
> Geura upami nini pupus tipayun, aki téh sok tara lami
> ngaduda, da sok teras nuturkeun nini ka ahérat............  teu kitu, da
> seueur anu_ milari " nini " sanesna  anu langkung anom tur seger
> .herhehehe   he.
> --- Pada Rab, 14/7/10, mj <[email protected]> menulis:
>
> Dari: mj <[email protected]>
> Judul: [Urang Sunda] (ngacapruk) wanoja indung manusa
> Kepada: [email protected]
> Tanggal: Rabu, 14 Juli, 2010, 8:31 AM
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Wanoja, Indung Manusa
>
> Mun diibaratkeun kana logam, wanoja téh dianggapna emas. Jadi pantes mun
> sacara adat ogé agama, kacirina loba aturan nu dilarapkeun ka atawa pikeun
> wanoja. Cék salérét mah katémbongna siga nu ngahengker laku-lampah wanoja,
> padahal boh aturan adat boh aturan agama-duanana kaci disebut étika- justeru
> pikeun ngajénan jeung ngajaga diri jeung ajén wanoja.
>
>         Cara teu meunang indit-inditan sorangan, komo ti peuting jeung jauh,
> kudu aya nu  nganteur pikeun jadi pangawal. Komo munggah haji mah,
> dikudukeun pisan aya batur lalaki nu masih muhrim, jsb. Lain hartina
> ngaheureutan ‘hak pribadi’ wanoja, tapi sabenerna pikeun protéksi atawa
> ngalindungi, kusabab ari wanoja mah, mun diibaratkeun kana logam téh, sarua
> jeung emas téa. Sedeng lalaki mah beusi. Kusabab emas, tangtu teu bisa
> sagayawah. Béda jeung beusi. Di kampung-kampung baheula mah, barudak lalaki
> bisa disebut teu pati dipaliré atawa teu pati dipiroséa ku kolotna. Sare di
> tajug atawa di bale oge teu nanaon. Béda jeung wanoja.
>
>         Mun noong tetempoan batur, cara Soren Kierkegaard, filsuf
> néoéksisténsialis urang Dénmark, kapanggih yén nu ngaran wanoja mah, boga
> ajén inajén atawa harkat nu béda unggal tahapan hirup nu kasorang ku dirina.
> Nincak umur beuki ngaluhuran tah ajéna teh, alatan posisi atawa statusna ogé
> robah jeung nambah.
>
>         Cék manéhna mah,  salaku pangantén, wanoja leuwih geulis tibatan
> masih parawan. Salaku istri hiji salaki, wanoja jadi leuwih geulis, sabab
> geus hirup papasangan, geus jadi pangawasa di rumah tangga. Kecap
> “pamajikan” teh cenah asalna ti kecap “majik”, nu hartina cicing atawa
> dumuk. Jadi istri téh nu dumuk di bumi atawa panguasa imah.         Harti
> beh dieu, bisa ti “majikan”, nu hartina nya meureun dunungan atawa bos, ka
> saha salaki nyetorkeun panghasilanana, jeung nu ngatur pangaluaran rumah
> tangga.
>
>         Istri robah atawa nambah status jadi indung. Parobahan katara oge
> dina aurana. Geura ari keur kakandungan, raray hiji istri sok cahayaan. Siga
> nu méré tanda yén éta istri téh calon indung, keur ngasuh calon manusa dina
> rahimna. Geus ngalahirkeun, salaku indung, wanoja jadi langkung geulis
> tibatan panganten. Salaku istri jeung indung, wanoja teh éstuning nu jadi
> matak dunya terus  muter mangtaun-taun kahareup.
>
>         Kumaha mun éta wanoja geus jadi nini? Ajéna malah beuki luhur deui
> sabab jadi sumber pikeun sasaha, jadi pananggeuhan jeung tujuan saréréa. Sok
> we geura, mun budak ménta duit ka kolotna teu dibéré, aya nini, pasti
> lumpatna ka nini, da nini mah gedé kamungkinana bakal méré!
>
>         Nini atawa enin (nya aki oge sebut wé, bisi pundung) jadi tujuan
> saréréa unggal mudik lebaran. Bibi, mamang, ua, kitu deui kolot sorangan,
> marudik lebaran teh ka sepuhna utamana ka indungna, nya nini téa. Dina soal
> kanyaah nu jadi nini ka incu-incuna ketembongna leuwih gede batan ka
> anak-anakna. Pangna kitu, kahijina, nya da anak-anakna geus gedé, kaduana,
> sigana nempo incu téh aya rasa waas atawa kahudang rasa, jadi panineungan
> nini ka mangsa keur ngora, keur boga budak laleutik kénéh.  Ogé yen incu nu
> balatak teh nu baris neruskeun katurunan.
>
>         Munggah haji lir ibarat mudik ka nini. Deukeutna ka Siti Hajar
> (garwana nabi Ibrahim), jauhna ka Siti Hawa, pasangan nabi Adam téa-
> pasangan manusa munggaran di alam dunya. Ngaran wewengkon di Arab Saudi nu
> pangheulana didatangan ku nu munggah haji ti sabrang,  boh nu maké kapal
> laut boh nu maké kapal udara téh, kota palabuhan Jedah. Ari kecap “jedah”
> teh basa Arab nu hartina “nini”. Naha wewengkon éta disebut kitu? Sabab
> cenah di dinya pisan aya makam Siti Hawa. Di urang  baheula, anak nu lahir
> ku cara teu sah (kolotna teu akad nikah heula), sok disebut “anak jadah”.
> Sabab kalolobana baheula, si anak sok terus dikukut ku ninina!
>
>          Salah sahiji rukun haji, nyaeta Sya’i téa, lumpat leutik ti Syafa
> ka Marwah, minangka ‘napak tilas’ baheula basa Siti Hajar lulumpatan néangan
> cai pikeun anakna Ismail.  Eta siloka pikeun ngajenan para ibu, indung nu
> ngandung, pikeun ngarasakeun kumaha indung susah payah ngurus barudakna.
>
>         Numutkeun hadis nabi, kautamaan indung lobana tilu kalieun bapa.
> Tangtu kitu. Sabab tiindung manusa lahir, lain ti bapa nu ngan nyumbang
> sperma nu ngangkut kromosom X. Cék élmu Biologi mah, manusa teh dasarna
> kromosom Y, nu nyampak di indung jeung Y eta teh kromosom wanoja. Nu jadi
> lalaki, katambahan kromosom X. jadi kromosom wanoja YY, kromosom lalaki XY,
> hartina, sabenerna di diri lalaki, aya unsur wanoja.
>
>         Loba babasan nu nunjukeun kautamaan atawa muliana hiji indung.  Aya
> babasan duka timana asalna (sigana ti Arab), yén “sorga teh ayana
> dihandapeun dampal suku indung”. Babasan éta lain hartina naraka aya
> handapeun dampal suku bapa, tapi pikeun nembongkeun yén indung teh mun
> dibanding pasanganana, bapa téa, posisina leuwih utama. Kukituna mah pantes
> jeung geus sawajarna mun sok aya manusa ménta hampura ka indung bari jeung
> sujud atawa nyium suku indungna. Ongkoh dan pangeran moal rido ka hiji
> manusa mun indung (bapa) éta manusa teu rido.
>
>         Bakat ku luhurna ajén atawa harkat martabat indung, urang Yahudi mah
> boga babasan nu aheng, “pangéran nyiptakeun indung sabab pangéran teu bisa
> aya diunggal tempat.” Urang Yahudi nepi ka boga babasan kitu bakating ku
> luhurna ngajénan kanu jadi indung.
>
>         Dina babasan jeung paribasa di urang, indung loba dipaké mikeun
> ngagambarkeun mangrupa-rupa perkara. Cara “indung peuting”, “indung suku”,
> “ibu pare” “indung beurang”. Fitrah indung papasangan jeung bapa, jadi aya
> “indung hukum bapa darigama”, “indung lembu bapa banténg”. Ka saha urang
> munjung jeung muja sangkan hirup bagja, aya jurusna, nyaéta “munjung ka
> indung muja ka bapa.”
>
>         Wanoja teh tihang nagara. Ari nagara aya tilu unsurna nyaéta
> rahayat, wilayah jeung nu ngurus. Ayana rahayat jeung nu ngurus nagara  teh
> apan sasatna mah dilahirkeun ti rahim indung,  Lian ti ngalahirkeun manusa,
> ogé indung teh apan nu sacara tradisional jeung empiris nu leuwih loba waktu
> jeung deukeut jeung barudak. Hartina, indung pisan nu leuwih loba méré
> pangawaruh mangrupa atikan, utamana étika, ka barudakna.
>
>         Kusabab tugasna leuwih ti lalaki, nya ngalahirkeun manusa, wanoja
> dibere kamampu nu jauh leuwih kuat ti lalaki. Euweuh lalaki di alam dunya
> ieu nu sanggup kakandungan jeung ngalahirkeun. Sanajan kitu, kamampu wanoja
> disaluyukeun jeung umurna utamana dina soal ngandung. Geus nepi ka umur nu
> tangtu, wanoja eureun kareseban atawa menstruasi, nu jadi tanda pangsiun ti
> kamungkinan bisa ngandung jeung ngalahirkeun. Tada teuing ripuhna mun nini
> nu sepuh masih keneh ngandung.
>
>         Rumah tangga teh bisa diibaratkeun nagara leutik. Matak indung sok
> disebut ratu rumah tangga. Wanoja cék si cenah boga naluri ngurus. Leutik
> kénéh oge wanoja mah geus bisa milu mantuan kolot di imah. Beda jeung
> lalaki, nu geus gedé oge, loba kalakuanana  nu masih kénéh siga orok: kudu
> di urus! Malah cenah aya nu nyebut yén lalaki mah orok gedé.
>
>         Sanajan teu nalungtik statistik, ku lobana bukti nunjukkeun yén
> pikeun nu kungsi hirup rarabi, papasangan mangtaun-taun terus hirup
> nyorangan, wanoja leuwih kuat hirup nyorangan batan lalaki. Geura upami nini
> pupus tipayun, aki téh sok tara lami ngaduda, da sok teras nuturkeun nini ka
> ahérat. Sabalikna mun aki pupus ti payun, nini mah sok ngaranda teh rada
> lami. Salah sahiji alesan,  sigana, sabab nini jadi leuwih santai, da
> pangsiun ngurus aki. Eta nembongkeun kaayaan yen nini mah langkung kuat
> batan aki, tapi aki mah, nu biasa diurus nini,  kaciri ripuh kudu hirup teu
> dibarengan nini.
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>


------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke