Ieu sae pisan seratan teh mj. Mung hanjakal teu tiasa di forward 
ka inbox kuring hehehehe; da nomail tea.
Cik mj punten pangintunkeun ka abdi ieu seratan teh.
Nuhun pisan sateuacanna.
Diantos...........

--- In [email protected], mang jamal <mangja...@...> wrote:
>
> hehe. upami kitu mah, milari deui nini sanes/gantina, sigana panjang
> deui yuswa aki teh. haha
> punten ka nu rumaos aki-aki
> 
> On 7/14/10, Tata Noers <tatano...@...> wrote:
> > "
> > Geura upami nini pupus tipayun, aki téh sok tara lami
> > ngaduda, da sok teras nuturkeun nini ka ahérat............  teu kitu, da
> > seueur anu_ milari " nini " sanesna  anu langkung anom tur seger
> > .herhehehe   he.
> > --- Pada Rab, 14/7/10, mj <ja...@...> menulis:
> >
> > Dari: mj <ja...@...>
> > Judul: [Urang Sunda] (ngacapruk) wanoja indung manusa
> > Kepada: [email protected]
> > Tanggal: Rabu, 14 Juli, 2010, 8:31 AM
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Wanoja, Indung Manusa
> >
> > Mun diibaratkeun kana logam, wanoja téh dianggapna emas. Jadi pantes mun
> > sacara adat ogé agama, kacirina loba aturan nu dilarapkeun ka atawa pikeun
> > wanoja. Cék salérét mah katémbongna siga nu ngahengker laku-lampah wanoja,
> > padahal boh aturan adat boh aturan agama-duanana kaci disebut étika- justeru
> > pikeun ngajénan jeung ngajaga diri jeung ajén wanoja.
> >
> >         Cara teu meunang indit-inditan sorangan, komo ti peuting jeung jauh,
> > kudu aya nu  nganteur pikeun jadi pangawal. Komo munggah haji mah,
> > dikudukeun pisan aya batur lalaki nu masih muhrim, jsb. Lain hartina
> > ngaheureutan `hak pribadi' wanoja, tapi sabenerna pikeun protéksi atawa
> > ngalindungi, kusabab ari wanoja mah, mun diibaratkeun kana logam téh, sarua
> > jeung emas téa. Sedeng lalaki mah beusi. Kusabab emas, tangtu teu bisa
> > sagayawah. Béda jeung beusi. Di kampung-kampung baheula mah, barudak lalaki
> > bisa disebut teu pati dipaliré atawa teu pati dipiroséa ku kolotna. Sare di
> > tajug atawa di bale oge teu nanaon. Béda jeung wanoja.
> >
> >         Mun noong tetempoan batur, cara Soren Kierkegaard, filsuf
> > néoéksisténsialis urang Dénmark, kapanggih yén nu ngaran wanoja mah, boga
> > ajén inajén atawa harkat nu béda unggal tahapan hirup nu kasorang ku dirina.
> > Nincak umur beuki ngaluhuran tah ajéna teh, alatan posisi atawa statusna ogé
> > robah jeung nambah.
> >
> >         Cék manéhna mah,  salaku pangantén, wanoja leuwih geulis tibatan
> > masih parawan. Salaku istri hiji salaki, wanoja jadi leuwih geulis, sabab
> > geus hirup papasangan, geus jadi pangawasa di rumah tangga. Kecap
> > "pamajikan" teh cenah asalna ti kecap "majik", nu hartina cicing atawa
> > dumuk. Jadi istri téh nu dumuk di bumi atawa panguasa imah.         Harti
> > beh dieu, bisa ti "majikan", nu hartina nya meureun dunungan atawa bos, ka
> > saha salaki nyetorkeun panghasilanana, jeung nu ngatur pangaluaran rumah
> > tangga.
> >
> >         Istri robah atawa nambah status jadi indung. Parobahan katara oge
> > dina aurana. Geura ari keur kakandungan, raray hiji istri sok cahayaan. Siga
> > nu méré tanda yén éta istri téh calon indung, keur ngasuh calon manusa dina
> > rahimna. Geus ngalahirkeun, salaku indung, wanoja jadi langkung geulis
> > tibatan panganten. Salaku istri jeung indung, wanoja teh éstuning nu jadi
> > matak dunya terus  muter mangtaun-taun kahareup.
> >
> >         Kumaha mun éta wanoja geus jadi nini? Ajéna malah beuki luhur deui
> > sabab jadi sumber pikeun sasaha, jadi pananggeuhan jeung tujuan saréréa. Sok
> > we geura, mun budak ménta duit ka kolotna teu dibéré, aya nini, pasti
> > lumpatna ka nini, da nini mah gedé kamungkinana bakal méré!
> >
> >         Nini atawa enin (nya aki oge sebut wé, bisi pundung) jadi tujuan
> > saréréa unggal mudik lebaran. Bibi, mamang, ua, kitu deui kolot sorangan,
> > marudik lebaran teh ka sepuhna utamana ka indungna, nya nini téa. Dina soal
> > kanyaah nu jadi nini ka incu-incuna ketembongna leuwih gede batan ka
> > anak-anakna. Pangna kitu, kahijina, nya da anak-anakna geus gedé, kaduana,
> > sigana nempo incu téh aya rasa waas atawa kahudang rasa, jadi panineungan
> > nini ka mangsa keur ngora, keur boga budak laleutik kénéh.  Ogé yen incu nu
> > balatak teh nu baris neruskeun katurunan.
> >
> >         Munggah haji lir ibarat mudik ka nini. Deukeutna ka Siti Hajar
> > (garwana nabi Ibrahim), jauhna ka Siti Hawa, pasangan nabi Adam téa-
> > pasangan manusa munggaran di alam dunya. Ngaran wewengkon di Arab Saudi nu
> > pangheulana didatangan ku nu munggah haji ti sabrang,  boh nu maké kapal
> > laut boh nu maké kapal udara téh, kota palabuhan Jedah. Ari kecap "jedah"
> > teh basa Arab nu hartina "nini". Naha wewengkon éta disebut kitu? Sabab
> > cenah di dinya pisan aya makam Siti Hawa. Di urang  baheula, anak nu lahir
> > ku cara teu sah (kolotna teu akad nikah heula), sok disebut "anak jadah".
> > Sabab kalolobana baheula, si anak sok terus dikukut ku ninina!
> >
> >          Salah sahiji rukun haji, nyaeta Sya'i téa, lumpat leutik ti Syafa
> > ka Marwah, minangka `napak tilas' baheula basa Siti Hajar lulumpatan néangan
> > cai pikeun anakna Ismail.  Eta siloka pikeun ngajenan para ibu, indung nu
> > ngandung, pikeun ngarasakeun kumaha indung susah payah ngurus barudakna.
> >
> >         Numutkeun hadis nabi, kautamaan indung lobana tilu kalieun bapa.
> > Tangtu kitu. Sabab tiindung manusa lahir, lain ti bapa nu ngan nyumbang
> > sperma nu ngangkut kromosom X. Cék élmu Biologi mah, manusa teh dasarna
> > kromosom Y, nu nyampak di indung jeung Y eta teh kromosom wanoja. Nu jadi
> > lalaki, katambahan kromosom X. jadi kromosom wanoja YY, kromosom lalaki XY,
> > hartina, sabenerna di diri lalaki, aya unsur wanoja.
> >
> >         Loba babasan nu nunjukeun kautamaan atawa muliana hiji indung.  Aya
> > babasan duka timana asalna (sigana ti Arab), yén "sorga teh ayana
> > dihandapeun dampal suku indung". Babasan éta lain hartina naraka aya
> > handapeun dampal suku bapa, tapi pikeun nembongkeun yén indung teh mun
> > dibanding pasanganana, bapa téa, posisina leuwih utama. Kukituna mah pantes
> > jeung geus sawajarna mun sok aya manusa ménta hampura ka indung bari jeung
> > sujud atawa nyium suku indungna. Ongkoh dan pangeran moal rido ka hiji
> > manusa mun indung (bapa) éta manusa teu rido.
> >
> >         Bakat ku luhurna ajén atawa harkat martabat indung, urang Yahudi mah
> > boga babasan nu aheng, "pangéran nyiptakeun indung sabab pangéran teu bisa
> > aya diunggal tempat." Urang Yahudi nepi ka boga babasan kitu bakating ku
> > luhurna ngajénan kanu jadi indung.
> >
> >         Dina babasan jeung paribasa di urang, indung loba dipaké mikeun
> > ngagambarkeun mangrupa-rupa perkara. Cara "indung peuting", "indung suku",
> > "ibu pare" "indung beurang". Fitrah indung papasangan jeung bapa, jadi aya
> > "indung hukum bapa darigama", "indung lembu bapa banténg". Ka saha urang
> > munjung jeung muja sangkan hirup bagja, aya jurusna, nyaéta "munjung ka
> > indung muja ka bapa."
> >
> >         Wanoja teh tihang nagara. Ari nagara aya tilu unsurna nyaéta
> > rahayat, wilayah jeung nu ngurus. Ayana rahayat jeung nu ngurus nagara  teh
> > apan sasatna mah dilahirkeun ti rahim indung,  Lian ti ngalahirkeun manusa,
> > ogé indung teh apan nu sacara tradisional jeung empiris nu leuwih loba waktu
> > jeung deukeut jeung barudak. Hartina, indung pisan nu leuwih loba méré
> > pangawaruh mangrupa atikan, utamana étika, ka barudakna.
> >
> >         Kusabab tugasna leuwih ti lalaki, nya ngalahirkeun manusa, wanoja
> > dibere kamampu nu jauh leuwih kuat ti lalaki. Euweuh lalaki di alam dunya
> > ieu nu sanggup kakandungan jeung ngalahirkeun. Sanajan kitu, kamampu wanoja
> > disaluyukeun jeung umurna utamana dina soal ngandung. Geus nepi ka umur nu
> > tangtu, wanoja eureun kareseban atawa menstruasi, nu jadi tanda pangsiun ti
> > kamungkinan bisa ngandung jeung ngalahirkeun. Tada teuing ripuhna mun nini
> > nu sepuh masih keneh ngandung.
> >
> >         Rumah tangga teh bisa diibaratkeun nagara leutik. Matak indung sok
> > disebut ratu rumah tangga. Wanoja cék si cenah boga naluri ngurus. Leutik
> > kénéh oge wanoja mah geus bisa milu mantuan kolot di imah. Beda jeung
> > lalaki, nu geus gedé oge, loba kalakuanana  nu masih kénéh siga orok: kudu
> > di urus! Malah cenah aya nu nyebut yén lalaki mah orok gedé.
> >
> >         Sanajan teu nalungtik statistik, ku lobana bukti nunjukkeun yén
> > pikeun nu kungsi hirup rarabi, papasangan mangtaun-taun terus hirup
> > nyorangan, wanoja leuwih kuat hirup nyorangan batan lalaki. Geura upami nini
> > pupus tipayun, aki téh sok tara lami ngaduda, da sok teras nuturkeun nini ka
> > ahérat. Sabalikna mun aki pupus ti payun, nini mah sok ngaranda teh rada
> > lami. Salah sahiji alesan,  sigana, sabab nini jadi leuwih santai, da
> > pangsiun ngurus aki. Eta nembongkeun kaayaan yen nini mah langkung kuat
> > batan aki, tapi aki mah, nu biasa diurus nini,  kaciri ripuh kudu hirup teu
> > dibarengan nini.
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>


Kirim email ke