"Tapi pikeun
kuring harita, keun bae, eta impian sina angger, moal dipupus, sina
bumen-bumen dina pipikiran jeung rarasaan," kitu salah sahiji kalimah Onnok
Rahmawati dina notesna, Naon Atuh Judulna, Nya?. Keur kuring, kalimah ieu tegep
pisan. Lain bae endah rumpakana, tapi oge miboga nyawa. Aya sumanget, optimisme
-- beh dituna: karep jeung hujah salaku manusa.
Tayohna, Teh Onnok teh salah sahiji pangarang nu disabit-sabit ku Bah Usep
kamari dina Bagea Generasi Anyar Sastra Sunda (Mangle 2278, Juli 2010). Maca
rumpaka nu nyampak, lain bae karagap kumaha kamaheran Onnok dina ngigelan Basa
(Sunda). Tapi, oge kabeungharan batin anjeunna. Pantes Bah Usep maparin catetan
husus ka ieu isteri.
Di handap, kasanggakeun reportase Teh Onnok ngeunaaan acara PPSS di Ciamis --
kenging maok tina facebook anjeunna.
Wilujeng maos. Wilujeng Jumaahan...
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
==================
Onnok Rahmawati:
NAON ATUH JUDULNA NYA....???
Share Today at 12:24pm
Kungsi hariwang pareng ngabandungan barudak rumaja nu tingjarerit
dina acara2 konser musik, lalajo grup band. Teu kurang, bakat ku hayang
asup nempo pintonan, wani tandon awak, pasesedek, kaleyek, kapiuhan
atawa nepi ka lesna ambekan, nyawa teu waluya. Demi ngudag-ngudag
kameumeut, impian, nu teu bisa nitahkeun, muruhkeun jeung
panggentenankeun rasa ka nu lian. Hartosna, eta rarasaan teh sifatna
mandiri, pribadi, kajeun ceuk batur buruk, butut, ceuk sorangan mah
nomer hiji.
Eta rarasaan kaalaman pisan ku pribados dina dinten Salasa ping 20 Juli 2010.
Dua puluh taunan mulen impian teh. Impian budak leutik nu teu bisa
ngapung. Nu hirup cineten tina kabasajanan. Teu pira tina pirajeunan
bucu baca, najan ukur salambar tilas mungkus tarasi, jadi sok hayang
bisa nyieun bacaeun. Der we sok sagala ditulis dina buku leces nu
jajauheun rupana jeung diary jaman kiwari. Dibaca sakali dua kali, ka
dituna mah nyarangsang na wadah runtah, sabab jajauheun kana alus.
Nengahan mangsa rumaja, dunya rada melenge. Haben pantona disusurung,
teu burung rada ngemplong, ana breh karasa dunya teh rada lega, sabab
sakolana saba kota. Hanjakal kelas jeung karesep patuja'iah. Ukur
nurutkeun sepuh, nu pajar cenah jeung beja, ka sakolaan kitu awewe mah
alusna.
Lain so' tukang maca, tapi langkung kana ngandelan raray, nilepan
kaera. Najan ukur buku batur, koran batur, majalah batur, sok lahaola
nambut atawa menta. Teu burung eta jampe teh matih. Ti dinya pisan
mimiti apal tur mikaresep kasepuhan-kasepuhan nu purah nulis. Najan teu
kerep maca karya-karya aranjeuna sabab walurat sarat tea, tapi nerap
napel sari-sarina. Can nanaon remen ngalamun. Ngalaman moal tulisan
kuring unggaha kana jeroeun koran atawa majalah? Naha rek kataekan
moal, bisa panggih jeung aranjeuna? Pan teu benten aranjeuna teh jeung
bentang film dina gambaran kuring mah, "jauh di mata dekat di hati."
Mun keur maca karya-karyana, aranjeuna teh asa nu urang. Tapi pikeun
kuring harita, keun bae, eta impian sina angger, moal dipupus, sina
bumen-bumen dina pipikiran jeung rarasaan. Mekel tea mah hiji jampe, ti
Abah," mun keyeng tangtu pareng."
Waktu angger laju. Dunya ngeser kana mangsa sawawa, der kana rumah
tangga. Impian can pareum. Tapi perkara tulas tulis katunda jeung
katunda. Sabab aya jampe anyar deui. Pasal-pasal katartiban rumah
tangga, ayat-ayat rarabi. Jaba nu kuring mah "polana" rada aheng,
ssssst....rea san "ulah"na. Intina mah nyakitu lah sami, di mamana ge
rumah tangga nu langkung utama cenah. Antukna kitu we idek liher
ngaropea dapur, sumur, kasur nu pancen gawena teu suda-suda.
Tapi teu burung, sagala ge aya waktuna. Mana kitu ge meureun waktu
kuring mah kudu dimimitian ayeuna. Najan bari ngatog, uyup ayap,
jumarigjeug, nulis teh ngeureuyeuh deui. Pendeman cita-cita nu katunda
welasan taun teh diludang, bungkusan impian dilaanan, tetela teu cecel
teu bocel.
Dina kaayaan dunya robah gede. Nu ngabelesur langkung ti jamparing
mileupas tina gondewa. Tehnolohi ngulang-ngulang, ngajak hiber
kumalayang, najan bari rada gaptek. Ti Dinya turun kereteg, rek
milarian jalmi-jalmi nu dipendem na impian. Sok sanaos pa GODI SUWARNA
teh tatanggi, bongan borangan nepangan, pependak mah na fesbukan. Wa
ASRUH nu jauh mela melu, dujugjug, malihan janten tuduh jalan ka dituna
dugi ka tepang sareng nu sanes-sanesna. Ti dinya aya nu langkung aheng.
Ari haben dipilari, gok lepat...gok lepat. Dipalingping ka hilir ka
girang.....lar lain-lar lain. Naha atuh bet hiji waktos anjeunna pisan
nu haat nyalukan. Teu aya sanes, pa Haji USEP ROMLI HM. Reuwas pacampur
bingah, isin jeung reueus. Sami dihayap, diwurukan, diwawadian.
Gustiiii teuing...pan aranjeuna teh jalmi sohor, bener kitu ieu teh? Da
asa teu nepi ka dieuna impian teh. Naha bet ngimpi teh nya diembohan
nya diangsulan....
Tina lawung kamari, ping 20 Juli 2010...Onnok teh nulis mah teu acan
aya kajucungan. Teu pisan-pisan bade lebet kana lauk buruk milu mijah.
Disebat lelengkah halu, da kolom nini-nini. Cop we mun kana ukuran
rumanggieung mah. Nanging wawanen teh narembongan deui, bongan
kasepuhan markelan iteuk pon kitu deui rerencangan. Kang TONI LESMANA
nu purah mapagkeun da Onnok teh kabiasaan limpeuran jalan, osok ngatog
lebah lawang. Tepang sareng pa GODI nineung ku kaneronna, da pangsina
mah ti kapungkur ge tos di adopsi...hehehe..., nanging leresan sarungna
teu acan wantun...Ka bu ETI RS moal hilap ku socana. Dr. SAf ku
lungguhna, Prof. Nina kayungyun ku nyunyuhun urang Sunda. Bu LIN nu
awet anom, ENUNG nu tawekal, kang DIAN HENDRAYANA nuhun iber
lilingerna, kang DADAN kabita ku coolna, kang ROSYID nu kasontenan, bu
EMAS ku akuana. Leresan pa haji USEP, asa tepang sareng Mama Adromi,
imam masjid jaman burey, seueur banyol nanging kalem..hehe...punten pa
Haji.
Kangge Wa Asruh. Hatur nuhun, pangeresa teh damarna. Sateuacan mulih
ngawawadian...ssssst....hehehe....ka
NUNUNG oge eta mah rusiah nya Nung.. Muhun Insya Allah ka payun. Ayeuna
mah Onnok teh lebet keneh kana dongeng cinderela, nanging tibalik
wayah. Onnok mah pami can mulih wanci magrib, bilih robih janten riwig.
Hiji deui...perkawis galendo, isin Onnok teh saageung gunung galunggung
sateuacan bitu....ke pami ka Ciamis deui urang bekel sareng nu gaduh
pabrikna....mangga inden galendo nyalira-nyalira....hehe!
Hapunten anu kasuhun, oge hatur nuhun ka sadayana nu kantos
kacumentilan ku Onnok waktos PP-SS di Puspita Ciamis. Eta teh lilir
impian, teras lebur pangacian, margi impian teh geuning nyata
pisan.....mana teu kenging helok, janten gelo saentragan. Ayeuna mah
tos rada leler, kantun ngaherang lebah lamunan...ngarang deui...nulis
deui...ngarang deui...nulis deui....mugia jaganing geto patepang deui.
Lubar impian kamari, teu kuhanteu bet merul harepan lian-liana deui.
Htur nuhun, cag.***
Onnok R.