Bisa wae, NGAN...............Teu UMUM

--- In [email protected], mh <khs...@...> wrote:
>
> 2010/8/7 Abbas <abas_ami...@...>
> 
> > Warna di na Basa Sunda araneh oge. Model coklat kadang kala
> > disebut KOPI. arang mah jelas oranye na.
> >
> 
> kelir "coklat" mun hayang disundakeun bisa milih kecap "kondang".
> lembur uing sisi situ, mun isuk-isuk bari moyan sok remen manggih
> manuk "kokondangan". eta sakadang manuk teh kelirna persis jigaat
> nu dimaksud jeung kelir "coklat" tea. mun noongan literatur ceuk
> beja aya tangkal kai nu buahna leutik sagede buah kai kiara. ieu buah
> kai teh cenah disebutna buah kondang, kelirna nya jiga kelir manuk
> kokondangan tea.
> 
> mun nitenan gumelarna kecap nu dijieun ku manusa, utamana nu pakait
> jeung kelir biasana diaranan kucara analogi jeung kelir tutuwuhan atawa
> sasatoan. sakadar conto misalna, aya kelir hejo pucuk cau, hejo tai kuda,
> jeung sajabana. urang malayu mah nyebut hejo tai kuda teh, hejo tai
> anjing cenah. nu matak asana teu salah, mun hayang boga kecap basa sunda
> keur kelir "coklat" urang milih kecap "kondang"
> -mh-
>


Kirim email ke