sagala rupa ge nu anyar mah sok karasa teu umum. lila-lila, mun geus biasa nu pered jadi logor, nu heureut jadi manjangan. sapatu anyar karasa pered, geus dipake sabulan mah ngeunah we.
jadi lebah dieu mah gumantung karep, erek atawa moal, hayang atawa henteu. perlu atawa henteu. nya patokanana nu paling gampang logis atawa henteu mun coklat disundakeun kondang. 2010/8/8 Abbas <[email protected]> > Bisa wae, NGAN...............Teu UMUM > > --- In [email protected], mh <khs...@...> wrote: > > > > 2010/8/7 Abbas <abas_ami...@...> > > > > > Warna di na Basa Sunda araneh oge. Model coklat kadang kala > > > disebut KOPI. arang mah jelas oranye na. > > > > > > > kelir "coklat" mun hayang disundakeun bisa milih kecap "kondang". > > lembur uing sisi situ, mun isuk-isuk bari moyan sok remen manggih > > manuk "kokondangan". eta sakadang manuk teh kelirna persis jigaat > > nu dimaksud jeung kelir "coklat" tea. mun noongan literatur ceuk > > beja aya tangkal kai nu buahna leutik sagede buah kai kiara. ieu buah > > kai teh cenah disebutna buah kondang, kelirna nya jiga kelir manuk > > kokondangan tea. > > > > mun nitenan gumelarna kecap nu dijieun ku manusa, utamana nu pakait > > jeung kelir biasana diaranan kucara analogi jeung kelir tutuwuhan atawa > > sasatoan. sakadar conto misalna, aya kelir hejo pucuk cau, hejo tai kuda, > > jeung sajabana. urang malayu mah nyebut hejo tai kuda teh, hejo tai > > anjing cenah. nu matak asana teu salah, mun hayang boga kecap basa sunda > > keur kelir "coklat" urang milih kecap "kondang" > > -mh- > > > > > > > ------------------------------------ > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > Yahoo! Groups Links > > > >

