Leres Yi, da kitu geuning kanyataanana.Kalah ,mentingkeun urusan dunya.
Padahal pesta mah lain gaya hidup Islami. Puguh ayana puasa teh ngarah bisa 
ngisat salira, ngurangan hasrat kana haliah dunya, meresihan diri (jiwa) 
nguatkeun batin. Ari disamaraan ku pesta mah, nya kitu tah balukarna...tujuan 
puasa teh nya moal kahontal atuh. Kaduana, aya keneh nu can kakoreh ku dulur 
urang, boa ku urang oge sami deuih, nyaeta perkawis tujuan puasa nu saestuna, 
nyaeta ningkatkeun katakwaan. Ari takwa disamaraan ku pesta, kumaha jadina? 
Jaba ti kitu, naon rupa pagawean anu gebyar jadi kabiasaan balarea, can tangtu 
bener (lain bener). Atawa, salah benerna hiji pagawean lain ditangtukeun ku 
loba jeung saeutikna anu milampah. Hakekat bener anu diukur ku "suara 
terbanyak' mah bener cek mentingkeun urusan dunya. 
Saena mah sami-sami nalungtik diri, naha bet kajongjonan dina kabiasaan pesta?
Puguh kasakit "Hubud dunya" kudu geuwat diubaran, ulah ditarurutan.
Mun angger kitu, puasa identik jeung pesta, nu meunang RAHMAT jeung BAROKAH teh 
batur..tukang usaha. ari rereana tukang usaha saha? Batur deui bae, da urang 
mah resep balanja....

Kitu cek aki mahj, Yi?
Hehehe..nuhun kana komentarna

--- Pada Ming, 8/8/10, Waluya <[email protected]> menulis:

Dari: Waluya <[email protected]>
Judul: Re: [Urang Sunda] Sawangan Awal Ramadhan
Kepada: [email protected]
Tanggal: Minggu, 8 Agustus, 2010, 2:57 PM







 



  


    
      
      
      > From: Ki Leuksa Sunda

> Sawangan Aki, bulan Ramadhan teh hayang kieu.

> Puasa jeung Lebaran teh ibadah anu gebyar, anu pakuat-pakait jeung sistem 

> ekonomi, sistem sosial, sistem politik,sistem

> hukum, sistem atikan, jeung rea-rea deui. Kahayang teh pamarentah mere 

> conto anu alus, kumaha carana sangkan umat

> Islam meunang pangajen salila bulan Ramadhan. Carana, ciptakeun suasana 

> anu kondusif, bere insentif ku mangrupa bonus > potongan harga anu logis. 

> Contona, bulan sejen ongkos Kareta Api teh Rp 200.000, kanu keur puasa mah 

> jadi Rp 175.000. > Kitu deui ongkos Beus, Kapal terbang, kapal laut, jeung 

> sajabana. Pan cek Ajengan oge mere dahar kanu buka puasa teh

> gede ganjaranana, meureun mere karinganan ongkos kanu puasa ge gede 

> ganjaranana. Naha pamarentah teu butuhekun ku

> ganjaran  amal soleh model kitu? Da geuning ongkos teh saban taun kalah 

> sok dihaja ditaekeun, resmi diumukeun ku

> pamarentah. Lain tibalik arti kitu? Ieu mah kalah nurutan rumus ekonomi, 

> rumus dunya, kulantaran permintaan meningkat,

> maka harga menjadi nbaik. Eeh..mana nilai religiusna atuh?



Ki, Bulan puasa jeung lebaran teh aya unsur "pesta"na, salian ti urusan 

spritual/ relijius. Nu "pesta" tea biasana tara ngemut kana harga, nu 

penting "pesta"na rame. Nya ieu dimanfaatkeun pisan kunu usaha, supaya 

untung gede ...hehehe. Tah upami hoyong harga-harga teu nararaek. ekonomi 

teu "panas", lengitkeun "unsur" "pesta" di Bulan Puasa jeung Lebaran. Tapi 

tiasa kitu, manusa "tanpa pesta"?



Salam,

WALUYA





    
     

    
    


 



  





Kirim email ke