Loba kecap-kecap ngaran warna/kelir meunang impor. Saperti coklat eta, ti chocolate, kitu oge kopi, ti coffee.
Orange, koneng jeruk asak, basa urang na jingga. Astra jingga tea. Rada deukeut ka beureum. Orange ieu ngaran dinasti karajaan walanda. Orange-nassau. Kamari tim walanda make baju orange-jingga. Putih asana aya dina naskah sunda kuno. Hartina putih teh basa sunda. Bulao siga asli kecap sunda, padahal ti basa walanda. Biru meureun. Da aya cibiru. Biru beh ditu-biru kolot meureun, nila, tarum tea. Citarum. Tarumanagara. Sarua dimana-mana oge, make conto alam pikeun ngajentrekeun hiji kelir. Biru laut. Biru langit. Di urang leuwih euyeub. Hejo pucuk daun, hejo lukut. Hejo tai kuda. Mamawa tai kuda sagala. Haha. Nu ditangkodkeun akar eurih, pikeun ngajentrekeun n kumaha hejo carulang. Sebutan pikeun kulit wanoja nu bodas, hejona rupa urat bakat ku kulitna bersih. Tos heula _____ From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of jangdede Sent: Saturday, August 07, 2010 2:19 PM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] warna-warna coklat mh coklat panginten kang. orange meureun oranye. hitam legam = hideung.cakeutreuk putih = bodas belang = welang lurik = hiris nila = bungur meureun.... 2010/8/6, laoek emas < <mailto:[email protected]> [email protected]>: Sampurasun... Punten mamanawian aya nu terang. Ari 'warna-warna' dina basa sunda naon nya?, sapertos biru=bulao, kuning=koneng, merah=beureum, sareng nu sanesna kumargi abdi hoyong terang ari warna orange, coklat, naon dina basa sundana.. hatur nuhun.

