Hehe... hatur nuhun Ki sateuacana oge, cik sok pami pareng mah alungkeun kadieu 
(japri), teu kedah sareng foto na lah, bisi ngadon si kuring nu hayang (deui) 
heuheu...

Ke ku si kuring di amprokkeun, ngalangkungan dunya maya heula... dina 
prak-prakkan na mah keun we kumaha aranjeunna... 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf 
Of Ki Leuksa Sunda
Sent: 09 Agustus 2010 4:27
To: [email protected]
Subject: Bls: [Urang Sunda] mamanawian

 

  


Leuh asa ku kabeneran, anyar keneh aya anak tatangga nyarioskeun perkara anu 
samodel kieu teh. Ngan duka nyumponan sarat jeung henteuna mah, nu kaciri karek 
sarupa, manehna teh "awewe", ngora keneh ngan can kanyahoan umurna, duka 
sabaraha taun.
Keun urang harewoskeun, nya?
Sawios, keun bae ( hehe..) doble, da ieu mah ihtiar..jaba mantuan kanu butuh...

Baktos...

--- Pada Ming, 8/8/10, Simkuring <[email protected]> menulis:


Dari: Simkuring <[email protected]>
Judul: [Urang Sunda] mamanawian
Kepada: [email protected]
Tanggal: Minggu, 8 Agustus, 2010, 9:04 PM

  

 

 

 

 

AsSalaamu’alaykum,

Sampurasun baraya,

 

Sateuacana si kuring neda panghapunten ka ki kuncen ieu milis boh bilih seratan 
si kuring ngarumpak aturan, nya upami inyana siga kitu tong dianggap weh 
seratan si kuring ieu, enggal di dilet atanapi dipupus ^_^ J

 

Kieu saleresnamah, si kuring katitipan amanah ku pun alo, nyaeta minangsaraya 
pang milariankeun pijodoeun anjeuna hehehe… si kuring anu taya cupat kanggo 
ngalalanyah pijodoeun antukna ngajaran ngalungkeun ieu amanah ka milis 
urangsunda, manawi nya mamanawian eta oge, kitu tah hehe…

 

Alo teh lalaki, ayeuna keur neang kipayah di timteng di bagean oil gas atawa 
petrokimia (kurang pati apal, nya sabudereunana lah), umurna 31 taun ka cueutna 
keun… inyana ceunah kaayeunakeun geus mulai mikiran pijodoeunana, ngan nya kitu 
tea, ari mulang ka lembur ceuk ceunah mah sok tara kabedag mun ‘berburu’ teh, 
ari perkara ngipayahan kadunyaan mah ceuk ijiran si kuring, manehna teh geus 
leuwih ti cukup lah.

Anapon pijodoeun nu diimpikeunana nyaeta:

-       Nu jelas mah awewe ^_--. Mojang keneh.

-       Tereuh sunda pituin, Islam (muslimah).

-       Umur diwatesan tepika 30 taun (30 kahandap) 

-       Pendidikan, sigana teu pati dipalire.

-       Pamenteu, pasipatan, ah etamah teu pati apal kana selera alo si kuring, 
kari prung weh jeung anjeuna mun aya tea mah.

 

Bilih bisi aya nu minat (siga lowongan gawe wae, nya?), nya longokan we ka 
alamat si kuring ieu. Sugan jeung sugan atuh….aya nu merenah, si kuring teu 
niat mutuskeun sagala perkara da engke mah baris ditepikeun ka jinisna.

Bilih bisi deui wae, bilih aya nu nyelengkeung, naha bet siga kieu ning neang 
jodo teh? Nya kuring oge teu ngarti2 acan, ieu mah malah mandar we, susu-ganan, 
boa teuing pijalaneunana samodel kieu.

Hatur nuhun kana sanes kanten perhatosanana,

 

Baktos, 

 

 

 





__________ NOD32 5321 (20100728) Information __________

This message was checked by NOD32 antivirus system.
http://www.eset.com

Kirim email ke