AsSalaamu'alaykum,

Sampurasun baraya,

 

Sateuacana si kuring neda panghapunten ka ki kuncen ieu milis boh bilih
seratan si kuring ngarumpak aturan, nya upami inyana siga kitu tong dianggap
weh seratan si kuring ieu, enggal di dilet atanapi dipupus ^_^ J

 

Kieu saleresnamah, si kuring katitipan amanah ku pun alo, nyaeta
minangsaraya pang milariankeun pijodoeun anjeuna hehehe. si kuring anu taya
cupat kanggo ngalalanyah pijodoeun antukna ngajaran ngalungkeun ieu amanah
ka milis urangsunda, manawi nya mamanawian eta oge, kitu tah hehe.

 

Alo teh lalaki, ayeuna keur neang kipayah di timteng di bagean oil gas atawa
petrokimia (kurang pati apal, nya sabudereunana lah), umurna 31 taun ka
cueutna keun. inyana ceunah kaayeunakeun geus mulai mikiran pijodoeunana,
ngan nya kitu tea, ari mulang ka lembur ceuk ceunah mah sok tara kabedag mun
'berburu' teh, ari perkara ngipayahan kadunyaan mah ceuk ijiran si kuring,
manehna teh geus leuwih ti cukup lah.

Anapon pijodoeun nu diimpikeunana nyaeta:

-       Nu jelas mah awewe ^_--. Mojang keneh.

-       Tereuh sunda pituin, Islam (muslimah).

-       Umur diwatesan tepika 30 taun (30 kahandap) 

-       Pendidikan, sigana teu pati dipalire.

-       Pamenteu, pasipatan, ah etamah teu pati apal kana selera alo si
kuring, kari prung weh jeung anjeuna mun aya tea mah.

 

Bilih bisi aya nu minat (siga lowongan gawe wae, nya?), nya longokan we ka
alamat si kuring ieu. Sugan jeung sugan atuh..aya nu merenah, si kuring teu
niat mutuskeun sagala perkara da engke mah baris ditepikeun ka jinisna.

Bilih bisi deui wae, bilih aya nu nyelengkeung, naha bet siga kieu ning
neang jodo teh? Nya kuring oge teu ngarti2 acan, ieu mah malah mandar we,
susu-ganan, boa teuing pijalaneunana samodel kieu.

Hatur nuhun kana sanes kanten perhatosanana,

 

Baktos, 

 

 

Kirim email ke