punteun lain jangrik kang tapi labah labah, si U&I labah-labahna ngaranna si KAK ROS jeung si FIZI ngaran labah-labahna teh Miksawan mung teu salah mah.. da iyeu mah pintonan SYARIFAH sa po poe nepi ka hafal episode sadayana
2010/8/9 oman abdurahman <[email protected]> > > > Geus lila sabenerna mah hayang nulis atawa ngomentaran perkara film kartun > "Upin jeung Ipin" teh, ngan can pede ari sorangan can nonton mah film-na. > Sanggeus sababaraha kali nonton, tetela enya kartun "Upin jeung Ipin" (U&I) > teh matak pogot. > > Eta kayakinan beuki nguatan. Sanggeus sababaraha kasempetan ngulampreng > alatan tugas ka sababaraha wewengkon Indonesia di beulah tengah - wetan, > kayaning Kendari, Makassar, Balikpapan, Tarakan, oge Malinau, tetela, di > daerah-daerah eta loba anu mikaresep kana kartun U&I teh. Boh di hotel, > rumah makan, warung, bandara keur nungguan boarding, loba tv anu mintonkeun > film U&I. > > Komentar saterusna mah, nya sakumaha ceuk Bang Garin Nugraha, memang, U&I > teh pangjewer kana perfilm-an urang. Anggapan yen film anu "tradisional" > atawa anu muatanana dunya atikan, moal laku, eta anggapan anu salah kacida. > U&I nuduhkeun yen film anu dijieun kalayan basajan, ngebrehkeun kahirupan > sapopoe barudak di hiji desa/kampung, teu dipoles ku rupa-rupa pamoles, bisa > diapresiasi ku jelema rea, lain wae di nagarana, malahan nepi ka sababaraha > nagara tatangga. > > Dina U&I, upamana, paripolah barudak sakola sakumaha umumna, dipintonkeun > sahinasna, teu dijieun-jieun. Lamun budak anu bangor, nya bangorna > dipintonkeun. Paling engke - minangka muatan atikanana - aya disesegkeun > panggeuing, boh ti guru atawa kolot (memang pas dina lebah dieu mah, da > ayana pancen guru jeung kolot teh keur nganasehatan); tapi, teu arang oge > nasehat atawa muatan atikan teh ditepikeun ku salah saurang tokoh budak, > Upin, Ipin atawa babaturanna. > > Upamana wae, dina pintonan anyar keneh, U&I mintonkeun lalakon grup eta > barudak anu resep ngadu sabangsa jangkrik, nepi ka kababawa ka jero kelas. > Waktu guru datang ka kelas rek ngamimitian ngajar, ngadu jangkrik teh masih > keneh, ngan teu laju da kaburu nu jadi guru muka pangajaran. Barudak > gura-giru nyumputkeun sato aduan. Ngan aya saurang anu teu anggeus alias teu > beres ngampihan jangkrikna. Nepi ka bu guru keur tuhu ngajar budak teh > malaweung da panonna ruat-reret wae neangan jangkrikna anu leupas. Slot anu > ieu ditutup ku pintonan budak anu kaleungitan jangkrikna teh - teu nolih > guru anu keur ngajar di hareup - turun tina bangkuna bari ulak-ilik neangan > jangkrikna, kanyahoan ku bu guru anu terus molotot bari ngagoak nanyakeun > keur naon eta si murid, sawatara eta, jangkrik anu leungit tea ngarayap tina > tiung bu guru, ngalangkungan taarna meh dugi kana > pangambungna...jreng....tayangan diganti ku iklan. > > Kartun U&I oge sabenerna pinuh ku muatan atikan ngeunaan kumaha carana > hirup dina kaayaan multi etnis atawa pluralisme tea. Ngan, cara nepikeunana > henteu vulgar, ngalir wae sakumaha tuntutan carita anu logis. Lian ti suku > Malayu, aya suku China, aya oge suku India di eta grup atawa kelas barudak > teh. Meh ampir unggal seri aya pintonan anu nepikeun pesen atikan moral > hirup kumbuh jero masyarakat anu muti etnis. > > Nyaan, kabita ku film U&I Kabita bari kacida ngarep-ngarepna di urang aya > anu nyieun film atawa kartun sarupa. Bahan mah kacida nebana di Indonesia > teh. Keun wae nurutan oge ari dina kahadean mah. Arek aya kitu? > > manar > > > > > > . > > > > > 2010/8/9 Gunawan Yusuf <[email protected]> > >> >> >> mun teu sinetron khayalan, info tainment si penyebar....... >> >> 2010/8/6 mh <[email protected]> >> >> >>> >>> Ditampar "Upin dan Ipin" >>> Jumat, 6 Agustus 2010 | 09:52 WIB >>> >>> *JAKARTA, KOMPAS.com -- *Sutradara film Garin Nugroho (49) menilai, >>> serial kartun asal Malaysia, *Upin dan Ipin, *seharusnya menjadi kritik >>> keras bagi industri hiburan dan media di Indonesia. >>> >>> Hebohnya serial kartun yang sarat nilai pendidikan ini menunjukkan, >>> masyarakat Indonesia masih ingin tayangan yang menawarkan nilai-nilai >>> mencerahkan. >>> >>> ”Upin dan Ipin adalah tamparan keras bagi media di Indonesia yang vulgar >>> dan sarat kekerasan. Nyatanya, *Upin dan Ipin* yang jauh dari semua itu >>> pun tetap digemari,” kata penggagas LA Lights Indie Movie itu di sela-sela >>> seminar animasi di Taman Budaya Yogyakarta, akhir pekan lalu. >>> Dalam seminar itu, pengarah kreatif *Upin dan Ipin *sengaja dihadirkan >>> sebagai salah seorang pembicara. Kehadirannya diharapkan dapat menjadi >>> kesempatan untuk berbagi ilmu. >>> >>> Garin mengaku sangat prihatin dengan tayangan-tayangan media di Indonesia >>> yang cenderung berorientasi pada keuntungan sesaat. *Upin dan Ipin >>> *diharapkan >>> menggugah para pelaku media untuk meningkatkan kualitas tayangannya. >>> >>> Saatnya juga media menghargai karya anak negeri yang tidak kalah >>> berkualitas. Yang dibutuhkan adalah pemihakan. ”Betul-betul-betul….” * >>> (IRE)* >>> >>> *EH* >>> >>> *Dapatkan artikel ini di URL:* >>> http://www.kompas.com/read/xml/2010/08/06/0952133/Ditampar.Upin.dan.Ipin >>> >>> >>> >> > > -- Aldo Desatura ® & © ================ Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

