Rada cangcaya, teu pati yakin (pesimis), duka rek aya duka moal.
Sanes suudon, ngan nilik kana iklim seni, produksi, jeung bisnis film di 
Indonesia asa jauh kana datangna pangharepan kitu teh.

Sabab:
Kahiji, kapentingan bisnis ngelehkeun hakekat seni.
Kadua, produksi seni film, sinetron, jeung sajabana kahembos ku gaya hirup 
pragmatisme.
Katilu, ajen-inajen atikan can diasupkeun kana daftar samara film anu pokok, 
ngan ukur sakapanggih, atawa dina ayana dipaksakeun, jadi teu logis.
Kaopat, pangaruh kapentingan komersial keneh. Contona, mun masyarakat resep 
film jurig, paheula-heula nyieun nu kitu. Jadi, teu baroga prinsip, kumaha 
ramena..asal payu saharita.
Tapi ketang, hampura, babari da ngiritik mah, kawas tukang lalajo mengbal. Kana 
moyok pinter, tapi mun dititah maen mah can puguh bisa.
Ieu mah sugan we atuh keuna saeutik-eutikeun.
Ngan, mun hayang aya film samodel kitu (I&U), produserna kudu mibanda pamikiran 
anu komprehensif & holistik. Utamana dina samemeh prung nyieun skenario, kudu 
jembar hate daek narima saran ti ahli agama, filsafat, atikan, seni, budaya, 
sosial, teknik, politik, usaha, jeung sajabana. 
Saha produserna? Alusna mah ti pihak pamarentah gawe bareng jeung swasta.
Sugan kitu ge....hehehe



 

--- Pada Sen, 9/8/10, oman abdurahman <[email protected]> menulis:

Dari: oman abdurahman <[email protected]>
Judul: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Film - "Ipin jeung Upin"
Kepada: [email protected]
Cc: "urang sunda" <[email protected]>
Tanggal: Senin, 9 Agustus, 2010, 3:25 AM







 



  


    
      
      
      Geus lila sabenerna mah hayang nulis atawa ngomentaran perkara film 
kartun "Upin jeung Ipin" teh, ngan can pede ari sorangan can nonton mah 
film-na. Sanggeus sababaraha kali nonton, tetela enya kartun "Upin jeung Ipin" 
(U&I) teh matak pogot. 


Eta kayakinan beuki nguatan. Sanggeus sababaraha kasempetan ngulampreng alatan 
tugas ka sababaraha wewengkon Indonesia di beulah tengah - wetan, kayaning 
Kendari, Makassar, Balikpapan, Tarakan, oge Malinau, tetela, di daerah-daerah 
eta loba anu mikaresep kana kartun U&I teh. Boh di hotel, rumah makan, warung, 
bandara keur nungguan boarding, loba tv anu mintonkeun film U&I. 


Komentar saterusna mah, nya sakumaha ceuk Bang Garin Nugraha, memang, U&I teh 
pangjewer kana perfilm-an urang. Anggapan yen film anu "tradisional" atawa anu 
muatanana dunya atikan, moal laku, eta anggapan anu salah kacida. U&I nuduhkeun 
yen film anu dijieun kalayan basajan, ngebrehkeun kahirupan sapopoe barudak di 
hiji desa/kampung, teu dipoles ku rupa-rupa pamoles, bisa diapresiasi ku jelema 
rea, lain wae di nagarana, malahan nepi ka sababaraha nagara tatangga.


Dina U&I, upamana, paripolah barudak sakola sakumaha umumna, dipintonkeun 
sahinasna, teu dijieun-jieun. Lamun budak anu bangor, nya bangorna 
dipintonkeun. Paling engke - minangka muatan atikanana - aya disesegkeun 
panggeuing, boh ti guru atawa kolot (memang pas dina lebah dieu mah, da ayana 
pancen guru jeung kolot teh keur nganasehatan) ; tapi, teu arang oge nasehat 
atawa muatan atikan teh ditepikeun ku salah saurang tokoh budak, Upin, Ipin 
atawa babaturanna.


Upamana wae, dina pintonan anyar keneh, U&I mintonkeun lalakon grup eta barudak 
anu resep ngadu sabangsa jangkrik, nepi ka kababawa ka jero kelas. Waktu guru 
datang ka kelas rek ngamimitian ngajar, ngadu jangkrik teh masih keneh, ngan 
teu laju da kaburu nu jadi guru muka pangajaran. Barudak gura-giru nyumputkeun 
sato aduan. Ngan aya saurang anu teu anggeus alias teu beres ngampihan 
jangkrikna. Nepi ka bu guru keur tuhu ngajar budak teh malaweung da panonna 
ruat-reret wae neangan jangkrikna anu leupas. Slot anu ieu ditutup ku pintonan 
budak anu kaleungitan jangkrikna teh - teu nolih guru anu keur ngajar di hareup 
- turun tina bangkuna bari ulak-ilik neangan jangkrikna, kanyahoan ku bu guru 
anu terus molotot bari ngagoak nanyakeun keur naon eta si murid, sawatara eta, 
jangkrik anu leungit tea ngarayap tina tiung bu guru, ngalangkungan taarna meh 
dugi kana pangambungna. ..jreng.. ..tayangan diganti ku iklan.


Kartun U&I oge sabenerna pinuh ku muatan atikan ngeunaan kumaha carana hirup 
dina kaayaan multi etnis atawa pluralisme tea. Ngan, cara nepikeunana henteu 
vulgar, ngalir wae sakumaha tuntutan carita anu logis. Lian ti suku Malayu, aya 
suku China, aya oge suku India di eta grup atawa kelas barudak teh. Meh ampir 
unggal seri aya pintonan anu nepikeun pesen atikan moral hirup kumbuh jero 
masyarakat anu muti etnis. 


Nyaan, kabita ku film U&I Kabita bari kacida ngarep-ngarepna di urang aya anu 
nyieun film atawa kartun sarupa. Bahan mah kacida nebana di Indonesia teh. Keun 
wae nurutan oge ari dina kahadean mah. Arek aya kitu?


manar

 



.

   


2010/8/9 Gunawan Yusuf <gunawanyusuf68@ gmail.com>
















 



  


    
      
      
      mun teu sinetron khayalan, info tainment si penyebar.... ...

2010/8/6 mh <khs...@gmail. com>

















 



  


    
      
      
      Ditampar "Upin dan Ipin"


        


Jumat, 6 Agustus 2010 | 09:52 WIB

JAKARTA, KOMPAS.com -- Sutradara film Garin Nugroho (49) menilai, serial kartun 
asal Malaysia, Upin dan Ipin, seharusnya menjadi kritik keras bagi industri 
hiburan dan media di Indonesia. 


Hebohnya
  serial kartun yang sarat nilai pendidikan ini menunjukkan, masyarakat 
 Indonesia masih ingin tayangan yang menawarkan nilai-nilai mencerahkan.”Upin 
dan Ipin adalah tamparan keras bagi media di Indonesia yang vulgar dan sarat 
kekerasan. Nyatanya, Upin dan Ipin
  yang jauh dari semua itu pun tetap digemari,” kata penggagas LA Lights
  Indie Movie itu di sela-sela seminar animasi di Taman Budaya 
Yogyakarta,  akhir pekan lalu.Dalam seminar itu, pengarah kreatif Upin dan Ipin 
sengaja dihadirkan sebagai salah seorang pembicara. Kehadirannya diharapkan 
dapat menjadi kesempatan untuk berbagi ilmu.




Garin mengaku sangat prihatin dengan tayangan-tayangan media di Indonesia yang 
cenderung berorientasi pada keuntungan sesaat. Upin dan Ipin diharapkan 
menggugah para pelaku media untuk meningkatkan kualitas tayangannya.


Saatnya
  juga media menghargai karya anak negeri yang tidak kalah berkualitas. 
 Yang dibutuhkan adalah pemihakan. ”Betul-betul- betul….” (IRE) 
EH

Dapatkan artikel ini di URL:

http://www.kompas. com/read/ xml/2010/ 08/06/0952133/ Ditampar. Upin.dan. Ipin



    
     

    
    






  










    
     

    
    






  










    
     

    
    


 



  





Kirim email ke