Ngiringan
ah…


 


Janten emut
kajantenan tadi enjing, nuju tatan-tatan bade mios kuli…


Saur pun
biang,”Ieuh geura mani asa galaleumpeur kieu rek puasa teh!”


“Ih, naha geumpeur?”, cekeng teh
ni reuwas, boa-baoa aya lini.


“Nya sagala rupa hahargaan nerekel, tapi ningan
batur mah ngagarembol balanjaan tas ti palasar, babahanan keur munggah. Kadieu
geura yap…”, saurna deui.


Uluh, leres
we…. Pas ditingali teh aya nu ngagigiwing hayam jago peunciteun sagala, mani 
kekeokan… heuheu…

Aya
paripaos Puasa manggih Lebaran, da ayeuna mah ti munggah keneh oge diaya-aya
ningan? 


 


Wilujeng
saum Ki, piwurukna mani munel.




nuhun,


Ro2.


 


 


--- In
[email protected], Ki Leuksa Sunda <ki_leu...@...> wrote:


 


Leres Yi,
da kitu geuning kanyataanana.Kalah ,mentingkeun urusan dunya.


Padahal
pesta mah lain gaya
hidup Islami. Puguh ayana puasa teh ngarah bisa ngisat salira, ngurangan hasrat
kana haliah dunya, meresihan diri (jiwa) nguatkeun batin. Ari disamaraan ku
pesta mah, nya kitu tah balukarna...tujuan puasa teh nya moal kahontal atuh.
Kaduana, aya keneh nu can kakoreh ku dulur urang, boa ku urang oge sami deuih,
nyaeta perkawis tujuan puasa nu saestuna, nyaeta ningkatkeun katakwaan. Ari
takwa disamaraan ku pesta, kumaha jadina? Jaba ti kitu, naon rupa pagawean anu
gebyar jadi kabiasaan balarea, can tangtu bener (lain bener). Atawa, salah
benerna hiji pagawean lain ditangtukeun ku loba jeung saeutikna anu milampah.
Hakekat bener anu diukur ku "suara terbanyak' mah bener cek mentingkeun
urusan dunya. 


Saena mah
sami-sami nalungtik diri, naha
bet kajongjonan dina kabiasaan pesta?


Puguh
kasakit "Hubud dunya" kudu geuwat diubaran, ulah ditarurutan.


Mun angger
kitu, puasa identik jeung pesta, nu meunang RAHMAT jeung BAROKAH teh
batur..tukang usaha. ari rereana tukang usaha saha? Batur deui bae, da urang
mah resep balanja....


 


Kitu cek
aki mahj, Yi?


Hehehe..nuhun
kana komentarna


 




 



  





Kirim email ke