Sawangsulna, Neng Roro. Bagea teuing, ka mana wae? Duh etah ku tiasaan, ngiringan ngobrol teh bari sakantenan nulis carpon-pon (carita pondok nu pondok), mangrupi pangalaman para mitra pra Ramadhan. Sumuhun, wilujeng puasa ramadhan atuh. Mugia ginulur karahayuan, ginanjar kawilujengan. Sabada puasa teh sing aya hasilna, sakumaha saur sepuh "tina peurih mugia sing meunang peurah". Kawas hileud tea geuning, sabada puasa teh salin jinis jadi kukupu. Atuh fisikna (performance) Tina pikagilaeun jadi lucu. Ari sifatna tina garawagan jadi apik baranghakan. Sabab keur jadi hileud mah pagawean teh euweuh deui iwal ti nyatu, daun satangkal sok beak kabeh (hileud alpuket) nepi ka buncir gajih wungkul. Tapi ari geus jadi kukupu mah beda, baranghakana milih saripatina wungkul, ilaharna nyeuseup madu tina kembang bari jeung tara ngaruksak kembangna. Atuh ambahanana lampar deuih, teu kurung batok kawas keur jadi hileud. Da eta boga jangjang (mun jelema mah elmu), jadi weh bisa ngambah jomantara..... Aeh....naha bet ngacapruk deui bae. Bungah tuda, bisa muka surelek... dumeh keur pakanci.
Permios..ah Cag.. --- Pada Sel, 10/8/10, roro rohmah <[email protected]> menulis: Dari: roro rohmah <[email protected]> Judul: [Urang Sunda] Re: Sawangan Awal Ramadhan Kepada: [email protected] Tanggal: Selasa, 10 Agustus, 2010, 5:21 AM Ngiringan ah… Janten emut kajantenan tadi enjing, nuju tatan-tatan bade mios kuli… Saur pun biang,”Ieuh geura mani asa galaleumpeur kieu rek puasa teh!” “Ih, naha geumpeur?”, cekeng teh ni reuwas, boa-baoa aya lini. “Nya sagala rupa hahargaan nerekel, tapi ningan batur mah ngagarembol balanjaan tas ti palasar, babahanan keur munggah. Kadieu geura yap…”, saurna deui. Uluh, leres we…. Pas ditingali teh aya nu ngagigiwing hayam jago peunciteun sagala, mani kekeokan… heuheu… Aya paripaos Puasa manggih Lebaran, da ayeuna mah ti munggah keneh oge diaya-aya ningan? Wilujeng saum Ki, piwurukna mani munel. nuhun, Ro2. --- In urangsu...@yahoogro ups.com, Ki Leuksa Sunda <ki_leu...@.. .> wrote: Leres Yi, da kitu geuning kanyataanana. Kalah ,mentingkeun urusan dunya. Padahal pesta mah lain gaya hidup Islami. Puguh ayana puasa teh ngarah bisa ngisat salira, ngurangan hasrat kana haliah dunya, meresihan diri (jiwa) nguatkeun batin. Ari disamaraan ku pesta mah, nya kitu tah balukarna... tujuan puasa teh nya moal kahontal atuh. Kaduana, aya keneh nu can kakoreh ku dulur urang, boa ku urang oge sami deuih, nyaeta perkawis tujuan puasa nu saestuna, nyaeta ningkatkeun katakwaan. Ari takwa disamaraan ku pesta, kumaha jadina? Jaba ti kitu, naon rupa pagawean anu gebyar jadi kabiasaan balarea, can tangtu bener (lain bener). Atawa, salah benerna hiji pagawean lain ditangtukeun ku loba jeung saeutikna anu milampah. Hakekat bener anu diukur ku "suara terbanyak' mah bener cek mentingkeun urusan dunya. Saena mah sami-sami nalungtik diri, naha bet kajongjonan dina kabiasaan pesta? Puguh kasakit "Hubud dunya" kudu geuwat diubaran, ulah ditarurutan. Mun angger kitu, puasa identik jeung pesta, nu meunang RAHMAT jeung BAROKAH teh batur..tukang usaha. ari rereana tukang usaha saha? Batur deui bae, da urang mah resep balanja.... Kitu cek aki mahj, Yi? Hehehe..nuhun kana komentarna

