Rada hese sare peuting ieu teh, meureun pedah beuteung pinuh, buka puasa mimiti. Ngaleyep-ngaleyep jam satuan, eta oge dina korsi bari lalajo TV. Satengah ngimpi waktu korsi tempat kuring nyangkere karasa eundeuk2an. Teu sadar mimiti mah, ngan sanggeus sababaraha detik, kakara kapikir boa boa lini. Korejat hudang, tapi eundeuk2an geus eureun. Ngahuleng ah meureun ngimpi. Kakara yakin aya lini sanggeus nempo running text dina tv, aya lini 5,8 richter jam 2:10 am nu puseurna di sukabumi. Mudah2an teu aya nanaon .....
Waluya

