Leres Bah, abdi ge ngaraos ranjang oyag-oyagan mung sakerejep. Eta ge
pedah digugahkeun ku pun biang,"Ieuh...ieuh... ayah lini!".
Enggal-enggal we mamuru panto kalaluar. Teu aya tatanggi hiji-hiji
acan, talibra rupina. Dimana nya lini teh? Ah, da hoream nyetel tipi,
diteguh-teguh we...boa-boa di Tasik deui... taun kapungkur ge pan
ngawitan saum aya lini teh. Sihoreng di Sukabumi.



Muhun, mugia we salamet sadayana. Amin. 

ro2

--- On Thu, 12/8/10, Waluya <[email protected]> wrote:

From: Waluya <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] Lini euy!
To: [email protected]
Date: Thursday, 12 August, 2010, 3:45 AM







 



  


    
      
      
      Rada
hese sare peuting ieu teh, meureun pedah beuteung pinuh, buka puasa
mimiti. Ngaleyep-ngaleyep jam satuan, eta oge dina korsi bari lalajo
TV. Satengah ngimpi waktu korsi tempat kuring nyangkere karasa
eundeuk2an. Teu sadar mimiti mah, ngan sanggeus sababaraha detik,
kakara kapikir boa boa lini. Korejat hudang, tapi eundeuk2an geus
eureun. Ngahuleng ah meureun ngimpi. Kakara yakin aya lini sanggeus
nempo running text dina tv, aya lini 5,8 richter jam 2:10 am nu
puseurna di sukabumi. Mudah2an teu aya nanaon .....



Waluya





    
     

    
    


 



  





Kirim email ke