jigana wae tokog gatotgaca ngawakilan impian kaum nu katindes, teu walakaya.
mucunghul si gatot jadi tokoh nu ngabelana. kulantaran kitu, nya si gatot
teh
jadi idola rayat nu teu walakaya.


2010/8/12 Abbas Amin <[email protected]>

>
>
> Ti barang Revolusi Phisik taun 1945 ; Carios Wayang kacida Populerna waktu
> harita; bioskop teu acan seueur. Nepi ka nu nyipta lagu ge harita kabagean
> oge jataha. Utamana nya di na Wayang Golek.
>
> Model Lagu Pahlawan Bangsa, Upit Sarimanah, nu syairna kira2 kieu :
> teu honcewang, sumoreang, tekadna pahlawan bangsa.
> Cadu mundur pantang mulang, mun tekad tacan laksana,
> berjuang keur lemah cai, lali rabi tur tega pati;
> taya basa menta pamulang tarima,
> ihlas ridho keur KORBAN MERDEKA
>
> Tah ieu lagu teh, baheula bakal dihaleuangkeun ku sinden, di na waktuna
> TOKOH
> Gatot Kacha mimiti kaluar; atawa Gatotkacha perang .
> Tokoh Gatotkacha teh, di na taun 1960an mah dianggap keur ngagambarkeun
> sagemblengna TENTARA we.
> Nu matak akhirna PAREUM we. Panokohan teh. Da kapan teu sakabeh TANGTARA
> arihlas.Komo atuh ayeuna mah, sigana euweuh we nu ihlas teh.
>
> Jadi taun 2000mah ku sabab abad Milenium; pareun we tokoh Gatotkacha teh.
> Bareng jeung pareumna kaseniaan Wayang GOLEK !
>
> Komo atuh ayeuna mah, da di masyarakat kapan tos LEUNGIT tah TOKOH Gatot
> kacha
> teh; ayeuna mah rata2 tokoh nu MUNCUL teh nya model Sakuni Duryodhana;
> gambaran
> kasarakahan jelema.
>
> Duka kumaha; da Zaman harita mah, asal tokoh Gatotkacha kaluar pasti surak
> !
> Da kuring ge ujug2 ngarasa REUGREUG; mun keur lalajo wayang teh.
>
> Karasa memang TOKOH Gatotkacha teh HIRUP pisan.
>
>
>

Kirim email ke