Muhun panginten eta laguna. Ngan pedah we eusina aya pahlawan Bangsa. Hahahaha
--- In [email protected], Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...> wrote: > > leres karatagan pahlawan anggitan mang koko suargi > > 2010/8/13 oman abdurahman <omana...@...> > > > > > > > Nami laguna sanes "Pahlawan Bangsa", namung, anu leres, "Karatagan > > Pahlawan". Ari rumapaka na mah leres. Salengkepna kieu: > > > > Karatagan Pahlawan > > > > > > "Teu honcewang, sumoreang, tekadna pahlawan bangsa > > Cadu mundur pantang mulang, mun tekad tacan laksana > > Berjoang keur lemah cai, lali rabi tur tega pati > > Taya basa menta pamulang tarima, > > Ihlas rido keur korban merdeka" > > > > Sigana, lagu eta lain dicipta dina lalakon wayang. Ngan, laguna geus > > nyampak, laju mindeng dibawakeun ku sinden atawa dalang pas dina waktuna > > Gatotkaca manggung. > > > > Saha anu terang saha anu nganggit eta lagu "Karatagan Pahlawan"? Mang Koko > > kitu? cikan ka anu tos mendakan, wartosan abdi. Nuhun. > > > > manar > > > > > > ___ > > > > > > -- > d-: dudi herlianto :-q > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk >

