teraskeun salajeng na .... diantos pisan nuhun pisan nya....

2010/8/16 Abbas Amin <[email protected]>

>
>
>
>
> --- On *Sun, 8/15/10, Abbas Amin <[email protected]>* wrote:
>
>
> From: Abbas Amin <[email protected]>
> Subject: Fw: Gatotkacha-4
> To: "urangsunda" <[email protected]>
> Date: Sunday, August 15, 2010, 6:36 PM
>
> Naha nya dugi ka ayeuna ka US teu lebet nu ka-4 na ?
>
> --- On *Sun, 8/15/10, Abbas Amin <[email protected]>* wrote:
>
>
> From: Abbas Amin <[email protected]>
> Subject: Gatotkacha-4
> To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" <
> [email protected]>
> Cc: [email protected], "Gagak Bandung" <[email protected]>,
> [email protected]
> Date: Sunday, August 15, 2010, 3:25 AM
>
> Yudhistira sareng sadayana kataji pisan ku tata titi Gatot kacha; teras
> Samyaji ngalahir :"Gatot kacha, anak Ua, Kaula kacida bungahna tos
> pendak sareng diri hidep, ah sabenerna mah, sampeyan teh teu pantes
> jadi BUTA; pantesna mah jadi MANUSA."
>
> "Eladalah, leres pangandika sampeyan Kaula Kresna ngadukung (ngarojong)
> pisan kana kasauran sampeyan. Hahahaha."
>
> Duka pedah nu sasauran teh nu nuju sangsara, nya eta  Pandawa; atawa duka
> pedah dikuatkeun ku "carios" hiji Dewa nu mangrupi jalma; tapi ngadak2
> saharita sakedapan poek mongkleng buta rajin; saparantos netra deui;
> katingal di payuneun Sang Yudhistira aya hiji Pamuda nu dedeg sampe;
> kalintang gagahna; tapi nuju diuk tungkul amarikelu.
>
> "E   eh, dimana Gatot kacha ?" Eta kasauran Yudhistira tumaros; teu
> ditujukeun
> sacara khusus.
>
> Eta pamuda gagah teh cong nyembah, bari tetep tungkul amarikelu:"Duuuh,
> Ramaua
> Yudhisthira, ieu Putra Gatot kacha........nun inggih, aya pikersaeun naon?
> Aya kapalay naon wae, pasti ku Putra ayeuna keneh bade dilaksanakeun."
> Leres ge mani sopan pisan, tapi soanten Gatot Kacha kalintang agemna; lir
> sora Maung anu nuju ngagerem, matak geueumeun nu nguping."
>
> "Bagja kumayangan kasep, anak Ua Gatotkacha, rupa sampeyan geus robah
> ayeuna mah; mangrupa manusia biasa ngan jangkung gede model Rama hidep;
> Bhima."
>
> "Hemmm, Rama Ua , Putra oge ngarasakeun asa aya nu ical ti diri Putra;
> badan oge asa ngahampangan, duuuh ieu teh hiji hal anu ageung pisan kanggo
> Putra. Duuuuh Dewaaaa, kula nganuhunkeun pisan."
>
> "Hahahahaa, alus pisan paroman hidep teh Gatotkacha, yap hidep ku Ua
> dijiad."
> Prabu Kresna sasauran.
>
> "Duuuh Ua Bhatara Kresna, Kula datang sinembah ka sampeyan, Ua. Mugya
> katampi. Nun."
>
> "Katampa Gatotkacha, katampa." Lajeng wae embun2an Gatotkacha diusap sareng
>
> ditiup ku Sri Bhatara Kresna, bari enggal sasauran:" Wargi2 sadayana,
> mangka
> waspada, ieu tos tetekon ti Hyang Agung, yen si Jabang Tutuka jadi manusa
> nu
> wajar; tapi mun manehna keur ambek; engke bakal robah wujud ngajungkiring
> kawas buta deui pikagilaeun jeung pikasieuneun musuh. Ieu Gatotkacha bakal
> jadi Pahlawan Agung nu dipihormat ku sasaha."
>
> Barang nuju imbal wacana, kaselang ku kasumpingan ngadadak Putra Dewa
> Angin.
> Sumpingna bari nuyun ingkang Rai, Arjuna. Atuh kalintang sadayana suka
> bungah
> nampi kasumpingan ieu dua jalmi nu memang diantos antos siang wengi.
> Saparantos silih rangkul; Bima ngareret ka Pamuda nu ti tatadi tumungkul
> amarikelu di payuneun Yudhistira; enggal Bima nyaur:"Heh..........budak
> ngora!
> saha andika? Jeung aya naon aya di dieu !"
>
> "Duuuh Rama paduka; Bratasena Putra Gatotkacha ngahaturkeun sembah
> Kaulanun................."
>
> "Iiiiiiis...............  Bohong sampeyan !" teu tata pasini deui
> Gatotkacha digusur
> kaluar ku Arya Sena; lajeng diangkat dijungjungjeun saterasna dibanting
> niban
> lemah. Atuh Gatotkacha mani pepelengkingan nahan nyeri; saterasna dirontok
> deui
> Ku Bima; bari teu weleh nyeuseulan mani lak lak dasar:"Eh binatang! geus
> bosen
> hirup nya andika? Wani2 ngabohong ngaku2 anak Kaula Gatot Kacha! Kula moal
> bisa dibobodo ditipu ku andika! Yeuh rasakeun !"
> Bari jekok2 bae Gatotkacha diteunggeulan ditajongan sareng dibuntang
> banting
> ku Arya Sena; sama sakali Gatotkacha teu aya kasempetan kanggo ngajelaskeun
> hal ieu; sareng deui Gatotkacha tos pasrah ihlas; sanajan dugi ka mati
> Gatotkacha
> ihlas pisan; teu aya sakecap ge kaluar; teu ngajerit jerit acan; estuning
> enyaan
> ihlasna teh.
>
> Ti tatatadi para saderek Pandawa lan Kresna Baladewa enggal kalaluar bade
> nyapih sareng nentremkeun Bima nu nuju nyiksa; tapi ku margi gerakan Bima
> teh
> ngan sakilat sakilat; jadi teu sempet oge ieu marisah. Pang payunna nu
> nyaketan
> ka Bima ; nya eta Satyaki; tapi barang caket, barang anjeunna oge ti
> banting
> keuna amuk Arya Sena. Enggal Arjuna nyobian newak panangan Bima; tapi ieu
> oge kalah tigugulitik kasapu ku Amukan Bima.
> Nu katilu pangcaketna; nyata Prabu Baladewa; nu kasohor Jago Gulat sa
> Mandura;
> atuh barang Gabrug duanana papuket ; diteraskeun silih piting. Nyata
> duanana
> rosa kagagahanana; mung bae lami2 Baladewa kalah rosa kageser rada mundur.
> Mung bae Bima jadi liren ngamukna, teras nyarios bari masih keneh
> napsu:"Yooooy
> aya naon sampeyan Balarama , Arjuna , Satyaki, lain ngaringkus ieu si
> duratmaka,
> malah ngahalangan Kaula, aya naon ieu !?"
>
> "Eladalah..............ieu mah dulur Kula hiji, mun teu ribut heula sigana
> moal rame;
> hehehehe; yayi Bima; eta Gatotkacha teh nyata Putra sampeyan, naha sampeyan
> kasamaran rayi !?"
>
> "Yoooooy.............   sampeyan can nyaho saha Gatot kacha sabenerna ?
> Naha
> sampeyan jlamprong gampang percaya ka jelema nu ngaku2 Gatotkacha, anak
> Kaula ?!"
> "Tanpa bukti, tanpa saksi ! Ari Kaula mah geus apal ka Gatot Kacha."
>
> "Duuuh Rama Bima, ieu Kaula Gatotkacha................"
> Teu acan ge Gatotkacha tamat nya mihatur; enggal ditajong deui rarayna ku
> Bima;
> bari teras rambutna dipuntir diunyeng unyeng; enggalna Yudhistira nyaketan
> Bima
> teras sasauran:"Eh yayi Bima; ieu teh leres Gatotkacha................"
>
> "Heeeemm...........  keun we katipu ku Sakuni mah jamak; ieu cing atuh ari
> ku
> pamuda kampung kieu mah, urang teh ulah katipu. Jeung naon buktina ieu teh
> anak
> Kaula? Cing sok ngomong ka diri Kula ?"
>
> "Yayi, tah ieu sapasang susumping kapan nu sampeyan; tah eta susumping teh
> dibawa ku eta pamuda !"
>
> Jaya bang winga winga..............   Langkung amarah deui Arya Bimasena;
> enggal
> nyentak bari ngajejekan Gatotkacha:"Kurrang aja andika! Pasti sampeyan geus
> nyilakakeun anak Kaula Gatotkacha; terus kadieu akon2 jadi anak Kaula.
> Nyata
> sampeyan kuat pisan; sakitu disiksa ku Kaula sampeyan teu modar2; ngan
> aneh,
> naon sababna sampeyan teu ngalawan sama sakali !?"
>
> "Duuuh Rama Bimasena; kaula ihlas rela; cek paripaosna dipenta nyawana oge,
> tinangtu Putra, Gatotkacha bakal masrahkeun, kalayan teu aya gantar
> kakaitanana."
> Mangga Kaula Gatotkacha, Putra sampeyan masrahkeun badan sakujur."
>
> Rada liren nyiksana Bimasena, margi ti na cariosan ieu pamuda; seueur pisan
> kecap2 nu sami sareng Putrana Gatotkacha; enggalna ngandika gerem gerem
> kadya macan lapar:"Hemmmmm, pamuda nu wani ngaku Gatotkacha! Kaula
> tetep teu yakin; yen andika Gatotkacha; lantaran Kaula apal Gatotkacha mah
> BUTA ! Lain jelema kawas andika."
>
> :Hehehehe.......... Bima ....Bima........' cing atuh sagala tindakan teh
> sing asak sasar
> heula; ieu mah kabiasaan sampeyan; ribut heula kakara nanya; batur mah
> nanya
> heula kakara ribut; ieu mah ribut heula kakara nanya! Tapi hehehehe, mun
> teu kitu
> lain ge Bima." Kitu saur Kresna nyabarkeun Bima.
>
> "Enya..........   tapi naha Kaula salah ? Da Kaula mah geus panggih jeung
> anak
> Kaula Gatotkacha; lain kieu congorna tah si Gatot mah. Ngaranna ge Buta
> ngajungkiring siga tangkal caringin. Kapan ieu mah manusa we biasa?"
> Ari sampeyan pasti wae da can apal; asal aya nu nembongkeun susumping
> Kaula,
> dianggap anak Kula; padahal ieu jelema teh pasti nu geus ngarampas
> susumping
> nu dibawa ku Gatotkacha; terus aku2 angga kadieu; boa2 Gatotkacha geus
> dicilakakeun tah ku mangkeluk ieu teh."
>
> "Duuuh rama sesembaheun Putra............." Nembe ge sakitu enggal disentak
> ku
> Arya Sena:"Tong pipilueun siah ! Hayang dijejek !?"
>
> "Heh Bima ! sampeyan nyaho hiji, teu nyaho kadua!"Baladewa ayeuna mah
> ngiring
> sasauran."Eta Gatotkavcha kacida anehna; tong boro sampeyan atuh; Kuala ge
> ampir teu percaya ! Eta Buta Gatotkacha teh geus robah jadi manusa; ku
> kuat2na
> sabda Yudhistira sareng Kresna."
>
> HANCA
>
>
>
>
>
>  
>



-- 
Aldo Desatura ® & ©
================
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

Kirim email ke