cing kintun alamat email salira ka abdi di: abas_ami...@yahoo.com

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "A.Mijil Pinilih" <agiz_31...@...> wrote:
>
> Di antos prungna perang bharata yudha na.
> Haturnuhun.
> Sent from my BlackBerry®
> powered by Sinyal Kuat INDOSAT
> 
> -----Original Message-----
> From: Abbas Amin <abas_ami...@...>
> Sender: urangsunda@yahoogroups.com
> Date: Thu, 26 Aug 2010 17:51:30 
> To: kisunda<kisu...@yahoogroups.com>; urangsunda<urangsunda@yahoogroups.com>
> Reply-To: urangsunda@yahoogroups.com
> Subject: [Urang Sunda] samemeh Bharata Yudha ka-27
> 
> Caturkeun wae dua pihak Kurawa Astina lan Pandawa tos papayun payun di na 
> radius 500 KM; tinggal pruk aya Komando peperangan pasti ger jadi.
> 
> Katingali Pihak Kurawa/Astina pinuh ku Disiplin, sareng tandangna kacida 
> tegerna
> lantaran kabehanana tos yakin bakal meunang; nu pang payunna katingal Maha
> Senapati Kurawa/Astina Bhisma Dewabrata. Ditengen sareng kiwa ngarendeng
> Resi Agung Drona sareng Krepa. Teras pasukan Divisi2 nu dipimpin ku Para
> Raja; di jejeren katilu katingal Duryodhana mimpin divisina nyalira.
> Eta upami dietang ti Divisi Bhisma dugi ka Divisi Dursasana; panginten aya 
> 10Km
> na tebihna. Lantaran pasukanana ngayuta. Dipengkereun eta Pasukan nu sakitu 
> angkerna, katingal ngabrengbreng Kemah2 Pasukan Astina sareng sakutu2na.
> Eta oge anu pangcaketna ti na prajurit nu perang teh aya ka na 2 Km na. Eta 
> teh
> ku lega2na Kurusetra. Nu teu katingal teh nya eta Karna; lantaran ieu mah teu
> kenging ngiring perang ku Bhisma Maha Senapati. Jadi salami aya Bhisma jadi
> Maha senapati, Karna teu meunang milu Perang.
> 
> Ari ti pihak Pandawa oge aya kana 11 km panjang ti nu panghareupna dugi ka
> kapangtukangna teh. Kemahna anggangna aya kana 3 Km na ti pasukan pang
> tukangna. Ieu oge lengkep ku juru masak jeung sapuratina kaperluan perang.
> Pasukan Pandawa oge katingal Angker; matak gimir pasukan musuh.
> Katingal TEKDNA Para Pasukan Pandawa rek ngetohkeun jiwa raga; teu
> katingal aya nu leutik burih; estu katingal napsu perangna gede pisan.
> 
> Teretet Tarompet awal ditiup ku Dursasana, tan yen rek taki2 ngamimitian 
> perang;
> mun sora kadua ditiup, eta hartina peperangan dimimitian. Tah waktu harita 
> aya nu 
> kaluar ti Pasukan Pandawa nuju ka Pasukan Kurawa. Ari disidik sidik, nyata 
> eta teh
> Yudhistira Putra Pandawa kahijina. Sadayana pada kaget, utamina Arjuna, 
> anjeunna
> bade ngudag mung diwagel ku Kresna, keun we cenah urang tingali tikatebihan.
> Da moal matak naon2.
> 
> Tapi nu pang ramena mah di Pihak Astina. Para Raja2 Komentaran :"Saha eta nu
> ngadon datang ka urang teh ? Rek Naon ? Geuning siga Darmakusumah ?
> Heueuh bener eta Samyaji geuning? Rek naon nya ? Rek taluk kituh ?
> Pedah ngarasa pasti bakal eleh? Lantaran nempo Pasukan astina sakieu kutna?
> Atuh da Pandawa mah ngan ukur 7 Divisi ? Ngalawan 11 Divisi ? Moal Kuat ?
> Tapi eta kacida ngerakeunana ka pihak Pandawa? Euweuh pisa kahormatan
> sama sakali? Naha nya make aya LAHIR jelema nu asup Kasta Satriya, tapi
> kalakuanana nguncung pisan ? Salah lahir kuduna di Bangsa Sudra!
> 
> Loba pisan nu mere komentar ngeunaan ayeuna Darmakusumah nyampeurkeun
> pasukan Kurawa nu siap tempur. Nepi ka rada saheng kadengena. Tapi Darma
> Putra teu gedag kaanginan, terus we maju; ngawitan nyampeurkeun ka Bhisma
> Maha Senapati Astina.
> 
> Cong nyembah, lajeng Yudhistira ngandika:"Eyang, punten nembe ayeuna putu
> eyang sowan ka eyang; putu eyang neda pangampurana; wireh di na waktosna 
> rek der perang, kakara putu eyang ngadep ka eyang."
> 
> Bhisma:"Dihampura pisan Darmakusumah. Eyang ngarti kana kasusahan hidep."
> 
> Yudhistira:"Eyang, nu dipihormat ku sadaya, mugya eyang masihan idin ka Putu
> eyang kanggo merangan eyang; kanggo ngalawan ka eyang."
> 
> Bhisma:"Teu naon2 Yudhistira; malah eyang bungah mu sampeyan bisa 
> ngelehkeun eyang. Sok we ulah ragu ragu."
> 
> Yudhistira:"Nu katilu eyang, putu eyang nyuhunkeun jiad pangestu ti eyang."
> 
> Bhisma:"Duh Putu eyang, Darmakusumah, ku eyang dijiad sampeyan sing JAYA
> di na ieu peperangan. Sok Eyang yakin sampeyan bakal meunang perang."
> 
> Saparantos ka Bhisma enggal Yudhistira nyampeurkeun ka Dorna Guru nu 
> dipihormat. Teras Yudhistira ngandika:"Duuuh Guru Drona, Kaula Pandawa Lima
> nyungkeun Widi, bade ngalawan Perang sampeyan, sareng salian ti eta kula
> oge mundut RESTU ti sampeyan Guru Drona."
> 
> Pandita Drona:"Hahahaha, enyaan Darmakusumah mah ngarti ka na etika tata 
> krama; der we perangan kaula ulah ragu2; jeung jiad pangesto ri diri Kula 
> pikeun
> Pandawa sagemblengna sing Jaya di na Pangperangan. Elehkeun lawan sampeyan."
> 
> Kitu deui ka salya sareng ka Krepa; Darmakusumah nampi jiad Jaya dina
> peperangan; enggalna mulih deui ka pasukanana. Barang Aswatama nguping jiadna 
> Resi Drona, enggalna bae nyaketan, teras nyarios rada tarik:" Rama Drona;
> ku naon ari ka Pandawa ama teh masihan JIAD JAYA di na pang perangan ?
> Naha ari ka anak sorangan , dipundut jiad Jaya na pangperangan, malah mere
> jiad Rahayu. Aneh rama mah. Naha ka Darmakusumah ama masihan doa
> meunang; ari ka KUla anakna ngan ukur cukup Rahayu. Kumaha eta? Kapan itu mah
> musuh ?"
> 
> Drona nimbalan :"Hehehehee, Aswatama anaking . anak ama si Jago.
> Kabeh ge aya waktuna; Pandawa musuh di na peperangan; ari tadi mah pan 
> manehna mere hormat sacara murid ka Guru; nya Kula wajib mere jiad ka 
> Yudhiatira."
> 
> Aswatama :"Tapi naha atuh masihan jiad teh supaya Jaya jeung Unggul ? Eta mah
> sami sareng ama ngadu'akeun Kurawa eleh atuh !?"
> 
> Drona :"Sagala aya waktuna, Kaula ngan ukur mere jiad; nu penting mah nu 
> ngalaksanakeun. Sok gura giru maneh balik deui ka Pasukan; sakeudeung deui
> peperangan bakal diawitan.
> 
> 
> 
> TAMAT
> 
>  
>


Kirim email ke