nyuhunkeun alamat emailna !

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "A.Mijil Pinilih" <agiz_31...@...> wrote:
>
> Muhun abah kunanon.
> Abdi kulan?
> Hheee
> Sent from my BlackBerry®
> powered by Sinyal Kuat INDOSAT
> 
> -----Original Message-----
> From: "Abbas" <abas_ami...@...>
> Sender: urangsunda@yahoogroups.com
> Date: Mon, 06 Sep 2010 10:13:02 
> To: <urangsunda@yahoogroups.com>
> Reply-To: urangsunda@yahoogroups.com
> Subject: Re: [Urang Sunda] samemeh Bharata Yudha ka-27
> 
> Kanggo kang A. Mijil
> 
> --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Abbas" <abas_amin08@> wrote:
> >
> > cing kintun alamat email salira ka abdi di: abas_amin08@
> > 
> > --- In urangsunda@yahoogroups.com, "A.Mijil Pinilih" <agiz_31bie@> wrote:
> > >
> > > Di antos prungna perang bharata yudha na.
> > > Haturnuhun.
> > > Sent from my BlackBerry®
> > > powered by Sinyal Kuat INDOSAT
> > > 
> > > -----Original Message-----
> > > From: Abbas Amin <abas_amin08@>
> > > Sender: urangsunda@yahoogroups.com
> > > Date: Thu, 26 Aug 2010 17:51:30 
> > > To: kisunda<kisu...@yahoogroups.com>; 
> > > urangsunda<urangsunda@yahoogroups.com>
> > > Reply-To: urangsunda@yahoogroups.com
> > > Subject: [Urang Sunda] samemeh Bharata Yudha ka-27
> > > 
> > > Caturkeun wae dua pihak Kurawa Astina lan Pandawa tos papayun payun di na 
> > > radius 500 KM; tinggal pruk aya Komando peperangan pasti ger jadi.
> > > 
> > > Katingali Pihak Kurawa/Astina pinuh ku Disiplin, sareng tandangna kacida 
> > > tegerna
> > > lantaran kabehanana tos yakin bakal meunang; nu pang payunna katingal Maha
> > > Senapati Kurawa/Astina Bhisma Dewabrata. Ditengen sareng kiwa ngarendeng
> > > Resi Agung Drona sareng Krepa. Teras pasukan Divisi2 nu dipimpin ku Para
> > > Raja; di jejeren katilu katingal Duryodhana mimpin divisina nyalira.
> > > Eta upami dietang ti Divisi Bhisma dugi ka Divisi Dursasana; panginten 
> > > aya 10Km
> > > na tebihna. Lantaran pasukanana ngayuta. Dipengkereun eta Pasukan nu 
> > > sakitu 
> > > angkerna, katingal ngabrengbreng Kemah2 Pasukan Astina sareng sakutu2na.
> > > Eta oge anu pangcaketna ti na prajurit nu perang teh aya ka na 2 Km na. 
> > > Eta teh
> > > ku lega2na Kurusetra. Nu teu katingal teh nya eta Karna; lantaran ieu mah 
> > > teu
> > > kenging ngiring perang ku Bhisma Maha Senapati. Jadi salami aya Bhisma 
> > > jadi
> > > Maha senapati, Karna teu meunang milu Perang.
> > > 
> > > Ari ti pihak Pandawa oge aya kana 11 km panjang ti nu panghareupna dugi ka
> > > kapangtukangna teh. Kemahna anggangna aya kana 3 Km na ti pasukan pang
> > > tukangna. Ieu oge lengkep ku juru masak jeung sapuratina kaperluan perang.
> > > Pasukan Pandawa oge katingal Angker; matak gimir pasukan musuh.
> > > Katingal TEKDNA Para Pasukan Pandawa rek ngetohkeun jiwa raga; teu
> > > katingal aya nu leutik burih; estu katingal napsu perangna gede pisan.
> > > 
> > > Teretet Tarompet awal ditiup ku Dursasana, tan yen rek taki2 ngamimitian 
> > > perang;
> > > mun sora kadua ditiup, eta hartina peperangan dimimitian. Tah waktu 
> > > harita aya nu 
> > > kaluar ti Pasukan Pandawa nuju ka Pasukan Kurawa. Ari disidik sidik, 
> > > nyata eta teh
> > > Yudhistira Putra Pandawa kahijina. Sadayana pada kaget, utamina Arjuna, 
> > > anjeunna
> > > bade ngudag mung diwagel ku Kresna, keun we cenah urang tingali 
> > > tikatebihan.
> > > Da moal matak naon2.
> > > 
> > > Tapi nu pang ramena mah di Pihak Astina. Para Raja2 Komentaran :"Saha eta 
> > > nu
> > > ngadon datang ka urang teh ? Rek Naon ? Geuning siga Darmakusumah ?
> > > Heueuh bener eta Samyaji geuning? Rek naon nya ? Rek taluk kituh ?
> > > Pedah ngarasa pasti bakal eleh? Lantaran nempo Pasukan astina sakieu 
> > > kutna?
> > > Atuh da Pandawa mah ngan ukur 7 Divisi ? Ngalawan 11 Divisi ? Moal Kuat ?
> > > Tapi eta kacida ngerakeunana ka pihak Pandawa? Euweuh pisa kahormatan
> > > sama sakali? Naha nya make aya LAHIR jelema nu asup Kasta Satriya, tapi
> > > kalakuanana nguncung pisan ? Salah lahir kuduna di Bangsa Sudra!
> > > 
> > > Loba pisan nu mere komentar ngeunaan ayeuna Darmakusumah nyampeurkeun
> > > pasukan Kurawa nu siap tempur. Nepi ka rada saheng kadengena. Tapi Darma
> > > Putra teu gedag kaanginan, terus we maju; ngawitan nyampeurkeun ka Bhisma
> > > Maha Senapati Astina.
> > > 
> > > Cong nyembah, lajeng Yudhistira ngandika:"Eyang, punten nembe ayeuna putu
> > > eyang sowan ka eyang; putu eyang neda pangampurana; wireh di na waktosna 
> > > rek der perang, kakara putu eyang ngadep ka eyang."
> > > 
> > > Bhisma:"Dihampura pisan Darmakusumah. Eyang ngarti kana kasusahan hidep."
> > > 
> > > Yudhistira:"Eyang, nu dipihormat ku sadaya, mugya eyang masihan idin ka 
> > > Putu
> > > eyang kanggo merangan eyang; kanggo ngalawan ka eyang."
> > > 
> > > Bhisma:"Teu naon2 Yudhistira; malah eyang bungah mu sampeyan bisa 
> > > ngelehkeun eyang. Sok we ulah ragu ragu."
> > > 
> > > Yudhistira:"Nu katilu eyang, putu eyang nyuhunkeun jiad pangestu ti 
> > > eyang."
> > > 
> > > Bhisma:"Duh Putu eyang, Darmakusumah, ku eyang dijiad sampeyan sing JAYA
> > > di na ieu peperangan. Sok Eyang yakin sampeyan bakal meunang perang."
> > > 
> > > Saparantos ka Bhisma enggal Yudhistira nyampeurkeun ka Dorna Guru nu 
> > > dipihormat. Teras Yudhistira ngandika:"Duuuh Guru Drona, Kaula Pandawa 
> > > Lima
> > > nyungkeun Widi, bade ngalawan Perang sampeyan, sareng salian ti eta kula
> > > oge mundut RESTU ti sampeyan Guru Drona."
> > > 
> > > Pandita Drona:"Hahahaha, enyaan Darmakusumah mah ngarti ka na etika tata 
> > > krama; der we perangan kaula ulah ragu2; jeung jiad pangesto ri diri Kula 
> > > pikeun
> > > Pandawa sagemblengna sing Jaya di na Pangperangan. Elehkeun lawan 
> > > sampeyan."
> > > 
> > > Kitu deui ka salya sareng ka Krepa; Darmakusumah nampi jiad Jaya dina
> > > peperangan; enggalna mulih deui ka pasukanana. Barang Aswatama nguping 
> > > jiadna 
> > > Resi Drona, enggalna bae nyaketan, teras nyarios rada tarik:" Rama Drona;
> > > ku naon ari ka Pandawa ama teh masihan JIAD JAYA di na pang perangan ?
> > > Naha ari ka anak sorangan , dipundut jiad Jaya na pangperangan, malah mere
> > > jiad Rahayu. Aneh rama mah. Naha ka Darmakusumah ama masihan doa
> > > meunang; ari ka KUla anakna ngan ukur cukup Rahayu. Kumaha eta? Kapan itu 
> > > mah
> > > musuh ?"
> > > 
> > > Drona nimbalan :"Hehehehee, Aswatama anaking . anak ama si Jago.
> > > Kabeh ge aya waktuna; Pandawa musuh di na peperangan; ari tadi mah pan 
> > > manehna mere hormat sacara murid ka Guru; nya Kula wajib mere jiad ka 
> > > Yudhiatira."
> > > 
> > > Aswatama :"Tapi naha atuh masihan jiad teh supaya Jaya jeung Unggul ? Eta 
> > > mah
> > > sami sareng ama ngadu'akeun Kurawa eleh atuh !?"
> > > 
> > > Drona :"Sagala aya waktuna, Kaula ngan ukur mere jiad; nu penting mah nu 
> > > ngalaksanakeun. Sok gura giru maneh balik deui ka Pasukan; sakeudeung deui
> > > peperangan bakal diawitan.
> > > 
> > > 
> > > 
> > > TAMAT
> > > 
> > >  
> > >
> >
>


Kirim email ke