tuh nya numatak sikuring nga engke engke maca na keun we meh seeur heula, sabab mung kawas ayeuna kakara episode 15 jadi weh nga gantung... nanggung heuheuhue kamana deui yueuh bahhhh kumaha milis wayang golek teh atawa website na we sakalian www.wayang-golek.co.id mung hayang mangga urang garap saatos na lebaran.... :)
2010/9/6 Abbas Amin <[email protected]> > Kacatur Dursasana sareng Dur Dur sanesna, lumebet ka Karaton Astinalaya; > harita di pasewakan Karaton nuju gunem catur Sang Prabu Anom Jakapitana, > sareng rengrengan Pangagung : Sakuni, Guru Drona; Prabu Mandura Baladewa; > Raja Awangga Karna. > Kaget Prabu Anom Duryodhana ningali rai2na pameunteuna baluncunur siga > tapak labuh, enggalna bae Sang Prabu Anom ngandika:"Eh Yayi Dursasana, > aya naon ieu teh ? Kunaon beungeut sampeyan gareuneuk kitu ? Kumaha > Burisrawa kapendak ?" > > Dursasana:" e..... e..... e..... ieu memang ...... cucungah tah si > Gatotkacha !" > > "Ke heula anan, kumaha ieu teh ? Ditanya Burisrawa, malah jadi nyebut > Gatotkacha !?" > > "Eeee.........eee.... memang si...si... Gatotkacha , teh eee..... eee > .............. > cucungah pisan, Kaula nanyakeun masalah Burisrawa; malah manehna > molototan, kena2 panonna Bolotot ! Dasar anak Buta !!!" > > Suyudhana:"Keun we heula masalah anak Buta mah, eta kunaon teu puguh2 > make molotan ? Sugan yayi aya kasalahan ?!" > > Dursasana:"Ah , memang dasar Barudak Ngora jaman Ayeuna atuh Kakang , > sok rada culangung, teu ngahargaan pisan ka kolot teh." > > Suyudhana:"Ke heula atuh masalah Gatotkacha, eta Burisrawa kumaha > kapanggih?" > > Dursasana:"Aduh! ........... nya eta..........ngan bae...........e ee > eee; eta si > Gatotkacha teh nyurigakeun pisan, moal enya ditanya masalah Burisrawa malah > ujug2 ambek? Pasti aya naon2na tah ? Padahal ku Rai teh geus disebutkeun, > ieu teh tugas ti Kakang, sabage kaka Ipar Burisrawa; malah disebutkeun oge > yen > Kakang Baladewa oge nuju milarian . Eeee .... eee............ si > Gatotkacha malah > nyeungseurikeun; tong sok mamawa nu sejen cenah, komo ka Baladewa mah." > > Baladewa barang nguping kasauran Dursasana kitu, enggal motong:"Jadi si > Gatotkacha nyarita kitu ?!" > > Dursasana:"eeee ........ eee........ asana mah kitu da kurang jelas jeung > popolotot > deuih kena2 anak BUTA !" > > Baladewa:"Wah teu bisa diantep tah anak Buta teh.........." > > Dursasana:"Aya deui hiji deui Kang............., e e ee Antareja tah ! > Kudu diwarah > anak Bima keneh, ti ORAY ! Awakna ge sisitan." > > Baladewa:"Memang si Bima mah sok tara parok jeung batur. Eh Rayi Suyudhana > ! > Oge sadayana, Kula pamit heula; mun can ngawarah si Gatotkacha, moal sugema > yeuh hate Kula! Sok Kaula teu sieun najan aya si Bima oge." > > Enggalna bae Prabu Baladewa miwearang kusir karetana mangkat ka Madukara > harita keneh. > > HANCA > > > > > -- Aldo Desatura ® & © ================ Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

