Muhun Mang Wira.... ai ieu Mang Wira tah saha?
BT
rharun <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
rharun <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Balik ka Rangkas, bada gawe ti pabrik Tangerang make bis Rudi ,
alhamdulillah masih bisa ka udag keneh milu shalat magrib ber-jamaah
di mushola sisi ciberang pas burieun kabupaten, kabeneran imam na
anak almarhum buya Haji Romli (semoga Allah ngahampura kana sagala
kalepatanna jeung narima kana iman islamna), mani pas eta bacaan
Qur'an na (lagu jeng tajwidna) nyesep kana hate, geus kebel asana
teungarasakan suasana seperti ieu, damai pisan.
Balik ti mushola saperti biasa ngumpul jeung anak pamajikan, mepende
anak sare.., jeung noel saemet mah kana bujur pamajikan!. Ngen
pikiran mah inget bae eta kana mantang nu kakara dibeuli di pasar
gembong balaraja balik gawe tadi. Rancana mah mun geus anak sarare,
rek meuleum mantang di imahna mang Wira di sisi ciberang.
Imah mang Wira jauh dina disebut layak, lantai na geh taneuh, dinding
na bilik jeung hateup na kirai. Dihareupeun imahna aya amben paragi
niis, ngumpul ngawadul ngalor ngidul bari nginum kopi jagong jeung
babaturan.. sakalianlah ngahibur hate.., mun keur seru mah, kadang
kadang debatna geh alabatan anggota DPR. Barang datang ka imahna mang
Wira, geus aya mang Engkus keur ngerokan mang Dadang asup angin
ceunah geus ngangkat anggoh tadi di ciberang.
Puguh Mang Wira na ge ka rumah sakit ! Ceuk Mang Engkus, sabarang
ditanyakeun mana Mang Wira (maksud nanya mah rek nitah nyirun seuneu
jeng meuleum mantang).
Ari kitu kunaon ?, saha nu geuring !?
Bari diselangan ku nyesep rokok gentong, mang Engkus carita. Eta nu
orok tea, pan geus dua poe panasna ngobrot teu cageur cageur !,
urang mah enggeus tadi di rumah sakit, karunya ceunah coba toong
kaditu !. Mang Engkus neruskeun penjelasanana.
Heueuh geh, urang rek ka rumah sakit heula.. beuneur karunya urang
mah ka mang Wira, maklum dari segi ekonomi Mang Wira mah termasuk nu
kudu di tulung. Balik ka imah, ngaluarkeun motor butut menang meuli
maksa, si cikal nu geus SMP camberut bae, teu boga motor mah hese
ceunah rek kaditu ka dieu na.. komo rek les mah jauh ka mandala!,
dari pada naek angkot mahal ongkosna.
Ngalewatan alun-alun rangkas nu megah jeung endah lampu caang
brengbrang, mobil mobil alus ngarentep bari ngaluarkan house music
(dag dig dug). Biasana mah anak na bupati geh aya ceunah nongkrong
didinya dina mobil BMWna, sound system na geh hargana beak kana 20
jutaan mah.. (ceunah ieu mah, ja urang mah teu ngarti kanu kitu..).
Nyimpang heula ka tukang martabak dihareupeun penjara, ngabungkus
martabak bisi mang Wira can dahar naon naon.
Datang ka rumah sakit ka bangsal dahlia khusus bagian anak, mang Wira
cindekul bae, sirahna ngarunduk, matana bintitan, jeung lecek.. rek
nanya naon jeun kunaon geh jadi teu wasa. Anakna di bangsal kelas
dua nu pinuh ruanganna, aya kana dalapanan mah sa ruangan, lengenna
di infus jeung aya selang asup kana irungna. masya Allah dina hate
urang muji.. milu ngeneskeun Terus kumaha ieu ?, urang nanya ka
Mang Wira. Puguh urang mah bingung!, urang mah pan bisa ngasupkeun
anak ka rumah sakit geh make surat keterangan teu mampu ti RT/RW
kumaha ceunah urang rek nebusan obat jag isuk.., pan teu kabeh obat
aya di apotik rumah sakit. Teu loba omong deui sesa duit menang
lembur tadi di Pabrik dibikeun ka mang Wira, lumayan jeung ngabantu
meuli obat.
Balik ka imah kira kira jam 11 peuting lewat alun alun deui, masih
loba keneh nu narongkrong, musikna masih keneh ngajalaledug bari
jeung seuseurian.. Urang mah buru buru balik ka imah mang wira, bisi
beakeun beulum mantang..
Kapugeran, 08 Desember 2005
Mang Jauhar
NB:
Kang bonny saparakanca, usul sakeudik, ulah hilap angkat carita
penderitaan rakyat lebak baheula jamanna Bupati Adipati Karta
Natanagara-Mulatuli, supaya Kang JB (bupati urang) ka jewer ceulina,
omat ulah diturutan polah bupati bahela (ngajejek nuhandap, muja kanu
diluhureun) masih loba keneh mang wira mang wira nu lainna di
Lebak nu butuh bantuan. Tong hilap kang bonny, teu jauh ti pandopo
tempat pameran, aya mang Wira nu masih keneh bintit matana..!
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "wongbanten" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com
Tetap Semangat Mencintai Banten!
SPONSORED LINKS
| Indonesia visa | Indonesia phone card | Indonesia calling card |
| Indonesia travel | Bali indonesia | Indonesia |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "wongbanten" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
