Mabok
Hiji mangsa saurang jalema mabok asup ka hiji bar, ngaliwatan panto hareup. 
Kanyahoan ku Bartender, buru-buru ngahalangan eta lalaki, "Teu meunang asup kadieu 
geus mabok mah!" 
Jalema mabok tadi kaluar, tapi terus asup deui, ngan ayeuna mah ti panto gigir.
Kaperegok deui ku Bartender "Anjeun teh geus mabok, jadi tong asup kadieu! Perlu di 
pang manggilkeun taksi...?" 
Nu mabok tea buru-burur kaluar deui, tapi asup deui ti panto tukang. 
Kapanggiheun deui bae ku si Bartender anu tadi, bari jeung keuheul pok si Bartender 
nyarita, "Lamun silaing wani asup deui, awas, di bejakeun ka pulisi geura!" 
Jalma anu mabok tea ngarenjag jiga nu reuwas, "Har... naha silaing bisa gawe di 
sababaraha bar euy...?"
Pohoan
Kang Suria Sasmita kacida pohoanana, utamana kana payungna. 
Unggal poe, lamun rek indit gawe, manehna sok mawa payung, ngan pas turun tina beus 
kotana, eta payung sok tinggaleun bae. 
Hiji poe pamajikanana ngawawadian, "Yeuh kang Suria, payung teh mahal! Maenya kudu 
meulian wae payung unggal poe mah. Heug engke deui mah inget-inget ari rek turun tina 
mobil teh." 
Atuh basa dina hiji mangsa Kang Surya ningal payung dina beus kota anu biasa 
ditumpakanana, buru-buru ku manehna dicokot, dibawa balik. 
Bari semu atoh pok manehna ngomong ka pamajikanana, "Yeuh, Nyai, teu poho deui ayeuna 
mah mawa payung teh."
Pamajikanana colohok, "Akang, akang...., pan basa tadi indit teh akang poho teu mawa 
payung!"

Viagra
"Ki.... bade nginum jamu naon pegel linu, encok atawa jamu napsu makan?" tanya tukang 
jamu ka si Aki.
"Lain euy.. aya Viagra teu..?" ceuk si Aki ngaharewos.
"Euleuh-euleuh eta mah jeung budak ngora atuh Aki... nya si Aki masih keneh sok eng 
ing eng kitu..?"
"Lain jeung nukitu patut deuleu..!"
"Nya keur naon atuh..?" 
"Ieu euy sangkan kiih teu nyurucud wae kana suku!"
"Baruuk!

Saha nu lieur.....
Aya dua urang Boss nuju maen golf, bari leumpang ngadeukeutan bal eta kadua Boss teh 
ngobrol. 
Boss I: "Saya mah boga supir teh bodona beakeun ku sorangan, saban dititah sok tara 
mawa hasil, ngan alesan jeung alesan we". 
Boss II: " Nya supir saya atuh anu leuwih belegug mah, mun di titah teh tara ari 
ngabantah mah ngan eta sok tara tunyu-tanya deui, sigana hayang katingali penuh 
loyalitas meureun". 
Boss I:" Cik, ayeuna urang buktikeun supir saha anu leuwih bloon ...... ".
Boss II: "ngKos, kadieu!" ngageroan supirna. Duka teuing saha ngaran lengkepna teh, 
duka upami Kosasih mah kitu. 
"Ayeuna maneh geura ka imah, tepungan ibu (istrina si boss maksadna mah) sareng 
taroskeun ka ibu, ayeuna bapa nuju aya di mana".
Kosasih: "Siap Boss!" bari berengbeng tancap gas sataker kebek. 
Boss II: "Tuh tingali supir saya mah, gelo teu ari kitu, dititah nu teu asup akal ge 
langsung ngabecir". 
Boss I: "Ah can sabaraha eta mah, tingali atuh supir saya, Di, kadieu !" Ieu ge duka 
saha ngaran lengkepna, moal ari Rosidi mah kitu? Ah duka teuing da dicalukanna teh 
kitu. 
"Yeuh duit sapuluh rebu, ka ditu pangmeulikeun mobil Mersi, ayeuna keneh nya "
Rosidi: "Mangga juragan, sae", bari derengdeng tancep gas. 
Teu pati lila eta dua supir geus baralik deui, roman beungeutna katingali siga nu 
bingung sieun dicarekan ku Boss-na. 
Sateuacana nyampeurkeun Boss-na, si supir ngobrol di tempat parkir. 
Kosasih: "Aing mah boga Boss teh lieur".
Rosidi: "Nah kunaon kitu?" 
Kosasih: "Eta, ongkoh Boss tapi bloon, piraku saya dititah ka imahna, titah nanyakeun 
ka pamajikanana, di mana si Boss ayeuna. Bloon teu ari kitu? Ayeuna pan jaman modern, 
kunaon manehna teu nelepon make HaPe, nanyakeun ka istrina di mana manehna aya".
Rosidi: "Ah eta mah can sabaraha, Bosss saya mah leuwih gelo deui. Maenya saya 
dibahanan duit sapuluh rebu, dititah meuli mobil Mersi, kan gelo tah, naha manehna teu 
inget yen ayeuna poe minggu, mana aya Diler mobil anu buka". 
"Heueuh, boga Boss teh garelo", ceuk si supir duanana bari kukulutus da sieun 
dicarekan. 

Tos dugi ka Cianjur...
"Pa supir punten ngawiat pun anak pami tos dugi ka Cianjur kade wartosan..!" Ceuk 
saurang ibu-ibu ka supir bis jurusan Bandung. 
"Mangga bu.. ....nya ibu moal ngiring kitu?" tanya supir. 
"Moal ibu mah, ieu we pun anak..!" Ceuk si Ibu bari ngareret anakna.
"Daag sayang..!"
"Daag mamah...!" budakna ngajawab.
Teu kungsi lila bis geus ngadius mapay jalan tol Jagorawi, neupi ka Ciawi si budak teh 
noel ka supir, maklum diukna tukangeun pisan supir. "Pa .. ..tos dugi ka Cianjur ieu 
teh..?"
"Teu acan jang ... ...tebih keneh .....! ceuk supir bari anteng ngagelang stir.
Dasar budak, basa bis ngahaeub ka Cisarua geus celengkeung deui nanyakeun.. "Pa tos 
dugi ka Cianjur...?"
"Encan jang....!" Supir rada molotot.
Budak ngahephep sieuneun ari dipolototan mah, neupi ka Ciloto katingali budak geus 
sapokpokeun rek nanya deui, ngan kapiheulaan ku supir, "Hayoh rek nanya deui...?" ceuk 
supir buncelik.
Teu karasa bis geus neupi ka wilayah Cipanas.... budak anu ti tadi sok nanya terus, 
ayeuna jempe sihoreng budak teh sare mani tibra pisan, kitu deui penumpang nu sejenna 
pating galuher... ngan anu teu ngaguher teh pa supir.
Renjag ..... supir ngarenjag reuwas basa bis teu karasa geus nepi ka Padalarang.... 
ras inget ka papatah si Ibu mani omat-omatan lamun geus nepi ka Cianjur kudu di bejaan 
eta budak teh.
Reg bis teh eureun, terus supirna ngomong ka para penumpang yen aya penumpang kaliwat 
turun, kaparengan penumpangna ibu-ibu teu loba pancaraken, bis anu geus neupi ka 
Padalarang, ngadius balik deui nuju ka Cianjur.....
Anu dianterkeuna mah jongjon wae ngaguler...... ken we lamun geus neupi ka Cianjur 
karek dihudangkeun.
"Jang tos dugi ka Cianjur..!" ceuk penumpang gigireunana ngahudangkeun budak.
"Aduh tos dugi..!" ceuk budak bari gura giru muka bungkusan anu eusina obat cacing, 
leguk diinum.
"Jang dimana lungsurna...?" supir mimiti keuheul, lantaran budak teh lain turun 
kalahka nginum obat heula.
"Har ari bapa, pan karek dugi ka Cianjur, nya biasa atuh lungsur mah di terminal Leuwi 
Panjang!" ceuk budak kalem.
"Jadi di Cianjur lain rek turun ?"
"Sanes...... saur mamah pami tos dugi ka Cianjur ieu obat kedah di leueut, sakali deui 
engke pami tos dugi ka Bandung !" budak nerangkeun pertentang.
"Jadoolll !" ceuk supir ngajejek gas.. .... dius bis balik deui nuju ka Bandungkeun.

Dokter 
Rengse dipariksa ku dokter kandungan, saurang ibu rumah tangga gura giru nepungan deui 
dokter. "Punten dokter, abdi hilap, lancingan kakantun," pokna basa manehna geus asup 
ka rohangan dokter. 
"Teu aya dok, da raraosan mah tadi teh disimpen di dieu!" pokna bari terus tumpa tempo 
deui. 
"Manawi dina gantungan palih ditu?" ceuk dokter bari nuduhkeun gantungan gigireun 
rohangan praktekna, "Namung da raraosan abdi mah tadi teh ibu tos teu nganggo 
lancingan?"
Eta ibu rumah tangga ngahuleng sakedapan. "Aeh.. meh bae hilap, muhun, lancingan teh 
kakantun di..... dokter mata", pokna teu kireum kireum.

Nyeuseuh Karpet 
Pasosore keur hade poena, aya salaki jeung pamajikan guntreng ngobrol di patengahan, 
salakina ngagolehe dina lahunan pamajikanana, lila lila tina gogolehean, menta nu 
leuwih ti gogolehean, satengah maksa mentana, ma'lum pamajikanana asa asa rek 
nedunanana.
"Nyai, kumaha lamun barudak teh di titah nyeuseuh karpet kawalungan, apan nyeuseuh 
karpet mah bakal lila, aya sajam na, meureun ari sajam mah urang teh laluasa, bisa 
jongjon deui" ceuk salakina.
"Tah eta mah ide anu mencrang, abdi nyatujuan lamun barudak di titah nyeuseuh karpet, 
keun ku abdi urang geroan barudakna", ceuk pamajikanana bari ngageroan barudakna.
Barudakna, basa dititah nyeuseuh karpet ka walungan teh teu sirikna ajrag-ajragan 
bakat ku atoh, da biasana mah teu meunang ulin ka walungan teh, komo ieu mah bari di 
implik implikan sing lila nyeuseuhna.
Nempo barudakna geus areuweuh, gagancangan sakadang salaki jeung pamajikanana arasup 
ka kamarna, terus bae acal ucul pakeanana, tapi can oge lima menit, di patengahan 
kadenge sora barudak geus daratang deui.
Atuh si salakina satengah ngambek nanya ka anakna: "Naha maraneh geus baralik deui? 
Apan ku indung maneh di titah nyeuseuh karpet di walungan?" ceuk bapana budak bari 
nyentak.
"Enya bapa, tadi teh ujang tiluan geus tepi ka walungan, tapi ujang kapaksa balik 
deui, sabab di walunganana pinuh ku barudak anu sarua keur nyareuseuh karpet " tembal 
anakna nu pang cikalna.

--[YONSATU - ITB]----------------------------------------------------------
Online archive : <http://yonsatu.mahawarman.net>
Moderators     : <mailto:[EMAIL PROTECTED]>
Unsubscribe    : <mailto:[EMAIL PROTECTED]>
Vacation       : <mailto:[EMAIL PROTECTED]?BODY=vacation%20yonsatu>


Kirim email ke