Justru kalau diterjemahkan lucunya jadi kurang kang Lukman......
salam, sukris ----- Original Message ----- From: Teuku Lukman Aziz <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Monday, January 13, 2003 4:08 PM Subject: [yonsatu] Re: Mabok, dll > > Bacanya kok jadi lieur ya? > Diterjemahkan aja, sugan masih bisa ketawa > tla > > ----- Original Message ----- > From: Akhmad Bukhari Saleh <[EMAIL PROTECTED]> > To: Yon-I/ITB <[EMAIL PROTECTED]> > Sent: Monday, January 13, 2003 3:56 PM > Subject: [yonsatu] Mabok, dll > > > > > > Mabok > > Hiji mangsa saurang jalema mabok asup ka hiji bar, ngaliwatan panto > hareup. > > Kanyahoan ku Bartender, buru-buru ngahalangan eta lalaki, "Teu meunang > asup kadieu geus mabok mah!" > > Jalema mabok tadi kaluar, tapi terus asup deui, ngan ayeuna mah ti panto > gigir. > > Kaperegok deui ku Bartender "Anjeun teh geus mabok, jadi tong asup kadieu! > Perlu di pang manggilkeun taksi...?" > > Nu mabok tea buru-burur kaluar deui, tapi asup deui ti panto tukang. > > Kapanggiheun deui bae ku si Bartender anu tadi, bari jeung keuheul pok si > Bartender nyarita, "Lamun silaing wani asup deui, awas, di bejakeun ka > pulisi geura!" > > Jalma anu mabok tea ngarenjag jiga nu reuwas, "Har... naha silaing bisa > gawe di sababaraha bar euy...?" > > Pohoan > > Kang Suria Sasmita kacida pohoanana, utamana kana payungna. > > Unggal poe, lamun rek indit gawe, manehna sok mawa payung, ngan pas turun > tina beus kotana, eta payung sok tinggaleun bae. > > Hiji poe pamajikanana ngawawadian, "Yeuh kang Suria, payung teh mahal! > Maenya kudu meulian wae payung unggal poe mah. Heug engke deui mah > inget-inget ari rek turun tina mobil teh." > > Atuh basa dina hiji mangsa Kang Surya ningal payung dina beus kota anu > biasa ditumpakanana, buru-buru ku manehna dicokot, dibawa balik. > > Bari semu atoh pok manehna ngomong ka pamajikanana, "Yeuh, Nyai, teu poho > deui ayeuna mah mawa payung teh." > > Pamajikanana colohok, "Akang, akang...., pan basa tadi indit teh akang > poho teu mawa payung!" > > > > Viagra > > "Ki.... bade nginum jamu naon pegel linu, encok atawa jamu napsu makan?" > tanya tukang jamu ka si Aki. > > "Lain euy.. aya Viagra teu..?" ceuk si Aki ngaharewos. > > "Euleuh-euleuh eta mah jeung budak ngora atuh Aki... nya si Aki masih > keneh sok eng ing eng kitu..?" > > "Lain jeung nukitu patut deuleu..!" > > "Nya keur naon atuh..?" > > "Ieu euy sangkan kiih teu nyurucud wae kana suku!" > > "Baruuk! > > > > Saha nu lieur..... > > Aya dua urang Boss nuju maen golf, bari leumpang ngadeukeutan bal eta > kadua Boss teh ngobrol. > > Boss I: "Saya mah boga supir teh bodona beakeun ku sorangan, saban dititah > sok tara mawa hasil, ngan alesan jeung alesan we". > > Boss II: " Nya supir saya atuh anu leuwih belegug mah, mun di titah teh > tara ari ngabantah mah ngan eta sok tara tunyu-tanya deui, sigana hayang > katingali penuh loyalitas meureun". > > Boss I:" Cik, ayeuna urang buktikeun supir saha anu leuwih bloon ...... ". > > Boss II: "ngKos, kadieu!" ngageroan supirna. Duka teuing saha ngaran > lengkepna teh, duka upami Kosasih mah kitu. > > "Ayeuna maneh geura ka imah, tepungan ibu (istrina si boss maksadna mah) > sareng taroskeun ka ibu, ayeuna bapa nuju aya di mana". > > Kosasih: "Siap Boss!" bari berengbeng tancap gas sataker kebek. > > Boss II: "Tuh tingali supir saya mah, gelo teu ari kitu, dititah nu teu > asup akal ge langsung ngabecir". > > Boss I: "Ah can sabaraha eta mah, tingali atuh supir saya, Di, kadieu !" > Ieu ge duka saha ngaran lengkepna, moal ari Rosidi mah kitu? Ah duka teuing > da dicalukanna teh kitu. > > "Yeuh duit sapuluh rebu, ka ditu pangmeulikeun mobil Mersi, ayeuna keneh > nya " > > Rosidi: "Mangga juragan, sae", bari derengdeng tancep gas. > > Teu pati lila eta dua supir geus baralik deui, roman beungeutna katingali > siga nu bingung sieun dicarekan ku Boss-na. > > Sateuacana nyampeurkeun Boss-na, si supir ngobrol di tempat parkir. > > Kosasih: "Aing mah boga Boss teh lieur". > > Rosidi: "Nah kunaon kitu?" > > Kosasih: "Eta, ongkoh Boss tapi bloon, piraku saya dititah ka imahna, > titah nanyakeun ka pamajikanana, di mana si Boss ayeuna. Bloon teu ari kitu? > Ayeuna pan jaman modern, kunaon manehna teu nelepon make HaPe, nanyakeun ka > istrina di mana manehna aya". > > Rosidi: "Ah eta mah can sabaraha, Bosss saya mah leuwih gelo deui. Maenya > saya dibahanan duit sapuluh rebu, dititah meuli mobil Mersi, kan gelo tah, > naha manehna teu inget yen ayeuna poe minggu, mana aya Diler mobil anu > buka". > > "Heueuh, boga Boss teh garelo", ceuk si supir duanana bari kukulutus da > sieun dicarekan. > > > > Tos dugi ka Cianjur... > > "Pa supir punten ngawiat pun anak pami tos dugi ka Cianjur kade > wartosan..!" Ceuk saurang ibu-ibu ka supir bis jurusan Bandung. > > "Mangga bu.. ....nya ibu moal ngiring kitu?" tanya supir. > > "Moal ibu mah, ieu we pun anak..!" Ceuk si Ibu bari ngareret anakna. > > "Daag sayang..!" > > "Daag mamah...!" budakna ngajawab. > > Teu kungsi lila bis geus ngadius mapay jalan tol Jagorawi, neupi ka Ciawi > si budak teh noel ka supir, maklum diukna tukangeun pisan supir. "Pa .. > ..tos dugi ka Cianjur ieu teh..?" > > "Teu acan jang ... ...tebih keneh .....! ceuk supir bari anteng ngagelang > stir. > > Dasar budak, basa bis ngahaeub ka Cisarua geus celengkeung deui > nanyakeun.. "Pa tos dugi ka Cianjur...?" > > "Encan jang....!" Supir rada molotot. > > Budak ngahephep sieuneun ari dipolototan mah, neupi ka Ciloto katingali > budak geus sapokpokeun rek nanya deui, ngan kapiheulaan ku supir, "Hayoh rek > nanya deui...?" ceuk supir buncelik. > > Teu karasa bis geus neupi ka wilayah Cipanas.... budak anu ti tadi sok > nanya terus, ayeuna jempe sihoreng budak teh sare mani tibra pisan, kitu > deui penumpang nu sejenna pating galuher... ngan anu teu ngaguher teh pa > supir. > > Renjag ..... supir ngarenjag reuwas basa bis teu karasa geus nepi ka > Padalarang.... ras inget ka papatah si Ibu mani omat-omatan lamun geus nepi > ka Cianjur kudu di bejaan eta budak teh. > > Reg bis teh eureun, terus supirna ngomong ka para penumpang yen aya > penumpang kaliwat turun, kaparengan penumpangna ibu-ibu teu loba pancaraken, > bis anu geus neupi ka Padalarang, ngadius balik deui nuju ka Cianjur..... > > Anu dianterkeuna mah jongjon wae ngaguler...... ken we lamun geus neupi ka > Cianjur karek dihudangkeun. > > "Jang tos dugi ka Cianjur..!" ceuk penumpang gigireunana ngahudangkeun > budak. > > "Aduh tos dugi..!" ceuk budak bari gura giru muka bungkusan anu eusina > obat cacing, leguk diinum. > > "Jang dimana lungsurna...?" supir mimiti keuheul, lantaran budak teh lain > turun kalahka nginum obat heula. > > "Har ari bapa, pan karek dugi ka Cianjur, nya biasa atuh lungsur mah di > terminal Leuwi Panjang!" ceuk budak kalem. > > "Jadi di Cianjur lain rek turun ?" > > "Sanes...... saur mamah pami tos dugi ka Cianjur ieu obat kedah di leueut, > sakali deui engke pami tos dugi ka Bandung !" budak nerangkeun pertentang. > > "Jadoolll !" ceuk supir ngajejek gas.. .... dius bis balik deui nuju ka > Bandungkeun. > > > > Dokter > > Rengse dipariksa ku dokter kandungan, saurang ibu rumah tangga gura giru > nepungan deui dokter. "Punten dokter, abdi hilap, lancingan kakantun," pokna > basa manehna geus asup ka rohangan dokter. > > "Teu aya dok, da raraosan mah tadi teh disimpen di dieu!" pokna bari terus > tumpa tempo deui. > > "Manawi dina gantungan palih ditu?" ceuk dokter bari nuduhkeun gantungan > gigireun rohangan praktekna, "Namung da raraosan abdi mah tadi teh ibu tos > teu nganggo lancingan?" > > Eta ibu rumah tangga ngahuleng sakedapan. "Aeh.. meh bae hilap, muhun, > lancingan teh kakantun di..... dokter mata", pokna teu kireum kireum. > > > > Nyeuseuh Karpet > > Pasosore keur hade poena, aya salaki jeung pamajikan guntreng ngobrol di > patengahan, salakina ngagolehe dina lahunan pamajikanana, lila lila tina > gogolehean, menta nu leuwih ti gogolehean, satengah maksa mentana, ma'lum > pamajikanana asa asa rek nedunanana. > > "Nyai, kumaha lamun barudak teh di titah nyeuseuh karpet kawalungan, apan > nyeuseuh karpet mah bakal lila, aya sajam na, meureun ari sajam mah urang > teh laluasa, bisa jongjon deui" ceuk salakina. > > "Tah eta mah ide anu mencrang, abdi nyatujuan lamun barudak di titah > nyeuseuh karpet, keun ku abdi urang geroan barudakna", ceuk pamajikanana > bari ngageroan barudakna. > > Barudakna, basa dititah nyeuseuh karpet ka walungan teh teu sirikna > ajrag-ajragan bakat ku atoh, da biasana mah teu meunang ulin ka walungan > teh, komo ieu mah bari di implik implikan sing lila nyeuseuhna. > > Nempo barudakna geus areuweuh, gagancangan sakadang salaki jeung > pamajikanana arasup ka kamarna, terus bae acal ucul pakeanana, tapi can oge > lima menit, di patengahan kadenge sora barudak geus daratang deui. > > Atuh si salakina satengah ngambek nanya ka anakna: "Naha maraneh geus > baralik deui? Apan ku indung maneh di titah nyeuseuh karpet di walungan?" > ceuk bapana budak bari nyentak. > > "Enya bapa, tadi teh ujang tiluan geus tepi ka walungan, tapi ujang > kapaksa balik deui, sabab di walunganana pinuh ku barudak anu sarua keur > nyareuseuh karpet " tembal anakna nu pang cikalna. > > > > --[YONSATU - > ITB]---------------------------------------------------------- > > Online archive : <http://yonsatu.mahawarman.net> > > Moderators : <mailto:[EMAIL PROTECTED]> > > Unsubscribe : <mailto:[EMAIL PROTECTED]> > > Vacation : <mailto:[EMAIL PROTECTED]?BODY=vacation%20yonsatu> > > > > > > > > --[YONSATU - ITB]---------------------------------------------------------- > Online archive : <http://yonsatu.mahawarman.net> > Moderators : <mailto:[EMAIL PROTECTED]> > Unsubscribe : <mailto:[EMAIL PROTECTED]> > Vacation : <mailto:[EMAIL PROTECTED]?BODY=vacation%20yonsatu> > --[YONSATU - ITB]---------------------------------------------------------- Online archive : <http://yonsatu.mahawarman.net> Moderators : <mailto:[EMAIL PROTECTED]> Unsubscribe : <mailto:[EMAIL PROTECTED]> Vacation : <mailto:[EMAIL PROTECTED]?BODY=vacation%20yonsatu>
