Haturan kang Rahman,

eleh ku kang Denis atuh nya he..he.he.., aya buku2 sunda kana ratus-ratusanana, rupinamah dugi ka 500 an mah.., kapungkur unggal ka lembur sok apruk-aprukan ka toko2 buku di Bandung, atanapi di toko buku urut sisi jalan, pokonamah buku naon bae nu nganggo basa sunda dipeser. Puguh rada aneh oge ceunah piraku 40 juta nu nganggo basa sunda tapi mani hese milarian buku nu nganggo basa sunda.
Eleh ku urang kanada-perancis didieu nu jumlahna ngan 7 juta wae..

abdi ge puguh hoyong2namah maosan buku2 ieuteh, kangge nambihan kosa kata dina basa sunda, da dina bukumah biasana seueur kata2 nu aheng, nu nembean ngadangu, ngan eta sakadang waktosna heureut pisan.., komo kedah tiasa oge bahasa lokal didieu, basa perancis, walah hese.., tungtungna raraosan teh unggal basa nu dianggo ku abdi, teu aya nu sampurna sama sakali....

Baktos,
Maria
----- Original Message -----
  From: Rahman >


  kekecapan Sunda anu sapatut na dipake... bet paroho deui! Sedih puguh
  Kang....! Sabab na? Input basa Sunda urang (dina hal ieu kuring)
  kacida heureutna! Sok bae inget2... iraha urang maca buku basa Sunda
  pangahirna? Lian ti hese teh nengan buku basa Sunda, bisa oge dianggap
  EUWEUH! Oge media sejen na bisa dianggap enol, kaasup radio jeung
  televisi anu make basa Sunda! Koran jeung majalah Sunda? Tara ieuh
  dirareret! Gengsi mun maca basa Sunda?

  Aneh puguh, da sabenerna mah pangsa pasar na kaitung gede ieu basa
  Sunda teh! Tapi, taya saurang2 acan anu bisa ngamangpaatkeun ieu
  pangsa? Sigana mah kudu make cara2 anu radikal pikeun
  ngamasyarakatkeun (deui) media basa basa Sunda? Sok atuh, nyieun
  Playboy versi SUnda! Rame meureun! ;))

  baktos,

  Rahman






  http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
  http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


  [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]




  SPONSORED LINKS
        Spanish language and culture  Indonesian languages  Indonesian language learn 
        Indonesian language course 




------------------------------------------------------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS


    a..  Visit your group "Baraya_Sunda" on the web.
     
    b..  To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]
     
    c..  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.


------------------------------------------------------------------------------



[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]




SPONSORED LINKS
Spanish language and culture Indonesian languages Indonesian language learn
Indonesian language course


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke