Awewemah lolobana sigana ngarumpulna di milis masak memasak Kang R hehehe.., 
siga milis NCC sigana kabeh anggotana awewe hehehe..., matak moal manggihan 
loba nu ngacapruk di milis siga kieumah, da paling nu ngilu ngagabungna ge ngan 
babaraha urang.., eta ge sigana masih keneh palalaureun ari ngocoblak 
teupararuguh.., sarieuneun di pegat meureun hehehe, da awewemah katelah 
borangan lin?

Kuring mah pedah panasaran we resep deuih ongkoh, ngabandungan naon bae nu 
diomongkeun ku lalaki hehehe.., komo make bahasa indung (sanajan indung kuring 
mah lain urang sunda).., resep jeung meh teu poho we kana bahasa sunda, ningang 
hiji waktu aya nu butuheun penterjemah sunda-perancis.., pan kuring ke 
pangheulana dipake, sugan kitu ge...hehehe...
Sababaraha waktu katukang pernah salaki ditawaran jadi penterjemah sementara, 
aya kelompok urang Aceh nu keur study banding (sigana) datang kadieu, tapi 
datangna lain ka montréal, ka hiji kota  di Quebec dimana masyarakatna ampir 
kabeh make bahasa prancis, ngaranna Lac st. Jean (mun teu salah etage) wah.. 
lumayan bayaranana.., 300$ sapoe.., ngan teu dicokot tawaranana da bos na bisi 
ngambek gawe di tempat batur.

Baktos,
Maria

  ----- Original Message ----- 
  From: Rahman 
  To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com 
  Sent: Sunday, November 04, 2007 2:57 AM
  Subject: [Baraya_Sunda] Re: awewe Sunda?


  --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, Maria Astati <[EMAIL PROTECTED]> 
  wrote:
  >
  > Aya kang.., ieu kuring da ari noongan mah teu weleh..hehehe..
  > 
  > 

  He he he... enya, rajeun...ngan noongan wungkul! ;)) Kamana wae euy 
  Teh? Kumaha orok teh ayeuna? Geus bisa lumpat? :))

  Teh M anu rajin di dieu teh. Teh NN oge baheula mah sok rajin oge 
  ngobrol, duka ka mana tah, kaclep geuning?

  Akses kuring di milis Sunda sejen na dibetot kabeh. Lain kunanaon, 
  kuring mah sok kamalinaan. Jadi teu apal kaayaan di milsi Sunda lian 
  na. Kumaha tah, sok aya wanoja anu ngulampreng ngobrol tara? Asa 
  panasaran...

  Kunaon mani hese ngukuprak awewe nya? Padahal awewe teh katelah 
  tukang ngagosip lin? Dititah ngagosip di dieu... arembungeun...he he 
  he....

  baktos,

  Rahman



   


------------------------------------------------------------------------------


  Internal Virus Database is out-of-date.
  Checked by AVG Free Edition. 
  Version: 7.5.503 / Virus Database: 269.15.20/1107 - Release Date: 2007-11-03 
11:22


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke