> 
> Hiji2na awewe Sunda anu 'bisa'dianggap nyongcolang mah nya Dewi
> Sartika. Rada onjoy ti nu sejen.
> 

Aya hiji deui anu kaliwat. 'Tokoh' awewe Sunda anu paling terkenal mah
indungna Sangkuriang. Enya ngan saukur legenda! Tapi eta teh nyirikeun
harkat jeung darajat wanoja Sunda.

Ngan anu kanyahoan sacara umum mah, wanoja Sunda kalolobaanana ngan
saukur jadi pamaen biola kadua. Asa jarang manggihan wanoja Sunda anu
jadi pamaen utama.

Mun nempo carita Sikabayan oge, pan Nyi Iteung mah polah na ge ngan
ukur jadi figuran. Penting... penting na mah. Ngan tetep we lain
pamaen utama.

Contona di ieu milis. Kuring sok ngukuprak wanoja sina milu ngobrol di
ieu forum. Eh... mani pelit. Hese ngadenge sora wanoja... Bener teu?

Kumaha kaayaan di kantor, sakola... jlte nya?

Anu jadi pertanyaan teh, KUNAON kieu?

baktos,

Rahman

Kirim email ke