> From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> Lah...Teu kudu ribut Kang S! Bae da mun kahayang na kitu mah teu kudu
> digugubrag, da teu ngabarubahkeun asana teh! Moal matak cilaka lah! ;))

Kang, tadi isuk kuring maca koran, cenah Mang Sayuti, tukang cukur nu ngaku
jadi "Nabi" teh, sabenerna euweuh "pengikut"na. Teu pati jelas, naha manehna
nulis buku-buku eta teh, ukur keur nuliskeun "pangalaman batinna" wungkul
atawa keur disebarkeun kanu sejen. Ngan dina koran dibejakeun Mang Sayuti
teh geus "insaf" geus ngucapkeun dua kalimah syahadat deui.

Ngan nu jadi patarosan teh, naha bener Mang Sayuti teh "insaf"? Da apan 
euweuh nu bisa "maca" jero hate saurang jalma. Kuring jadi inget artikel 
Rosihan Anwar soal Snouck Hurgonye, naha SH teh Islam atawa pura-pura Islam. 
Hese ngajawabna, nu nyaho iwal ti Snouck sorangan. Mang Sayuti sarua 
meureun: nu nyaho eusi hate Mang Sayuti, ngan Mang Sayuti sorangan. Matak 
teu aneh, lamun loba nu boga pamadegan yen " KAYAKINAN MAH TEU BISA 
DIADILI!"

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke