Resep lah Bah Surtiwa tas jarah ti Cirebon. Kuring mah acan kalaksanakeun wae nempo Muludan di Cirebon teh. Padahal mah ti bubudak hayang nempo teh, da urang lembur kuring mah kapungkur "orientasi"na ka Cirebon sanes ka Bandung. Cenah keur jaman baheula mah, keur hese mobil, lamun muludan di Cirebon teh laleumpang tepi ka Kadipaten. Ti Kadipaten ngilu tumpak kareta api tiwu. Ari waktu kuring keur budak mah, di jalan raya teh sok rame pisan ku kendaraan nu nuju ka Cirebon.
Tapi aya we nu "usil", pajarkeun teh nu sering ka cirebon waktu muludan, aya maksud, arek neukteuk buntut kulantaran munjung ka monyet ...hehehe. Aya kapercayaan di lembur kuring lamun bulan Mulud : Teu meunang moro!. Ari sababna bisi papanggih jeung Maung Kajajaden, baladna Prabu siliwangi ti leuweung sancang, nu di bulan Mulud ngilu ngabring ka Cirebon, nyekar ka makam Sunan Gunung Jati. Maung Kajajaden oge sok nyamar jadi nini-nini. Gambaran Nini Kajajaden teh cenah jangkung, teu aya lipetan diantara irung jeung biwir luhurna (rata) jeung lamun dibere dahareun tara make leungeun, langsung make sungutna. Keur budak, lamun papanggih jeung nini-nini nu teu wawuh, heug dibulan mulud. Kuring sok undur-unduran, bari nyilidik aya lipetan henteu antara irung jeung biwir luhurna ..... Baktos, WALUYA