Wah si ABAH mah...naaaa harianeun mun enya ka Cirebon teh...unggal irungna 
diimeutan hiji2 meureun....hahahah
 

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                             Resep lah Bah 
Surtiwa tas jarah ti Cirebon. Kuring mah acan 
 kalaksanakeun wae nempo Muludan di Cirebon teh. Padahal mah ti 
 bubudak hayang nempo teh, da urang lembur kuring mah 
 kapungkur "orientasi"na ka Cirebon sanes ka Bandung. Cenah keur 
 jaman baheula mah, keur hese mobil, lamun muludan di Cirebon teh 
 laleumpang tepi ka Kadipaten. Ti Kadipaten ngilu tumpak kareta api 
 tiwu. Ari waktu kuring keur budak mah, di jalan raya teh sok rame 
 pisan ku kendaraan nu nuju ka Cirebon.
 
 Tapi aya we nu "usil", pajarkeun teh nu sering ka cirebon waktu 
 muludan, aya maksud, arek neukteuk buntut kulantaran munjung ka 
 monyet ...hehehe.
 
 Aya kapercayaan di lembur kuring lamun bulan Mulud : Teu meunang 
 moro!. Ari sababna bisi papanggih jeung Maung Kajajaden, baladna 
 Prabu siliwangi ti leuweung sancang, nu di bulan Mulud ngilu 
 ngabring ka Cirebon, nyekar ka makam Sunan Gunung Jati.
 
 Maung Kajajaden oge sok nyamar jadi nini-nini. Gambaran Nini 
 Kajajaden teh cenah jangkung, teu aya lipetan diantara irung jeung 
 biwir luhurna (rata) jeung lamun dibere dahareun tara make leungeun, 
 langsung make sungutna. Keur budak, lamun papanggih jeung nini-nini 
 nu teu wawuh, heug dibulan mulud. Kuring sok undur-unduran, bari 
 nyilidik aya lipetan henteu antara irung jeung biwir luhurna .....
 
 Baktos,
 WALUYA
 
 
     
                                       

       
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke