kang R, tibatan 'hese' neangan ikon, cing kaci teu mun nyieun ikon
anyar? bisa teu nya nyieunna?

salam,
mh

On Mon, Apr 7, 2008 at 8:10 PM, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "H Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  >
>  > Naha kedah artefak wae Kang R ? KUmaha mun hasil karya
>  >spesifik..sapertos
>  > design bumi....alat2 dapur...naon wae....anu umumna sok teu golongkeun
>  > artefak..
>  >
>
>  Kang S,
>
>  Sigana mah teu kudu diterangkeun deui maksud kuring make istilah
>  artefak, da geus gamblang diterangkeun ku Teh D. Nuhun Teh D!
>
>  Justru eta pisan anu keur dipaluruh ku kuring teh. Naon atuh hiji
>  barang buatan urang Sunda (baheula OGE ayeuna) anu bisa dipake iming2
>  ka batur sabage TANDA budaya urang?
>
>  Conto anu gampil mah misalnan mah ikon budaya NL nu teu sapira.
>  Enya... kincir angin! Mun inget NL, inget kincir angin.
>
>  Tah lebah budaya SUnda, can kapanggih. Aya hiji anu kapikir ku
>  kuring.... wayang golek? Najan dongengna datang ti Indihe, pan wayang
>  golek mah geus diadaptasi ku SUnda lin? Bisa teu wayang golek jadi
>  ikon budaya Sunda?
>
>  Hiji ikon budaya KUDU nempokeun prestasi budaya. Wayang golek
>  nempokeun prestasi budaya urang teu kira2 na? Atawa aya teu picaloneun
>  ikon Sunda nu sejen?
>
>  baktos,
>
>  Rahman

Kirim email ke