Basa Libur Paskah minggu kamari, kabeneran aya nu nitah "ulin",  jalan-jalan ka 
Ulubelu Lampung.  Ulubelu sok disebut-sebut dina Sajarah, kulantaran didinya 
cenah kapanggih aya prasasti, nu huruf-hurufna make huruf Sunda Kuno. Tapi 
kuring ngajujug kadinya lain rek tempa-tempo perkara prasasti, tapi dititah 
"akar-ukur" sakeudeung, sabab di Ulubelu aya proyek rek nyieun Pembangkit 
Listrik Geothermal (PLTP).

Saperti umumna daerah nu ngandung potensi geothermal, Ulubelu aya ditempat nu 
luhur/ gunung, kurang leuwih 700-800 m ti beungeut laut. Jadi rada sarimbag 
jeung Garut atawa Lembang., Ulubelu ayana di Lampung Kulon-kidul. Ti Bandar 
Lampung kurang leuwih 3 Jam make jalan nu nuju ka Kota Agung-Bengkulu (sok 
disebut-sebut Jalan Lintas Barat Sumatera). Kuring sorangan acan kungsi nyaba 
ka daerah dinya, jadi memeh indit teh buku-buka heula google maps, ngan 
hanjakal ka daerah dinya mah,  geuning jalan-jalanna acan digambar, ukur foto 
satelitna wungkul. Jadi malah tambah bingung.

Kuring indit ti Bandung make mobil sewaan. Kulantaran libur panjang, pamajikan 
jeung si Bungsu hayang ngilu.  Jadi weh indit teh limaan, kuring, pamajikan, si 
Bungsu, si J bababturan jeung supir mobil sewaan. Si J jeung supir cenah kungsi 
ngaliwat alan Lintas Barat Sumatera, waktu maranehna balik ti Bengkulu. Jadi 
rada tenang, moal sasab meureun. Indit jam 8 isuk-isuk ti imah, langsung asup 
jalan tol di  panto tol Pasteur, geus kitu nyemprung terus, sabab Bandung-Merak 
geus kahubung ku jalan tol, teu kudu kaluar  heula ka jalan biasa. Ketang 
reureuh heula di rest area, karunya ka supir bisi capeeun.

Ti Merak nyabrang ka Bakauheni, make kapal ferri nu aranna Mufidah. Asa rada 
wawuh jeung aran ieu teh. Tatanya ka awak kapal, eh bener we kapal ferri ieu 
teh bogana Jusuf Kalla nu istrina aranna Mufidah. Lah lamun kuring konglomerat 
mah, kuring oge bakal meuli kapal diaranan aran pamjikan  atawa aran si 
Bungsu..hehehehe.  Kapal lumayan pinuh ku kendaraan, maklum usum liburan. 
Tepika Bakauheni jam 5 sore. Pamajikan jeung si Bungsu kaciri geus capeeun 
pisan. Ku kuring ditawaran tong ngilu tepika Ulubelu, sare we di 
Bandar-Lampung. Ke Balik disampeur deui.

Pamajikan satuju, tapi hayang sare dihotel "N", hiji hotel jaringan 
internasional nu kakara buka di Bandar Lampung. Pasti korting da kakara buka, 
omongna teh. Ceuk kuring teh korting ge tetep we mahal, keur naon pira oge sare 
sapeuting, lebar duit. Pamajikan keukeuh, kalahka ninitah muka internet dina 
HP, nempo harga kamar hotel N. Nya kapaksa ditingalian, eh bener ...teu pati 
mahal. Kuring kapaksa nyatujuan bari nitah ka Pamajikan sina nelepon pesen 
kamar. Jawab ti hotel teh, poe ieu jeung isuk mah pinuh, cenah. Plong weh 
...teu jadi ngaluarkeun duit satengah juta, ngan pamajikan jadi kuraweud 
haseum. Kuring ngupahan, engke mondokna di hotel di puseur kota wae, ngarah 
babari ari hayang balanja. Cekeng teh, dipuseur kota oge, loba nu siga hotel N 
mah, ngan rada sahandapeun, beda 200-300 rewu  ...hehehe

Tepi ka Bandar-Lampung geus poek. Waktu neangan hotel di puseur kota ( Jalan 
Raden Intan), sasab, kukurilingan. Sanajan dina Google Map peta Bandar Lampung 
kumplit jeung aran jalan-jalanna, tapi Google Map dina HP alon pisan, ari geus 
sasab, kakara petana mucunghul dina layar. Tapi akhirna kapanggih oge jalan 
Raden Intan. Didinya ngaderet panginepan. NGan nyaeta geuning pararinuh, untung 
manggih di hotel Kurnia, aya kamar nu geus dipesen, tapi dibatalkeun. Nya 
pamajikan jeung si Bungsu teh nginep didinya. Lumayan fasilitas kamarna mah, 
ngan rohanganana laleutik jeung cai dina showerna nyerelek leutik. Ah maklum we 
da taripna mahal.

Sanggeus mernahkeun pamajikan jeung si Bungsi mondok, kuring jeung babaturan 
neruskeun perjalanan deui ka Ulubelu. Rada wegah sabenerna mah, sabab 3 jam 
deui perjalanan jaba geus peuting jeung teu kabayang diditu teh rek mondok 
dimana. Kabeneran urang pausahaan nu nitah kuring indit ka Ulubelu nelepon, 
geus tepi kamana, cenah. Waktu dibejakeun masih di Bandar Lampung, manehna 
nyarankeun ulah langsung ka Ulubelu, peuting teuing, tapi mondok we di Gisting, 
hiji kota leutik deukeut Ulubelu, isuk wae ka Ulubelu mah, da ngan sajam deui 
perjalananana.

Ke disambung deui lamun keyeng .....

Baktos,
WALUYA


Kirim email ke