2010/4/9 Remi <rsyaif...@yahoo.com>

>
>
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, mh <khs...@...> wrote:
> >
> > Nya ari nganilai awak sorangan mah teu jadi masalah, moal aya nu
> > ngahalangan, da puguh karepna sorangan.
> >
> > Ngan wae, ceuk panoong uing, asa taya rasionalna mun ka hengker
> > pribadi hayoh meubeut meulit neumbleuhkeun jadi dianggap kahengker
> > seler. Terus terang we keur uing mah, teu kaharti logika mikirna.
> >
> >
>
> Ngarah teu kagok asong, hayu lah ngawadul...sakalian nyaliksik maneh atuh!
> Kaci teu Kang? :))
>
> Coba tingali ketak seler urang dina widang politik, naha geuning taya
> menyat na? Kunaon sabab na cenah? Mun tea mah enya bedas, naha taya tapakan
> geuning?
>
> Mun tea mah enya urang bedas, naha loba (teuing) seler urang anu can
> menyat? Sakola ge mani hese beleke, padahal jarak ka pusat dayeuh Jakarta ge
> pan bisa katepi make sapedah!
>
>
Buktina urang bedas mah gampang pisan noongna. Ti jaman karuhun, nepi ka
sakitu generasi, tug nepi ka kiwari manusa Sunda masih keneh aya di kieuna,
masih eksis, masih keneh hirup. Jaba riab deuih. Eta teh salah sahiji
tandana yen urang bedas, liat, alias "die hard" lin? Hehehe.

Perkara pulitik, sakola jeung sajabana, noongna perlu rada nyalse. Sabenerna
mun urang daek mikir, tong jauh-jauh, toong we nu kaalaman ku urang jaman
keur budak tug nepi ka kiwari, bakal karasa ku sorangan. Yen kasempetan
sakola kiwari, jauh leuwih terbuka, kitu deui fasilitasna jauh leuwih hade.
Kaayaan jaman sakola uing baheula, kurang leuwih jiga nu digambarkeun ku
novel Laskar Pelangi. Kasang tukang sakola jaman harita, ampir prah jiga
kitu. Edun-na nu ngarangna bisaan, kaayaan jaman harita didongengkeun ka
jalma jaman kiwari, jadi carita nu luar biasa.

Kirim email ke