--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, mh <khs...@...> wrote:
>
> 2010/4/9 Remi <rsyaif...@...>
> 
>
> Buktina urang bedas mah gampang pisan noongna. Ti jaman karuhun, nepi ka
> sakitu generasi, tug nepi ka kiwari manusa Sunda masih keneh aya di kieuna,
> masih eksis, masih keneh hirup. Jaba riab deuih. Eta teh salah sahiji
> tandana yen urang bedas, liat, alias "die hard" lin? Hehehe.


He he he... enya lebah dinya mah! Lantaran turunan rendey, nyieun paimahan ge 
mani hese. Eksis... eksis na mah, ngan hanjakal eksis na masih (keneh) di sisi 
gawir. Kualitas hirup urang Sunda masih perlu dironjatkeun.

> 
> Perkara pulitik, sakola jeung sajabana, noongna perlu rada nyalse. Sabenerna
> mun urang daek mikir, tong jauh-jauh, toong we nu kaalaman ku urang jaman
> keur budak tug nepi ka kiwari, bakal karasa ku sorangan. Yen kasempetan
> sakola kiwari, jauh leuwih terbuka, kitu deui fasilitasna jauh leuwih hade.
> Kaayaan jaman sakola uing baheula, kurang leuwih jiga nu digambarkeun ku
> novel Laskar Pelangi. Kasang tukang sakola jaman harita, ampir prah jiga
> kitu. Edun-na nu ngarangna bisaan, kaayaan jaman harita didongengkeun ka
> jalma jaman kiwari, jadi carita nu luar biasa.
>

Asa kurang adil mun kuring nyawang kaayaan seler urang taya kamajuan. Kamajuan 
seler urang kaitung gede oge, ngan anu jadi kahanjakal teh... dina posisi 
strategis na masih melempem (keneh).

Di sektor publik, can katempo kakuatanana. Coba itung di kabinet, aya sabarah 
urang SUnda?

Di sektor swasta, nya kitu keneh. Aya sabaraha manajer Sunda anu moyan? Atawa 
anu boga usaha gede anu bisa ngagawekeun seler na sorangan?

Mangkahade, lain kuring ngajejeleh seler sorangan, tapi hayang nempo kaayaan 
sorangan sacara kritis. Saha nu nyaho aya dulur urang anu ngagurubug kasetrum 
kritik model kieu he he he....

Kirim email ke