abdi kakara terang aya sakola eropah di sumedang baheula na teh... aduuhh
hoyong ningali ka ayaan kota sumedang kapungkur kumaha nya?

2010/6/9 Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>

>
>
> Dina memoarna R.A.A Martanagara (kungsi diposting didieu), di Sumedang
> baheula di abad ka 19, ngadeg Sakola Eropa keur Wanoja anak-anak menak
> Priangan. Ceuk Martanagara ieu sakola munggaran keur awewe nu ngadeg di
> Priangan (boa di Indonesia?). Kapala sakolana Meneer Warnaar. Muridna 12
> urang anak awewe para bupati di Priangan (Iwal ti bupati Cianjur nu teu
> ngirimkeun anakna sabab masih cangcaya kulantaran guruna Non Muslim).
>
>
> Jigana salah saurang muridna R.A.A Lasminingrat, putra awewe Panghulu
> Muhammad Musa, istri Adipati Aria Wiratanudatar VII, bupati Garut jeung
> salah saaurang tokoh Wanoja Indonesia nu sabenerna mah bisa disajajarkeun
> jeung Ibu Dewi Sartika jeung R.A Kartini. Dina "Garutpedia" Lasminingrat
> dikirim ka Sumedang kulantaran aya walanda sobat ramana Levyssohn Norman nu
> cicing di Sumedang (engkena walanda ieu jadi sekertaris Gubernur Jendral di
> Hindia Walanda).
>
> R.A.A Lasminingrat wanoja nu maju pikiranana ngaleuwihan jamanna, malah
> sabenerna mah bisa disebutkeun anjeunna saleresna cikal bakal "gerakna"
> wanoja Indonesia teh sabab "kiprah" anjeunna jauh sateuacan RA Kartini atawa
> Dewi Sartika.
>
> Tapi anehna aran Lasminingrat ampir titeuleum kakara diguar ayeuna-ayeuna,
> oge perkara "SAKOLA EROPA" keur awewe di Sumedang sarua tara disebut-sebut.
> siga nu dipopohokeun atawa dihaja dipopohokeun. Kunaon nya? Pedah
> Lasminingrat putrana Moh Musa nu caket ka urang Walanda kitu? Kunaon deui
> sakola keur awewe di abad ka 19 teu disebut-sebut dina sajarah? Pedah sakola
> husus keur anak menak kitu jeung guruna urang Walanda?
>
> Duka, kuring mah teu ngarti, padahal ari perkara Walanda guruna mah, Bung
> Karno jeung Bung Hatta ge guruna Walanda, R.A. Kartini oge sobatna urang
> Walanda .....
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>



-- 
Aldo Desatura ® & ©
================
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

Kirim email ke