Aya pustaka eletronik Universitas Cornell, nu ngamuat ratusan buku lalakon
ngalalana urang bule ka lembur urang mangsa taun 1800-an. Tah tina buku-buku
eta bisa katoong kumaha kaayaan lembur urang harita. Toong di dieu:
http://dlxs.library.cornell.edu/s/sea/index.php

Jurusna pake kecap konci make ejaan heubeul.

Salah sahiji contona ieu gambarna geura:









2010/6/9 Aldo Desatura ™ <hanja...@gmail.com>

>
>
> abdi kakara terang aya sakola eropah di sumedang baheula na teh... aduuhh
> hoyong ningali ka ayaan kota sumedang kapungkur kumaha nya?
>
> 2010/6/9 Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>
>
>>
>>
>> Dina memoarna R.A.A Martanagara (kungsi diposting didieu), di Sumedang
>> baheula di abad ka 19, ngadeg Sakola Eropa keur Wanoja anak-anak menak
>> Priangan. Ceuk Martanagara ieu sakola munggaran keur awewe nu ngadeg di
>> Priangan (boa di Indonesia?). Kapala sakolana Meneer Warnaar. Muridna 12
>> urang anak awewe para bupati di Priangan (Iwal ti bupati Cianjur nu teu
>> ngirimkeun anakna sabab masih cangcaya kulantaran guruna Non Muslim).
>>
>>
>> Jigana salah saurang muridna R.A.A Lasminingrat, putra awewe Panghulu
>> Muhammad Musa, istri Adipati Aria Wiratanudatar VII, bupati Garut jeung
>> salah saaurang tokoh Wanoja Indonesia nu sabenerna mah bisa disajajarkeun
>> jeung Ibu Dewi Sartika jeung R.A Kartini. Dina "Garutpedia" Lasminingrat
>> dikirim ka Sumedang kulantaran aya walanda sobat ramana Levyssohn Norman nu
>> cicing di Sumedang (engkena walanda ieu jadi sekertaris Gubernur Jendral di
>> Hindia Walanda).
>>
>> R.A.A Lasminingrat wanoja nu maju pikiranana ngaleuwihan jamanna, malah
>> sabenerna mah bisa disebutkeun anjeunna saleresna cikal bakal "gerakna"
>> wanoja Indonesia teh sabab "kiprah" anjeunna jauh sateuacan RA Kartini atawa
>> Dewi Sartika.
>>
>> Tapi anehna aran Lasminingrat ampir titeuleum kakara diguar ayeuna-ayeuna,
>> oge perkara "SAKOLA EROPA" keur awewe di Sumedang sarua tara disebut-sebut.
>> siga nu dipopohokeun atawa dihaja dipopohokeun. Kunaon nya? Pedah
>> Lasminingrat putrana Moh Musa nu caket ka urang Walanda kitu? Kunaon deui
>> sakola keur awewe di abad ka 19 teu disebut-sebut dina sajarah? Pedah sakola
>> husus keur anak menak kitu jeung guruna urang Walanda?
>>
>> Duka, kuring mah teu ngarti, padahal ari perkara Walanda guruna mah, Bung
>> Karno jeung Bung Hatta ge guruna Walanda, R.A. Kartini oge sobatna urang
>> Walanda .....
>>
>> Baktos,
>> WALUYA
>>
>>
>
>
> --
> Aldo Desatura ® & ©
> ================
> Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
> Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata
>
>
>
>
> 

Kirim email ke